CARIOS PADAMELAN 8

1Ari Saulus, dina hatena, pohara panujuna Stepanus dipaehan teh. (8-1b) Ti semet harita, jamaah di Yerusalem teh nandangan panganiayaan anu pohara hebatna. Anggota-anggotana, iwal ti rasul-rasul mah, jadi pabalencar ka wilayah-wilayah Yudea jeung Samaria. 2Layon Stepanus dipulasara ku anu saraleh kalawan hate anu pohara nalangsana. 3Ari Saulus, terus bae nguwak-ngawik boga niat numpes jamaah; awewe lalaki, ku manehna, disaksrak ka saban imah terus diseredan diasup-asupkeun ka pangbuian. 4Ari anggota-anggota anu geus mencar tea mah, ngasruk ka ditu ka dieu ngawawarkeun Injil. 5Aya hiji kota di Samaria anu didatangan ku Pilipus; terus anjeunna oge, ngawanohkeun Al Masih ka urang dinya teh. 6Urang dinya saregep pisan ngabandungan; pituturna anu diwuwuh ku ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat ditarima kalawan hate anu buleud. 7Karana loba jelema-jelema anu diraksuk ku roh-roh jahat, dicageurkeun; roh-roh jahatna, nyalingkir bari tingjarerit; nu lalumpuh jeung nu dareog oge, dicalageurkeun; 8pohara matak bungahna ka urang dinya. 9Di dinya aya hiji jelema ngaranna Simon, anu ngakukeun jalma pinunjul pedah bisa nyieun sihir anu matak bengong; manehna jadi tukang sihir teh geus lila. 10Urang dinya, ti nu pangluhurna nepi ka nu panghandapna, kacida mupunjungna; nyarebutna oge: “Jelema anu kasinungan ku kaagungan kakawasaan Allah.” 11Geus lila pisan maranehna keuna ku pangaruh eta jelema teh, nya eta lantaran ku sihirna tea. 12Tapi sanggeus ku Pilipus diwawaran Injil Al Masih nepi ka palercayana; maranehna, awewe lalaki kabeh dibaptis. 13Simon oge percaya sarta sanggeus dibaptis manehna jadi embung pisah ti Pilipus. Nenjo kaahengan-kaahengan jeung mujijat-mujijat teh, manehna bati heran bae. 14Beja yen tanah Samaria geus narima kana pangandika Allah geus nepi ka rasul-rasul di Yerusalem; tuluy Petrus jeung Yahya diutus ka ditu. 15Sasumpingna, aranjeunna neneda, nyuhunkeun supaya urang dinya pada-pada ginanjar Ruh Allah. 16Sabab harita mah, Ruh Allah acan turun ka saurang-urang acan di Samaria teh. Maranehna kakara dibaptis ku pajenengan Isa bae. 17Sabada ku anu duaan ditarumpangan panangan, kakara maranehna ginanjar Ruh Allah. 18Barang katenjo ku Simon yen Ruh Allah bisa katarima ku jalan numpangkeun leungeun; seug bae, manehna teh ngahaturan duit ka rasul-rasul, 19bari pokna, “Abdi oge hoyong gaduh kabisa kitu, tiasa nurunkeun Ruh Allah ka saha bae anu ku abdi ditumpangan leungeun.” 20Tapi saur Petrus, “La'nat eta duit teh, kitu deui anjeun! Naha panyangka anjeun kurnia Allah teh beunang dibeuli ku duit? 21Pamohalan anjeun meunang bagian atawa hak dina ieu perkara, sabab bengkok sembah enggoning ibadah ka Allah. 22Leuwih hade anjeun buru-buru tobat, ulah tonggoy dina kajahatan. Buru-buru anjeun sasambat ka Pangeran, malah mandar eta pikiran anu sakitu gorengna teh dihampura ku Anjeunna. 23Sabab kaimplengna anjeun teh badis hamperu, pait ku dengki jeung kajiret ku dosa pasirikan!” 24Simon terus tomada pokna, “Nyuhunkeun dipangnedakeun bae ka Pangeran, mugi-mugi diri abdi ulah cios katarajang nasib anu bieu disaurkeun ku bapa.” 25Sanggeus maparin panyaksen jeung ngawurukkeun pangandika Allah, Petrus jeung Yahya marulih deui ka Yerusalem bari sajajalan ngawawarkeun Injil di kampung-kampung wilayah Samaria. 26Kakocapkeun, Pilipus didawuhan ku malaikat Pangeran, saurna, “Geura leumpang ngajugjug ka kidul, make jalan anu mudun ti Yerusalem ka Gasa, anu tiiseun tea.” Pilipus tumut, bral miang. 27Harita, aya hiji mantri jero urang Etiopi, nya eta ponggawa anu ngurus harta kakayaan ratu Sri Kandasi, ratu nagara Etiopi; anjeunna teh tas ti Yerusalem ngalakonan ibadah. 28Ayeuna, anjeunna teh eukeur di jalan seja mulih, tunggang kareta bari ngaos kitab Nabi Yesaya. 29Saur Ruh ka Pilipus, “Tuh sampeurkeun, deukeutan karetana!” 30Sanggeus disampeurkeun, ku Pilipus kakuping, anjeunna keur ngaos kitab Nabi Yesaya tea; tuluy bae ku Pilipus teh ditaros, “Kumaha kahartos nu diaos teh?” 31Waler mantri jero bari ngajak Pilipus unggah kana kareta, “Bade ngartos kumaha margi teu aya anu nerangkeun.” 32Ayat anu diaosna teh kieu: ‘Lir domba anu ditungtun ka pameuncitan, jeg anak domba diguntingan buluna teu kecet-kecet: Anjeunna mindel, sakecap teu kedal saur. 33Sajeroning nandangan panghina, Anjeunna ditibanan hukuman. Saha anu seja ngaguar asal-usul-Na? Nyawana lastari dicabut ti dunya.’ 34Saur mantri jero, “Anu bade ditaroskeun teh eta anu dimaksad ku nabi tea: Saha? Salirana ku anjeun atanapi anu lian?” 35Barabat ku Pilipus diterangkeun nepi ka Injil Isa, mimiti ti ayat anu bieu tea. 36Sabot kitu, aranjeunna nepi ka hiji tempat di sisi cai. Saur mantri jero, “Kaleresan, eta aya cai. Kumaha moal aya kaabotan upami simkuring dibaptis?” 37Pilipus, “Atuh mangga upami leres-leres percanten mah.” Walerna, “Kantenan, percanten pisan: Isa teh Putra Allah.” 38Reg karetana dieureunkeun, crub duanana, nya eta Pilipus jeung anjeunna ancrub ka cai; tuluy anjeunna dibaptis ku Pilipus. 39Pilipus mah, barang hanjat ti cai, teu katingal deui ku mantri jero lantaran digaibkeun ku Ruh Pangeran. Ti dinya, mantri jero, terus ngalajengkeun perjalanan bari pinuh ku kabingahan. 40Ari Pilipus terang-terang geus aya di daerah Asdod, terus kebat lalampahanana bari ngawawarkeun Injil sapanjang jalan nepi ka nagara Kesarea.

will be added

X\