CARIOS PADAMELAN 5

1Aya hiji jelema ngaran Ananias jeung bojona Sapirah, ngajual tanahna saluwuk. 2Tapi duit beubeunanganana, henteu disanggakeun kabeh ka rasul-rasul. Aya anu disalingkuhkeun, sailon jeung bojona. 3Tapi Petrus uninga, saurna, “Ku naon maneh, Ananias, kapangaruhan Iblis nepi ka wani ngabohong ka Ruh Allah, nya eta nyalingkuhkeun sabagian duit ladang tanah maneh? 4Upama tanah eta henteu dijual, naha lain tetep boga maneh? Kitu keneh upama dijual, duitna teh naha lain hak maneh keneh? Maneh ngabohong teh lain ka jelema, tapi ka Allah!” 5Barang dilahiran kitu, bluk bae Ananias tibeubeut, paragat nyawana. Anu nyarahoeun urusanana pohara ngararenjagna. 6Mayit Ananias diurus ku barudak ngora, diboehan tuluy digotong ka luar baris dimakamkeun. 7Heuleut kira-kira tilu jam, jol deui bojona. Manehna teu nyahoeun naon anu geus tumiba ka salakina. 8Dipariksa ku Petrus, saurna, “Bejakeun nu saenyana, bener tanah teh sakitu dijualna?” Jawabna, “Sumuhun sakitu.” 9Saur Petrus, “Ku naon ieu salaki pamajikan sailon ngadoja ka Ruh Pangeran? Tuh tenjo ka lawang, jalma-jalma anu cikeneh tas ngamakamkeun salaki maneh, baris ngagotong maneh oge!” 10Bluk awewe teh tibeubeut deukeut sampean Petrus, paeh sapada harita. Ku barudak ngora tea, eta awewe kasampak geus jadi mayit; tuluy bae eta mayit teh digotong ka luar, dimakamkan pagigir-gigir jeung salakina. 11Sakumna jamaah, sanggeus nyarahoeun kana urusanana, pohara galeumpeurna. 12Rasul-rasul teh sering pisan ngayakeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat. Jamaahna kalawan sauyunan sering kumpul di Tepas Sulaeman. 13Masarakat luareunana teu aya anu wani turut campur, tapi kacida ngajenanana. 14Bilangan anu aranut ka Gusti Jungjunan urang, terus bae nambahan saban poena, boh awewe, boh lalaki. 15Jelema-jelema anu garering diangkutan kaluar ka jalan gede, dibawa jeung bale-balena atawa jeung samakna. Maksudna di mana Petrus ngalangkung, tangtu saurang bae mah aya anu kakalangkangan ku anjeunna. 16Jelema-jelema ti kota-kota sakurilingeun Yerusalem oge, merul marawa anu garering atawa anu jiwana diganggu ku roh jahat: Kabeh calageur deui. 17Kajadian-kajadian eta teh, tungtungna mah nimbulkeun dengki ti pihak Panghulu Agung katut panganut-panganutna, nya eta ti madhab Saduki. Tah ti dinya, mimitina aranjeunna ngaganggu teh. 18Rasul-rasul ditangkep, dijebloskeun ka panjara kota. 19Tapi peutingna, panto panjara teh dibuka ku malaikat Pangeran sarta dituyun ka luar. 20Saur malaikat, “Bral geura arindit ka Bait Allah, embarkeun pangandika hal hirup anyar teh ka umum.” 21Tumut kana amanat, wanci rek bray beurang, aranjeunna geus lalebet deui ka Bait Allah terus ngawulang. Sajeroning kitu, Panghulu Agung mundut ka Dewan Sanhedrin, nya eta Mahkamah Agama jeung Rengrengan Sesepuh, supaya ngayakeun sidang sarta miwarang ngala rasul-rasul ka panjara. 22Barang anu dipiwarang daratang ka panjara, rasul-rasul teh geus teu araya di dinya. Tuluy maranehna baralik deui pikeun ngalapor, pokna, 23“Panjara kasampak ngonci keneh, kawal-kawal tetep ngajagi satempatna-satempatna, nanging barang dibuka parantos kosong.” 