CARIOS PADAMELAN 9

1Sajeroning kitu, Saulus beuki ngentab bae hatena; manehna hayang ngabasmi murid-murid Gusti Jungjunan urang, nepi ka musna. 2Manehna geus meunang surat kawasa ti Imam Agung pikeun tembongkeuneun ka Majelis-majelis Yahudi, eusina: Idin newakan jelema-jelema anu ngalakonan Jalan Lempeng Jungjunan urang, saha bae boh lalaki, boh awewe kudu digusur ka Yerusalem. 3Waktu keur ngajugjug kota Damsik, barang manehna geus rek nepi, dumadakan manehna katojo ku cahaya anu moncorong ti langit. 4Blug bae, manehna ngagebut kana taneuh; terus aya soara anu nyebut ngaranna, “Saulus, Saulus! Kaniaya temen maneh ka Kami!” 5Saulus nyoara, “Saha eta anu sasauran teh?” Soara, “Kami Isa, anu dikaniaya ku maneh tea. 6Geura hudang, tuluykeun asup ka jero kota teh, engke ku Kami dituduhan kudu kumaha nya pilampaheun maneh teh.” 7Babaturanana mah bati tingpolongo bae, da ku maranehna oge kadarenge soara teh tapi jirimna mah teu aya. 8Korejat, Saulus hudang, terus nangtung. Barang beunta bet manehna teu bisa nenjo naon-naon; atuh kapaksa, manehna kudu ditungtun ku babaturanana ka jero kota Damsik teh. 9Meunang tilu poe manehna teu bisa nenjona teh, nya bari henteu kararaban cai-cai acan. 10Di Damsik teh aya hiji murid Gusti Jungjunan urang, ngaranna Ananias. Ditimbalan ku Gusti Jungjunan urang, dina tetenjoan, dawuhana-Na, “Ananias!” Ananias ngawangsul, “Nun, ieu abdi!” 11Dawuhana-Na deui, “Ka ditu leumpang ka imah Yudas di Jalan Lempeng, tanyakeun jelema anu ngaran Saulus urang Tarsus, ayeuna manehna keur neneda. 12Ku Kami geus dibere tetenjoan yen bakal kadatangan jeung ditumpangan leungeun ku nu ngaran Ananias anu ngalantarankeun panonna baris awas deui bisa nenjo cara sasari.” 13Wangsul Ananias, “Gusti Jungjunan simabdi, eta jalmi teh seueur pisan kawartoskeunana yen kalintang jahatna ka umat suci, kagungan Anjeun di Yerusalem. 14Dongkapna ka dieu oge nganggo surat kawasa ti imam-imam kapala, bade newakan sugri anu sumambat ka pajenengan Gusti Jungjunan simabdi.” 15Tapi saur Gusti Jungjunan urang, “Jung bae teang; sabab ku Kami geus dijadikeun pangbantu pikeun ngemban ngaran Kami ka bangsa-bangsa sejen katut raja-rajana jeung ka bani Israil. 16Memang, Kami pribadi seja mere nyaho ka manehna yen manehna baris nandangan sangsara anu pohara lantaran ngemban ngaran Kami.” 17Bral Ananias indit, sup ka imah Yudas; tuluy anjeunna numpangkeun leungeun ka Saulus bari nyarita kieu, “Saderek Saulus, simkuring teh dipiwarang nepangan ku Gusti Jungjunan simkuring, nya eta Isa, — anu nembongan ka saderek di tengah jalan tea — supaya saderek tiasa deui ningal sareng ginanjar Ruh Allah.” 18Sapada harita keneh, lir aya lamad anu coplok tina panonna; jadi, manehna bisa deui nenjo; tuluy manehna nangtung geus kitu terus dibaptis. 19Di Damsik, Saulus nganjrek sababaraha lila reureujeungan jeung murid-murid. 20Malah geus mimiti medarkeun hal Isa di tempat-tempat ibadah; anjeunna nerangkeun yen Isa teh Putra Allah. 21Atuh anu ngadarengena teh hareraneun pisan, aromongna, “Eta teh lain anu jahat kabina-bina tea ka urang Yerusalem anu marupunjung ngaran Isa? Ka dieuna teh lain ngahaja rek nyangkalak anu karitu serenkeuneun ka imam-imam kapala?” 22Tapi pangaruh Saulus teh, beuki tambah-tambah bae. Anjeunna ngahariwangkeun urang Yahudi anu di Damsik lantaran teu asa-asa ngayakinkeun yen Isa teh Al Masih. 