CARIOS PADAMELAN 3

1Dina hiji poe, geus meh waktuna sembahyang — kira-kira pukul tilu sore — Petrus jeung Yahya arangkat ka Bait Allah. 2Di dinya, aya hiji lalaki anu lumpuh ti barang burusut, nepi ka kudu digogotong bae. Baku, saban poena, sok dipernahkeun deukeut panto gapura Bait Allah anu ngaranna Gapura Endah, sina menta sidekah ka anu rek arasup ka Bait Allah. 3Petrus jeung Yahya oge, basa rek lalebet ka Bait Allah, ku manehna dipentaan sidekahna. 4Ku aranjeunna, manehna diteuteup; geus kitu, Petrus sasauran, “Coba neuteup ka kula duaan.” 5Nu lumpuh teh tuluy neuteup, hatena mah ngarep-ngarep sidekah. 6Tapi saur Petrus, “Emas perak kula teu boga. Tapi kaboga kula ayeuna arek dibikeun. Demi pajenengan Isa Al Masih urang Nasaret, pek leumpang!” 7Tuluy Leungeun jelema eta, ku anjeunna dicekel pikeun mantuan nangtungkeun. Harita keneh, suku jeung keuneungna jadi kuat. 8Korejat bae hudang, — semu luncat — tuluy manehna leuleumpangan bulak-balik; seug manehna teh nuturkeun aranjeunna ka jero Bait Allah, semu ajret-ajretan, bari muji ka Allah. 9Ku sarerea oge katingal manehna leuleumpangan jeung muji ka Allah teh. 10Sanggeus nyarahoeun yen manehna teh anu sok musapir di Gapura Endah tea, kacida pada mikahelokna, heran ku kajadian nu kaalaman ku eta jelema. 11Ku lantaran eta jelema teh, ngikintil bae ka Petrus jeung Yahya. Tungtungna mah, anu pada mikaheran teh, rob bae ngarubung ka aranjeunna di hiji tepas anu disebut Tepas Sulaeman. 12Ningali kitu pok Petrus nyarios, saurna, “Dulur-dulur, urang Israil! Naha kudu heran ku ieu kajadian? Ku naon malalencrong ka kaula? Sangkana ieu jelema teh cageur lantaran pangawasa atawa ku ka ibadahan kaula sorangan? 13Allah nu disembah ku Ibrahim, Isak, jeung Yakub, — Allah nu disembah ku karuhun urang — geus maparin kamulyaan ka Abdi-Na, nya eta ka Isa anu ku aranjeun geus diselehkeun sarta ditarampik di payuneun Pilatus; sanajan cek timbangan Pilatus mah, Anjeunna pantes dibebaskeun. 14Anjeunna, Anu Adil tur Suci, ku aranjeun ditampik, ari anu ngundeur nyawa batur kalah ka dihadiahan kabebasan ti Pilatus. 19:12-15* 15Anjeunna nu jadi Pamingpin kana hirup teh, ku aranjeun geus ditelasan. Tapi ku Allah, Anjeunna geus digugahkeun deui ti enggon anu maraot, nya kaula sarerea saksina. 16Ku sabab manehna percaya ka pajenengan Isa, — ieu jelema anu ku aranjeun dipikawawuh sarta katarenjo sapopoena — ku eta Jenengan geus dibere tanaga kakuatan. Nya ku lantaran manehna percaya bisana cageur teh, kasaksian ku aranjeun. 17Dulur-dulur, kaula terang pangna aranjeun kitu pepetaan teh, bakating ku balilu; saruana jeung pamingpin aranjeun. 18Tapi nya ku jalan kitu, Allah teh ngabuktikeun dawuhana-Na anu didawuhkeun ka nabi-nabi-Na baheula, yen Al Masih utusana-Na teh wajib nandangan sangsara. 19Ayeuna, nu penting mah aranjeun teh geura areling sarta tarobat, malar lubar tina dosa, 20supaya dilongsongkeun nya hate ku Allah. Supaya Anjeunna ngutus Isa, anu ti awalna keneh oge memang geus dipastikeun pikeun ngajadi Al Masih aranjeun. 21Ari Al Masih teh, kudu mulih heula ka sawarga nepi ka sagala perkara dianyarkeun deui; sakumaha anu geus didawuhkeun ku Allah, ti baheula, ku perantaraan nabi-nabi-Na anu saruci. 22Geuning saur Musa oge kieu: Maraneh ku Gusti Allah bakal dibere hiji nabi saperti kami, anu asal ti maraneh keneh. Sagala kasauranana anu ditujukeun ka maraneh teh, kudu digugu. 23Ari anu teu ngagugu tanwande dibasmi ti hirup kumbuh bangsa urang. 24Nabi-nabi, mimiti ti Nabi Samuel nepi ka nabi-nabi sabada anjeunna, kabeh kungsi ngucapkeun wangsit ngeunaan jaman kiwari. 25Nya ka aranjeun buktina eta wangsit teh; aranjeun anu ngabogaan hak meunangkeun jangji subaya anu ku Allah didawuhkeun ka karuhun urang, nalika Anjeunna ngadawuh kieu ka Ibrahim: Ku jalan turunan maneh, sakabeh bangsa di sakuliah bumi bakal ginuluran berkah. 26Nya pikeun kasalametan aranjeun, utamana mah, Allah ngagugahkeun sarta ngutus Abdi-Na ka aranjeun teh; supaya Anjeunna iasa mingpin ka aranjeun masing-masing, malar bisa tarobat tina sagala kalakuan anu jahat.”

will be added

X\