CARIOS PADAMELAN 4

1Sabot Petrus jeung Yahya sasauran, ngadak-ngadak diberedeg ku panghulu-panghulu dibarengan ku kapala pangawal Bait Allah jeung urang Saduki, 2anu pohara arambekeunana ka aranjeunna, pedah aranjeunna ngajar kitu ka jalma rea jeung netelakeun yen Isa kawasa gugah ti nu paraeh. 3Kerewek aranjeuna ditangkep, ditahan nepi ka poe isukna sabab harita geus peuting. 4Tapi anu ngabarandungan kasauran aranjeunna teh loba nu terus percaya, nepi ka jumblahna jadi lima rebu urang; eta teh ngan ukur lalakina wungkul. 5Poe isukna, pamingpin-pamingpin urang Yahudi, parakokolot, jeung ahli-ahli Kitab ngayakeun sidang, 6diluuhan ku Panghulu Agung Anas jeung Kayapas, Yahya jeung Aleksander katut lian-lianna anu kaasup turunan Panghulu Agung. 7Petrus jeung Yahya dijagragkeun, tuluy dipariksa, “Meunang kawasa ti mana atawa make ngaran saha maraneh nyieun peta kitu?” 8Waler Petrus anu geus kaancikan ku Ruh Allah, “Parapamingpin bangsa sareng parasesepuh sadaya! 9Saupami simkuring dipariksa teh lantaran nulungan nu gering sareng kedah nerangkeun kenging kawasa ti mana nyageurkeun ieu jalmi: 10Mugi kauninga ku sadaya, kitu deui ku sakumna umat Israil, yen tindakan simkuring teh taya sanes estu demi pajenengan Isa Al Masih urang Nasaret, anu ku aranjeun parantos digantung tea; tapi ku Allah Anjeunna parantos digugahkeun deui ti alam nu paraeh. Nya ku karana Isa pisan cageurna ieu jalmi anu nuju dipayunan teh. 11Mugi kauninga, Isa teh: batu anu parantos dipiceun ku tukang ngawangun imah. Aranjeun nu jaradi tukangna teh. Tapi eta batu teh parantos dijieun batu lulugu. 12Jalmi teh, saha bae ge, teu aya anu ngagaduhan kasalametan, iwal ti Anjeunna. Margi di sakolong langit teu aya deui jenengan anu dipaparinkeun ka manusa iwal ti eta-etana sarta ngan ku lantaran Jenengan eta, urang sadaya pitiasaeun salamet teh.” 13Wawanen Petrus jeung Yahya anu sakitu gedena — tur kanyahoan aranjeunna teh lain jalma terpelajar — estu matak heran anu keur sidang. Kabeh ge nyarahoeun yen aranjeunna teh panganut Isa. 14Tapi ku sabab aya bukti, jelemana anu dicageurkeun jonghok di dinya gigireun rasul-rasul, sidang teu bisa ngabantah. 15Rasul-rasul dikaluarkeun heula ti tempat sidang; sidangna terus badami, 16“Kudu dikumahakeun eta dua jelema teh? Mujijatna sakitu terangna ka urang Yerusalem; ku urang teu bisa dipungkir. 17Tapi supaya hal eta ulah nepi ka tambah nyaliara, leuwih hade urang ancam bae, nya eta teu meunang nyarita-nyarita deui mamawa eta ngaran.” 18Geus kitu Petrus jeung Yahya dijagragkeun deui ka sidang, tuluy aranjeunna dilarang cacarita atawa ngajar mamawa deui jenengan Isa. 19Tapi Petrus jeung Yahya ngawaler, “Aranjeun kantun nimbang-nimbang, mana anu sapagodos sareng pangersa Allah: Kedah tunduk ka manusa, atanapi kedah ta'at ka Allah? 20Dupi simkuring mah, pamohalan dongkap ka henteu nyanggemkeun sugri anu kantos katingal sareng kakuping.” 21Sidang ngancamna beuki keras, tapi kapaksa aranjeunna dileupaskeun. Sabab sidang henteu manggih jalan pikeun ngahukum, turug-turug sieun ku balarea anu geus ragem maruji ka Allah. 22Lantaran jalma rea teh, narenjo pisan jelema anu gering sapanjang umurna, nya eta salila opat puluh taun leuwih, bisa cageur ku jalan anu sakitu ahengna. 23Sanggeus leupas, Petrus jeung Yahya nepangan rerencanganana. Pamariksaan imam-imam kapala jeung kokolot-kokolot teh, ku aranjeunna dicarioskeun deui. 24Geus kitu, rerencanganana ragem sasambat ka Allah, kieu, “Nun Pangeran anu ngadamel langit, bumi, laut, katut saeusina. 25Ku jalan Ruh Allah anu diilhamkeun ka Daud abdi Gusti tea, karuhun abdi sadaya, Gusti parantos nimbalan kieu: Ku naon bangsa-bangsa pada amarah; suku-suku bangsa ngareka perkara anu mubadir? 26Raja-raja alam dunya tatan-tatan, rek ngalawan ka Pangeran jeung ka Al Masih-Na. 27Saleresna pisan, di ieu kota, raja Herodes, Pontius Pilatus, bangsa-bangsa anu teu palercaya, sareng kaom-kaom bangsa Israil, parantos kumpul sakait ngalawan Isa, — Abdi Gusti anu suci, kenging Gusti ngalisahan — 18:28-29* 28kanggo ngalakonan papasten anu ku Gusti dipastikeun ti awalna kalayan kawasa sareng pangersa Gusti. 29Nun Pangeran, mugi tingali, maranehna ayeuna ngancam ka abdi sadaya. Kitu nu mawi, mugi abdi-abdi dikersakeun teuneung ludeung ngadongkapkeun pangandika Gusti tea. 30Mugi Gusti kersa nyodorkeun panangan, maparin kacageuran ka anu aludur sareng ngadamel tanda-tanda ajaib sarawuh mujijat-mujijat demi pajenengan Isa, Abdi Gusti anu suci.” 31Sabot-sabot rasul-rasul neneda kitu, tempat aranjeunna kumpul teh ngariyeg inggeung sarta aranjeunna kalinggihan ku Ruh Allah. Nepi ka ludeung ngembarkeun pangandika Allah. 32Pakumpulan jelema-jelema anu geus ariman teh estu salulut, saniat sapikir, sarta teu aya pisan anu ngaku-ngaku yen bandana teh muklis milikna pribadi, estu sabanda saboga. 33Ari rasul-rasul pohara soson-sosonna netelakeun hal gugahna Isa, Gusti Jungjunan urang, sarta hirup dina kaayaan ginuluran kurnia tanpa tanding. 34Tara aya anu kakurangan sabab sing saha bae anu boga tanah atawa imah sok tuluy dijual. Beubeunanganana dibawa, 35disanggakeun ka rasul-rasul terus dibagikeun ka unggal jalma, luyu jeung kaperluan masing-masing. 36Nya kitu deui Yusup, anu ku rasul-rasul dilandi Barnabas, — anu hartina ‘anak panglipur’ — kaasup kaom Lewi asal ti Kiprus. 37Manehna oge ngajual lahan milikna, duitna dibawa disanggakeun ka rasul-rasul.

will be added

X\