KOLOSA 1

1Ti Paulus, rasul-Na Isa Al Masih kalayan pangersa Allah, jeung ti Timoteus dulur urang. 2Kahatur anggota-anggota jamaah Allah di Kolosa, nya eta dulur-dulur anu saratia ka Al Masih. Mugi marendak sih kurnia katut karahayuan ti Allah Nu jadi Rama urang. 3Saban-saban mangnedakeun dulur-dulur, simkuring teu weleh muji sukur ka Allah, Rama Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 4Lantaran simkuring nguping, yen dulur-dulur teh ariman ka Al Masih tur mikaheman ka umat kagungan Allah, 5anu dumasar dina pangharepan kana hal anu geus disayagikeun pikeun aranjeun di sawarga. Ayana eta pangharepan teh, ku dulur- dulur geus kakuping ti beh ditu keneh, tina hal pangandika anu sajati, nya eta Injil anu geus ditepikeun ka dulur-dulur tea. 6Eta Injil geus sumebar ka sakuliah dunya sarta geus mimiti katingal buah-buahna sarta kamekaranana. Ti barang dulur-dulur nguping sarta sanggeus enya-enya tarerang kana sih kurnia Allah anu sajati tea, buah-buahna sarta kamekaranana teh oge katingal. 7Nu geus ngawulang ka dulur-dulur teh saderek Epapras, papada kaula anu dipikameumeut, abdi Al Masih anu satia pikeun dulur-dulur. 8Nya ti anjeunna, simkuring terang kana kanyaah dulur-dulur teh, nya eta kanyaah anu asal ti Ruh tea. 9Eta sababna, ti barang nguping kitu, teu petot-petot simkuring nya mangnedakeun sarta nyuhunkeun malar dulur-dulur dipaparin lantip pikir caang batin; maksudna, supaya dulur-dulur terang kana pangersa Allah, hirup sapuk jeung pangersa-Na, sarta tumut kana parentah-Na. 10Sabab upama kitu, sagala usaha dulur-dulur teh, — boh dina widang naon bae — baris hade tur loba hasilna sarta baris wuwuh terang ka Allah. 11Dipangnedakeun deuih, mugi ku kawasa Allah anu agung, dulur-dulur bisa tagen dina rupa-rupa cocoba kalawan sabar tawekal. 12Lian ti eta, dulur-dulur oge, iasa maruji sukur ka Rama bari jeung bungah; rehna, Mantenna kersa maparin jalan supaya aranjeun layak meunang warisan anu geus dihancengkeun pikeun umat Allah di alam caang. 13Urang teh, ku Mantenna, geus direbut tina pangaruh kawasa alam poek; dicandak ka jero karajaan Putra-Na nu kaasih. 14Nya Anjeunna anu jadi panebus sarta anu nanggel dosa-dosa urang. 15Al Masih teh, sanyataning gambaran Allah anu sipat gaib, anu dijungjung ngungkulan sakabeh ciciptan. 16Sabab sakabeh nu aya teh, nya ku Anjeunna dijadikeunana: Boh nu di langit atawa nu di bumi; boh nu nyata atawa nu sipat gaib; boh pangaruh-pangaruh atawa pangawasa anu sipat roh jeung raja-raja, atawa parapangawasa di satungkebing alam. Kabeh dijadikeunana teh ku Anjeunna sarta pikeun Anjeunna oge. 17Anjeunna anu pangpunjulna sarta sakabeh anu aya teh nya ku lantaran Anjeunna. 18Nya Anjeunna anu jadi kapala jamaah, lir sirahna awak. Anjeunna anu jadi huluwotan jamaah, nu pangheulana gugah ti alam maot. Eta sababna, Anjeunna dina sagala perkara jadi pangpunjulna. 19Sabab Allah ku Manten anu kersa ngancik di salira-Na; 20tuluy Salira-Na, ku Allah, didamel jalan pikeun ngadatangkeun karapihan antara Mantenna jeung sakur anu kumelip, boh nu di sawarga, boh nu di bumi. Ku jalan ngucurkeun getih-Na, dugi ka pupus, dina kayu salib. 21Dulur-dulur oge, tadina mah, hirup teh jauh ti Allah; malah mah ngamusuh pisan, sakumaha bukti tina kalakuan aranjeun anu doraka. 22Tapi ayeuna, aranjeun, ku Mantenna geus dicandak rapih deui; sabab geus ditebus ku Al Masih anu geus toh pati jiwa raga, malar dulur-dulur jadi suci, taya cacad kuciwana di payuneun Allah. 23Ku sabab eta, masing pangger muntang kana kapercayaan jeung ulah leupas tina pangharepan anu diajarkeun ku Injil tea. Eta Injil teh geus sumebar ka sagala mahluk di kolong langit sarta simkuring, Paulus, geus dijadikeun abdi-Na. 24Ayeuna simkuring teh bungah, dumeh geus diparengkeun nandangan sangsara enggoning ngabelaan aranjeun. Sabab hal eta teh, pikeun nyumponan naon anu jadi kakurangan dina kasangsaraan Al Masih, nya eta jamaah, salira-Na tea. 25Kawajiban simkuring, nya kudu ngabdi ka jamaah. Ieu teh luyu jeung tugas anu geus dipaparinkeun Allah ka simkuring, nya eta pikeun ngawawarkeun pangandika-Na kalawan sagemblengna ka aranjeun. 26Eta pangandika-Na anu geus mangabad-abad dirasiahkeun ka umat manusa teh, ayeuna, ku Mantenna geus ditembrakkeun ka umat-Na. 27Mantenna seja mintonkeun, kumaha jembarna tur agungna eusi eta anu dirasiahkeun teh; nya anu kiwari geus kagurnitakeun ka sagala bangsa. Eusina eta rasiah teh, nya eta: Al Masih teh geus ngancik di diri aranjeun; Anjeunna anu jadi harepan aranjeun pikeun ngawaris kamulyaan anu langgeng. 28Nya Al Masih eta pisan anu ku simkuring dimashurkeun teh, ku jalan mepelingan jeung ngawurukan saban jalma kalawan taya anu kaliwat. Maksudna, supaya hirup maranehanana jadi sampurna lantaran iman ka Al Masih. 29Eta anu ku simkuring keur diusahakeun jeung ditarekahan teh, kalayan pitulung Anjeunna keneh anu kawasa maparin kakuatan ka simkuring.

will be added

X\