EPESUS 1

1Ti Paulus, rasul Al Masih kalawan kersaning Allah. Kahatur dulur-dulur saiman di Epesus anu saratia ka Isa Al Masih. 2Mugi dulur-dulur ginuluran rahmat katut karahayuan ti Allah, nya eta Rama urang, jeung ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 3Puji sukur ka Allah, - Rama Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang - Anu geus maparinan berkah rohani ti sawarga lantaran urang raket ka Al Masih. 4Ti samemeh alam dunya diciptakeun, Allah - dina katunggalana-Na jeung Al Masih - parantos mutuskeun ngangkat urang, supaya jadi umat-Na anu suci tur taya kuciwana di payuneuna-Na. 5Ku karana sih piwelas-Na, urang teh geus ditakdirkeun baris diangken jadi putra-putra-Na ku karana Isa Al Masih, saluyu jeung pangersa-Na anu agung. 6Sadaya puji kagungan Allah sabab kamulyaan sih kurnia-Na, nu geus dinugrahakeun ka urang. Eta teh, ku lantaran kamanunggalan urang jeung Anjeunna, Isa Al Masih, nya anu dipikaasih ku Allah tea. 7Nya dina kamanunggalan eta oge, - Ku jalan pupusna Al Masih - urang geus dibebaskeun, nya dosa urang teh dihampura; eta teh luyu sareng kajembaranana sih kurnia Allah, 8anu dipaparinkeun ka urang dina sagala rupa kawijaksanaan jeung pangarti. 9Mantenna nganyatakeun rasiah pangersa-Na ka urang teh, saluyu jeung maksad anu memang geus dikandung sajeroning panggalih, 10anu tanwande dilaksanakeun dina waktuna, nya eta ngabeungkeut sakuliah jagat ka salira Al Masih; saniskara anu aya di sawarga jeung di bumi baris disatunggalkeun ka Al Masih sabab Anjeunna teh, nya kapala tea. 11Nya dina kamanunggalan jeung Al Masih oge, simkuring sapara kanca — anu asal ti bani Israil — geus kapilih, ti mimitina, baris jadi ahli waris-Na. Kitu ditetepkeunana ku Allah, Anu kawasa ngalaksanakeun sagala pangersana-Na. 12Maksad-Na, supaya bani Israil anu pangheulana ngarep-ngarep ka Al Masih — ngajadi lantaran sangkan jalma-jalma ngamulyakeun ka Allah Nu Maha Agung. 13Dina kamanunggalan jeung Al Masih oge, Aranjeun teh percaya sanggeus meunang uaran anu sajatina hal pisalameteun aranjeun; dina kamanunggalan jeung Al Masih oge, Aranjeun teh, geus diterapan cap Ruh Allah sakumaha anu geus dijangjikeun. 14Ruh Allah teh, jadi pamanjer tina warisan urang, pamanjer tina kamerdikaan umat Allah anu sagemblengna. Hayu urang ngamulyakeun kaagungan Allah. 15Simkuring oge nguping, tina hal kapercayaan aranjeun ka Al Masih tur sakumaha mikanyaahna aranjeun ka sakabeh umat kagungan Allah. 16Ku hal eta, taya wiwilanganana, simkuring nya nganuhunkeun ka Mantenna; unggal-unggal neneda oge simkuring sok mangnedakeun aranjeun, 17supaya Allah, - Panutan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang - Rama Nu kagungan sagala puji, maparin pangarti jeung pituduh ka aranjeun sangkan leuwih ngarti kana pangersa-Na. 18Kitu deuih, aranjeun oge, sina dicaangkeun pikir malar bisa ngaharti kana wujudna anu jadi pangarep-arep sanggeus disaur ku Allah. Lian ti eta, supaya aranjeun oge ngarasa kumaha rosana sarta agungna sih kurnia-Na anu baris dipaparinkeun ka umat-Na; 19Satuluyna, kumaha rongkahna eta kakawasaan Mantenna anu barangdamel di kalangan urang anu percaya. 20Kakawasaana-Na teh, nya eta anu ku Mantenna dianggo ngagugahkeun Al Masih ti nu maraot sarta anu ngalinggihkeun Anjeunna di tengeneuna-Na di sawarga; 21Anjeunna teh dipunjulkeun ti sakabeh raja, parapangawasa, gegeden-gegeden, jeung pamarentah-pamarentah; Anjeunna oge ngungkulan sakabeh jeneng, boh nu aya di jaman kiwari, boh engke ka hareup. 22Al Masih ku Allah diserenan sagala-galana, dijungjung pangluhurna, sarta dipaparinkeun ka jamaah sangkan jadi Gustining saniskara. 23Ku sabab eta, jamaah teh jadi wujudna salira Al Masih, jadi sampurnaning kamulyaan Anjeunna anu minuhan satungkebing alam.

will be added

X\