23Teu lila ti harita, urang Yahudi sakait rek maehan Saulus. 24Tapi maksud jahat maranehna, kanyahoan manten terus dibejakeun ka Saulus. Anu ngararahna, nya eta pikeun maehan anjeunna, beurang peuting megat Saulus ku jalan ngajaraga lawang kuta. 25Tapi dina hiji peuting, Saulus bisa diloloskeun ku murid- murid, nya eta ku jalan diulur dina karanjang tina tembok kuta. 26Sanggeus aya di Yerusalem, Saulus nyampeurkeun ka murid- murid. Tapi maranehna sarieuneun, teu ngandel yen manehna geus jadi murid Gusti Jungjunan urang. 27Tapi Barnabas mah, daekeun narima anjeunna. Tuluy anjeunna dibawa ka rasul-rasul, bari diunjukkeun lalakonna ningal Gusti Jungjunan urang, keur waktu di tengah jalan tur ngadenge gentra-Na. Oge diunjukkeun wawanenna, basa di Damsik, teuneung ludeung biantara ngemban pajenengan Isa. 28Saterusna, Saulus jeung aranjeunna ngider ka sakuliah Yerusalem. Anjeunna teu inggis-inggis, biantara ngemban pajenengan Gusti Jungjunan urang. 29Jaba ti kitu, anjeunna oge tara inggis-inggis sual jawab jeung urang Yahudi anu ngagunakeun basa Yunani, nepi ka diarah- arah patina. 30Barang kanyahoan yen anjeunna keur diarah-arah, ku anggota- anggota jamaah disilibkeun ka Kesarea; ti dinya, terus anjeunna teh, dicandak ka Tarsus. 31Ti semet harita, pikeun sawatara lilana, jamaah-jamaah di sakuliah Yudea, Galilea, jeung Samaria bisa nyeunghap aya dina katengtreman. Jamaah teh, ngadeg jeung hirupna aya dina rasa wedi asih ka anu jadi Gustina. Bilanganana oge beuki jembar bae ku lantaran pangdeudeul jeung panglilipurna Ruh Allah. 32Sajeroning kitu, Petrus angkat ngider ka daerah-daerah sarta nyimpang ka murid-murid Gusti Jungjunan urang, nu matuh di Lida. 33Di dinya, anjeunna mendakan hiji jelema anu lumpuh geus dalapan taun ngagoler bae di enggon, ngaranna Eneas. 34Saur Petrus ka Eneas, “Eneas, anjeun tangtu cageur ku pitulung Isa Al Masih. Geura hudang, enggonna benahan.” Sapada harita keneh, Eneas ngorejat hudang. 35Urang Lida jeung urang Saron barang nyaho Eneas cageur, tuluy bae aranut ka Gusti Jungjunan urang. 36Kacatur, di Yopa aya hiji murid wanita ngaranna Tabita, ari dina basa Yunani mah, ngaran Dorkas (hartina: Uncal); wanita ieu teh, resep kana tutulung resep mere sidekah. 37Brek bae, Tabita teh gering malah nepi ka hanteuna. Meunang ngamandian, mayitna, dipernahkeun di loteng. 38Ku sabab Yopa teu jauh ti Lida, murid-murid tarerangeun yen Petrus keur aya di Lida. Tuluy murid-murid teh nitahan duaan ngangkir anjeunna, supaya enggal-enggal sumping ka Yopa. 39Sanggeus tarapti, bral Petrus angkat gagancangan bareng jeung nu ngangkir. Sanggeus sumping, Petrus terus ka kamar mayit; anjeunna dituturkeun ku randa-randa anu bari tingsalegruk ngunjukkeun rupa-rupa pakean beunang nyieun marhumah Dorkas. 40Tapi ku anjeunna, dipiwarang kalaluar. Geus kitu, brek anjeunna sideku, ngadu'a. Saterusna, anjeunna mayun ka lebah mayit bari saurna, “Tabita, geura hudang!” Nyah mayit teh beunta; waktu panonna ngagiler ka Petrus, eta wanita, tuluy cengkat nyanghunjar. 41Ku Petrus dituyun leungeunna dibantuan nangtung. Geus kitu umat-umat suci jeung randa-randa teh disalaur, sina narepungan ka Tabita anu geus hirup deui. 42Eta kajadian terus sumebar ka sakuliah Yopa, ngalantarankeun loba pisan anu tuluy aranut percaya ka Gusti Jungjunan urang. 43Meunang sababaraha poe Petrus nganjrek heula di Yopa, di imah ki Simon tukang ngawidang kulit.

will be added

X\