24Nampa laporan kitu, kapala kawal Bait Allah jeung imam-imam kapala bati tingpelengek teu ngarti bari mikir: Na rasul-rasul teh baris kumaha. 25Sabot kitu, jol anu unjukan, “Geuning jalmi-jalmi anu ku bapa-bapa dipanjara teh araya di Bait Allah, nuju ngawulang ka umum!” 26Kapala kawal sabaladna ngagidig ka Bait Allah, tuluy rasul-rasul teh digiringkeun deui. Tapi henteu bari papaksa, da maranehna teh sieuneun bisi dibaledogan ku balarea. 27Sanggeus jagrag di Mahkamah Agama, rasul-rasul dipariksa ku Panghulu Agung, saurna, 28“Maraneh geus diwanti-wanti pisan, nya eta teu meunang ngajar ku cara nyebut-nyebut eta Ngaran; tapi maraneh anggur ngaliar-liarkeun eta pangajaran, nepi ka pinuh sa-Yerusalem jeung rek neumbleuhkeun pangwales pati eta Jalma ka kami sakabeh!” 29Saur Petrus sarencang-rencang, “Abdi sadaya ngaraos, langkung wajib ta'at ka Allah batan ka jelema. 30Isa anu ku bapa-bapa dihukum gantung sareng ditelasan, ku Allah nu disembah ku karuhun urang parantos digugahkeun. 31Anjeunna ku Allah parantos dijungjung ku panangan tengen-Na, dijenengkeun Pamingpin sareng ngajadi Juru Salamet, baris mingpin bangsa Israil kana pertobat supados kenging pangampura dosa. 32Abdi sadaya anu jaradi saksina; kitu deui, Ruh Allah anu parantos dikurniakeun Allah ka sadaya jalmi anu anut ka Anjeunna.” 33Meunang waleran kitu teh, aranjeunna kacida geregeteunana; niatna mah hayang maehan. 34Di Majelis Agama aya hiji urang Parisi, ahli Kitab anu kacida dihormat-hormatna ku sakumna rayat. Neut anjeunna ngadeg, mundut ka sidang supaya rasul-rasul dikaluarkeun sakeudeung. 35Geus kitu, anjeunna nyarios ka sidang, saurna, “Saderek-saderek urang Israil, sing atos-atos mutuskeun perkarana eta jalmi-jalmi, manahan heula sing lantip. 36Emut, kapungkur aya si Teodas anu ngakukeun jalma luar biasa, — anu gaduh panganut kinten-kinten opat ratus urang — nanging ahirna dipaehan, panganut-panganutna ge bubar dugi ka musna. 37Saparantos eta, nalika aya cacah jiwa tea, jol deui si Yudas urang Galilea anu ngered jelema rea pisan dibawa ngabarontak. Ieu oge ahirna tiwas sareng panganut-panganutna bencar bubar. 38Nilik ka dinyana simkuring sumeja ngahaturkeun wawadi, keun bae eta jalmi-jalmi teh ulah dikitu-kieu. Upami pakarepan atanapi pagawean maranehna teh, timbul tina karepna sorangan, tangtos moal teu gagal. 39Sawangsulna, upami leres kalayan kersaning Allah, atuh mustahil ku urang tiasa dibasmi; malah palangsiang matak malindes ka urang sabab urang sorangan anu ngalawan ka Allah.” Nasehatna katarima. 40Tuluy rasul-rasul teh disaur deui; sanggeus dihukum rangket, aranjeunna dibebaskeun bari dilarang teu kawidian ngajar mamawa jenengan Isa. 41Rasul-rasul arangkat ngantunkeun Mahkamah Agama dibarung ku kagumbiraan, dumeh ngaraos layak nyorang sangsara sarupa kitu lantaran ngagem jenengan Isa. 42Aranjeunna, saban poe, teu eureun-eureun ngawuruk, boh di Bait Allah, boh ka somah-somah bari ngawawarkeun Injil hal Isa Al Masih.

will be added

X\