CARIOS PADAMELAN 7

1Panghulu Agung mariksa, “Enya kitu, eta dakwaan teh?” 2Stepanus ngawalon, “Saderek-saderek sareng bapa-bapa sadaya, darangukeun. Allah, anu Maha Mulya, ngebrehkeun salira ka Ibrahim, rama karuhun urang, di Mesopotami; samemeh anjeunna ngalih ka tanah Haran. 3Kieu timbalana-Na: “Geura incah ti lemah cai lembur kiwari, tinggalkeun babarayaan. Teang hiji nagri, anu baris dituduhkeun ku Kami.” 4Ibrahim jengkar ngantunkeun tanah urang Kasdim, teras mukim di tanah Haran. Saparantos ramana pupus, ku Allah ditimbalan ka dieu, nya ka tempat pamatuhan aranjeun ayeuna. 5Nanging anjeunna henteu dipasihan tanah sacangkewok-cangkewok acan, mung dijangjian wungkul, yen ieu tanah tanwande jadi milik anjeunna sareng turunanana. Padahal harita anjeunna teu acan kagungan putra. 6Kieu dawuhan Allah teh, nya eta: Turunan anjeunna baris nyiruruk di tanah deungeun, dibudakkeun, sareng dikakaya ku eta bangsa salami opat ratus taun. 7Tapi bangsa anu nganiayana, moal henteu dihukum ku Kami; saterusna, maranehna bakal budal ti pangumbaraan baris babakti ka Kami di ieu tempat. 8Ibrahim, ku Allah, dipaparin sarat sunat. Kitu nu mawi saparantos anjeunna puputra Isak, putrana oge dina yuswa dalapan dinten disepitan. Isak puputra Yakub, Yakub puputra dua belas urang, anu jadi luluhur urang sadaya. 9Luluhur-luluhur urang sirik dengki ka Yusup, raina. Yusup dijual ka Mesir, nanging Yusup diaping ku Allah. 10Ahirna, Yusup dikersakeun leupas tina kabalangsakan tur mendak kurnia sareng dikersakeun pinter wijaksana di payuneun Piraon raja Mesir. Ku Piraon dijenengkeun raja anom, ngurus nagri Mesir sareng saeusi karaton. 11Salajengna, timbul bahla kalaparan di sakuliah Mesir sareng tanah Kanaan, anu tigeratna, nepi luluhur karuhun urang teu mendak pisan bahan tedaeun. 12Aya wartos ka Yakub yen di Mesir aya gandum; lajeng Yakub ngajurung karuhun urang ka ditu; eta teh, iangan anu ngawitan. 13Dina iangan kadua kalina, aranjeunna ditepangan ku Yusup anu ngenalkeun anjeun, dugi ka Piraon uningaeun kana asal-usul Yusup. 14Yusup ngangkir Yakub, ramana, ka Mesir katut wargi-wargina; sadayana aya tujuh puluh lima jalmi. 15Yakub jengkar sareng matuh di Mesir. Anjeunna, kitu deui karuhun-karuhun urang, parupusna di Mesir. 16Nanging dikurebkeunana mah di tanah Sekem, di hiji pajaratan kenging ngagaleuh Ibrahim ti anak ki Hemor urang Sekem. 17Beuki caket kana laksanana jangji Allah ka Ibrahim tea, bangsa urang di Mesirna wuwuh jembar; 18tug, dugi ka jumenengna raja Mesir anu anyar, anu sama sakali henteu uningaeun ka Yusup. 19Eta raja, ngatur tipu daya pikeun ngagencet bangsa urang. Karuhun urang diteungteuinganan, orok-orok bangsa urang diparentah kedah dipiceun, supados bangsa urang ulah ngarekahan. 20Nya dina jaman eta, Musa dibabarkeun; kasepna teh kabina-bina. Dirorokna di bumi ibu ramana teh mung kenging tilu sasih, teras bae dipiceun. 21Saparantos dipiceun, Musa, dipulung ku putri Piraon, tuluy diasuh sareng diasih lir ka putra ku anjeun. 22Ku putri, Musa, dipiwarang dididik sareng diwulang elmu panemu urang Mesir, nepi ka perceka, pinter nyarita, sarta ageung pangaruhna. 23Musa, dina yuswa opat puluh taun, jorojoy kahoyongna maluruh kaayaan dulur-dulur sabangsana, bangsa Israil. 24Hiji waktos, anjeunna ningali urang Israil anu dipahala ku urang Mesir, enggal dibelaan, ku jalan urang Mesirna dipaehan. 25Dina panggalihna, tangtos dulur-dulur sabangsa teh baris ngartos yen anjeunna dikersakeun ku Allah pikeun nyalametkeun bangsana; nanging panggalihna mencog. 26Enjingna deui, anjeunna ningali urang Israil duaan garelut, enggal disapih saurna, ‘Dulur-dulur, ku naon garelut silih pahala pada bangsa?’ 27Nanging ku anu saurang, nya eta anu lepat tea, Musa disuntrungkeun bari sanggemna: 28‘Na saha anu ngangkat anjeun jadi kapala jeung hakim urang! Rek maehan deuih, ka kuring, cara kamari maehan urang Mesir?’ 29Kenging walonan kitu Musa enggal kabur, nyiruruk di tanah Midian. Di dinyana puputra dua, lalaki sadayana. 30Heuleut opat puluh taun, anjeunna ningali malaikat nembongan di Gunung Sinai, di tegal keusik, dina seuneu hurung anu ngagedur dina rungkun cucuk. 31Atuh kalintang heraneunana. Lajeng nyaketan hoyong nyidikkeun, nanging aya gentra Pangeran, dawuhana-Na: 32‘Kami teh Allah nu disembah ku karuhun maneh, nya eta Allah nu disembah ku Ibrahim, Isak, jeung Yakub.’ Musa dugi ka ngadegdeg sareng teu wantuneun ningali. 33Allah nimbalan deui, ‘Laan tarumpah maneh sabab tempat anu ditincak ku maneh teh, suci. 34Kami nyaho pisan yen kaayaan umat Kami di Mesir teh balangsak; Kami ge, geus ngadenge rarumahuhna. Ayeuna Kami turun rek ngaleupaskeun. Ku sabab eta, hiap, maneh rek diutus ka Mesir.’ 35Musa, anu ku jelema kantos ditolak ku omongan, ‘Na saha anu ngangkat anjeun jadi pamingpin jeung hakim teh?’ Nanging ku Allah, anjeunna anu diutus jadi pamingpin jeung anu ngaleupaskeun bani Israil; kalayan pitulung malaikat anu tembong tina rungkun cucuk tea. 36Nya anjeunna anu mingpin budalna urang Israil, ku jalan ngayakeun tanda-tanda sareng kaahengan-kaahengan di Mesir, di Laut Kolsum, sareng di tegal keusik salami opat puluh taun. 37Nya anjeunna oge, anu ngalahir yen, ‘Maraneh ku Gusti Allah bakal dibere hiji nabi anu saperti kami, asal ti maraneh keneh.’ 38Nya anjeunna keneh, anu sasauran dina pajemuhan di tegal keusik, jadi perantara antawis karuhun urang sareng malaikat anu ngalahir di Gunung Sinai tea. Nya anjeunna anu ngemban dawuhan-dawuhan, pangandika anu hurip nu baris ditepikeun ka aranjeun. 39Nanging ku karuhun urang henteu diturut, anjeunna ditolak; karuhun urang anggur malik tibelat ka Mesir. 40Salajengna, maranehna meredih ka Harun, ‘Cik pangdamelkeun arca-arca aallahan pikeun lulugu urang; margi Musa, anu ngabudalkeun urang ti Mesir teu sumping-sumping, duka katarajang naon.’ 41Nya lajeng maranehna ngadamel hiji arca anak sapi tea; teras si berhala bubuatanana sorangan teh, disasajenan sareng dipuja-puja. 42Kitu nu mawi, lajeng ku Allah ditilar, diantep sina nyarembah ka dangiang-dangiang, cocog sareng anu kaserat dina kitab nabi-nabi: ‘Na osok maraneh, sajero opat puluh taun di gurun alas mere pangbakti atawa kurban peuncitan ka Kami, eh, bani Israil? 43Tara! Maraneh anggur mamawa tempat si Molok jeung bebentangan dewa Repan! Sesembahan maraneh arca. Ku sabab eta maraneh ku Kami baris dibuang ka beh ditueun tanah Babul.’ 44Di karuhun urang, di gurun alas, aya Kemah Suci anu dipidamelna numutkeun pituduh Allah ka Musa. 45Nalika ngarebut ieu tanah, ti bangsa lian anu diusir ku Allah ti hareupeun karuhun, dina pingpinan Yosua; eta Kemah teh ngiring dibantun ka ieu tanah, tug dumugi ka jaman Daud. 46Daud, anu ginuluran rahmat kurnia Allah, mundut diwidian ngadegkeun wangunan kanggo panglinggihan Allah nu disembah ku Yakub. 47Nanging Sulaeman, anu kalaksanakeun ngadegkeunana mah. 48Nanging Anu Maha Agung mah tangtos moal linggih di tempat kenging nyieun jalmi, sakumaha saur nabi: 49‘Singgasana Kami teh, langit; sedengkeun tatapakan suku Kami, nya eta bumi. Imah nu kumaha, nu ku maneh rek dijieun pikeun Kami?’ — timbalan Pangeran — ‘atawa tempat nu kumaha pikeun Kami reureuh teh? 50Eta sakabeh, naha lain beunang leungeun Kami?’ ” 51“Aranjeun teh bangsa bedegong, hate jeung ceuli teu disunat, teu diberesihan. Sapapanjangna ngalawan ka Ruh Allah, saruana jeung nu jadi karuhun. 52Nabi mana anu henteu dikaniaya ku karuhun aranjeun? Sadayana dipaehan, oge iber-iber anu ngiberan pisumpingeunana Sampurnaning Manusa teh, ku aranjeun dihianat tug dumugi ka dipaehan pisan. 53Kalayan jalan anu aheng aranjeun dipaparin kitab Toret, katampina ti panangan para malaikat, nanging ku aranjeun teu dipake!” 54Barang anggota-anggota Mahkamah Agama ngadarenge omongan sarupa kitu, mani ngagalidir awakna bari tikekereket. 55Ari Stepanus, anu pinuh ku Ruh Allah, tanggah ka langit; breh ningal kamulyaan Allah jeung Isa ngadeg di tengeneun Allah. 56Pok sasauran, “Tuh, simkuring ningal langit muka. Putra Manusa katingal nuju ngadeg di tengeneun Allah!” 57Dijawab ku nu tingsaroak bari nyarocokan ceuli, breg bae anjeunna diambreg; 58tuluy anjeunna disered ka luareun kuta; geus kitu, maranehna pada maledogan, ka anjeunna, ku batu. Nu keur narapsu teh, maruka jubahna; suk-sok, jarubahna teh, diteundeunan deukeut hiji budak ngora ngaran Saulus. 59Stepanus sasambat, “Nun Isa, Gusti Jungjunan simabdi, mugi tampi nyawa abdi.” 60Bari sideku anjeunna ngagero, “Nun Gusti Pangeran, ieu jalmi-jalmi teh mugi dihampura!” Geus kitu les bae lastari.

will be added

X\