KOLOSA 2

1Perlu ku simkuring diterangkeun, yen kacida hese-belekena usaha pikeun dulur-dulur teh; kitu deui, usaha pikeun urang Laodikea jeung anu sejen-sejenna anu tacan kungsi patepung jonghok jeung simkuring. 2Nu dipalar ku simkuring teh, supaya maranehna taleger jeung tetep satunggal silih pikanyaah tur sugih ku pangarti, rebo ku kanyaho tina hal rasiahna kasalametan ti Allah, tegesna Al Masih tea. 3Sabab nya Anjeunna, anu jadi sumber kawijaksanaan jeung pangaweruh anu sajati teh. 4Simkuring nerangkeun teh, supaya dulur-dulur ulah katipu ku omong pangoloan. 5Simkuring gede hate ningal dulur-dulur pengkuh nya iman ka Al Masih. Sabab paanggang soteh, sacara lahir; mungguhing batin mah, simkuring teh, teu weleh deukeut jeung aranjeun teh. 6Ku dulur-dulur geus diaku yen Al Masih teh Panutan. Heug hirup teh sing sapuk sareng pangersa Anjeunna. 7Masing ngakar sarta pageuh nya muntang ka Anjeunna, dibarung ku hate anu leber ku panarima. 8Kahade, ulah kabengbat ku elmu anu kosong-molongpong tur matak sasab, nya anu ngakarna lain ka Al Masih tea; tapi kana elmu titinggal karuhun jeung pangaruh kakuatan alam anu gaib. 9Padahal sajatining kamulyaan Allah teh, nya di salira Al Masih ngajirimna; 10ku lantaran iman ka Anjeunna dulur-dulur bisa kawaris hirup anu sajati teh. Anjeunna ngungkulan sakabeh kakuatan jeung sakabeh pangawasa lianna anu aya di satangkaraking jagat. 11Nu manunggal jeung Anjeunna teh, geus narima sunat. Lain sunat nu ilahar nu ngeunaan badan jasmani, tapi sunat ti Al Masih, nya eta sunat anu ngalantarankeun aranjeun leupas tina pangaruh napsu diri anu jahat. 12Ku jalan narima baptisan, dulur-dulur teh geus milu dimakamkeun bareng jeung Anjeunna. Nya kitu deui, aranjeun oge baris diharudangkeun sarta hirup bareng jeung Anjeunna; lantaran aranjeun, percaya kana kakawasaan Allah anu parantos ngagugahkeun Anjeunna tea. 13Bareto, lantaran hirup sasar, nuturkeun adat jelema-jelema anu teu palercaya ka Allah. Dulur-dulur teh, sasatna mah, geus paeh. Tapi ayeuna, aranjeun, ku Allah geus dihirupkeun deui bareng jeung Al Masih. Dosa-dosa urang kabeh geus dihampura. 14Hutang urang teh, — anu sarat-saratna pohara matak rugi tur kacida ngabeuratkeunana — surat perjangjianana, geus dicoret. Malah geus dimusnakeun, dipaku dina salib. 15Al Masih teh geus unggul, ngelehkeun sakumna pamarentahan katut pangawasa si jahat. Nya harita dina salib, maranehna, ku Anjeunna dijadikeun tongtonan balarea tandaning kaunggulan Anjeunna. 16Ku sabab eta, tong sieun dicawad tina perkara kadaharan jeung inuman, tina pasal pesta-pesta taunan, atawa mestakeun mimiti tembongna bulan atawa poe Sabat. 17Eta kabeh, ukur kalangkangna nu baris datang engke; da ari anu sajatina mah, nya Al Masih. 18Oge ulah beunang kagebrag ku jelema-jelema anu sok pura-pura ngalaip-laip dirina, anu nyarembahna ka malaikat-malaikat, umangkeuh kaseundeuhan tetenjoan nu garaib, sarta ngagul-ngagul hasil pamikirna sorangan bari jeung teu puguh sabab-musababna. 19Ari ka Al Masih, anu jadi Kapala, geus tara nolih. Al Masih teh, kapan saibarat sirah, nya anu ngatur sakujur awak tea; nu matak awak teh jadi weweg, ngahiji, lantaran katunjang ku tulang-tulang sandi jeung kasimpay ku urat, supaya dina kamekaranana tumuwuh tumut kana pangersa Allah. 20Dulur-dulur teh, kapan sasatna mah geus paeh babarengan jeung Al Masih sarta geus leupas tina pangaruh roh-roh anu ngawasaan alam. Naha atuh masih keneh taluk kana rupa-rupa cegahan hukum Toret, kayaning: 21Teu meunang nyabak anu, teu meunang ngadahar anu, atawa ulah paantel jeung anu! 22Eta mah, kabeh oge, ngan ukur ngeunaan barang anu keuna ku beak wungkul. Ukur nurut kana parentah jeung pangajaran manusa. 23Sanajan dibarung ku nyembah ka malaikat, nganista-nista diri jeung ngisat awak oge, supaya katembongna enya-enya ngajalankeun ibadah; da taya gunana pisan atuh. Malah anggur matak ngangsonan napsu anu matak doraka bae.

will be added

X\