CARIOS PADAMELAN 28

1Sanggeus sarerea salamet, bisa nepi ka basisir. Kakara kanyahoan, yen eta daratan teh, pulo Malta. 2Pribumina darehdeh arakuan pisan. Maranehna teh, mangnyieunkeun durukan sagala, ajang saliduru; kawantu poe eta teh kacida tirisna, turug-turug hujan deuih. 3Ari Paulus ngumpulkeun pangpung; tuluy brus, diasupkeun kana durukan. Ana borengkal teh, oray matih pisan, ngaleor tina tumpukan pangpung lantaran kapanasan. Cok bae, macok kana panangan anjeunna. 4Mireungeuh oray meulit kana panangan Paulus, urang dinyana mani pukpok pada batur, “Eta jelema teh moal salah deui tukang maehan! Najan geus luput ti laut, ku Dewi Kaadilan mah hamo diantep hirup terus.” 5Tapi si oray teh ku Paulus dikepretkeun kana seuneu, ari anjeunna mah teu sakara-kara. 6Tapi tetep pada nyarangka moal teu bareuh, moal teu ngagolepak maot sapada harita. Ari seug sakitu geus lilana, wet, teu kua-kieu; ahirna, cek maranehna anjeunna teh dewa. 7Teu jauh ti dinya aya tanah kagungan gupernur Publius, gupernur eta pulo. Eta gupernur nyuguhan ka kuring sapara kanca tur kacida darehdehna, nepi ka meunang tilu poe diaku di bumina. 8Harita teh, ramana Publius keur teu damang, nya muriang nya disentri. Ku Paulus dilayad, dipangnedakeun sarta ditumpangan leungeun, terus cageur. 9Geus kitu mah, jul-jol, nu garering teh daratang ka anjeunna; eta oge kabeh dicageur-cageurkeun. 10Ku kituna kuring sapara kanca teh pohara dihormat-hormatna. Barang geus waktuna kana balayar deui, ku maranehna sarerea dibekelan ku sakur anu jadi pangabutuh simkuring sarerea. 11Ngendek di eta pulo teh, meunang tilu bulan. Geus kitu, unggah ka hiji kapal asal ti Iskandaria anu kabeneran keur balabuh di dinya salila musim es. Eta kapal make perlambang bentang kembar Dioskuri. 12Barang nepi ka kota Sirakusa, kapal balabuh heula tilu poe. 13Ti dinya terus mipir-mipir basisir, jol, nepi ka Regium. Heuleut sapoe ti harita, — kabeneran aya angin ti kidul — isukna, deui geus nepi ka kota Putioli. 14Simkuring sakanca mitra nepungan heula anggota-anggota jamaah di dinya, disambat diaraku, reureujeungan meunang tujuh poe. Kakara neruskeun deui, nya balayar ka nagara Rum. 15Dulur-dulur nu di darinya teh, geus mareunang beja ngeunaan hal-ihwal simkuring sapara kanca. Tuluy maranehna dararatang ka Forum Apius jeung Tras Taberne, narepungan. Paulus mah, barang tepung jeung maranehna teh, tuluy bae muji sukur ka Allah lantaran ngarasa gede hate. 16Ku pamarentah Rum, Paulus diwidian nyicingan imah dibaturan ku salah saurang perjurit pikeun ngajaga. 17Tilu poe ti harita, Paulus ngumpulkeun pamingpin-pamingpin bangsa Yahudi. Sanggeus karumpul, anjeunna nyarios kieu, “Para saderek! Simkuring, boh ka bangsa, boh kana adat istiadat karuhun urang, teu gaduh salah naon-naon. Tapi di Yerusalem simkuring ditangkep ku bangsa sorangan, diserenkeun ka pamarentah Rum. 18Lantaran bukti, yen simkuring beresih tina kasalahan nu manjing hukum pati, ku aranjeunna mah rek dibebaskeun bae. 19Tapi orokaya urang Yahudi ngalalawan, nepi ka kapaksa simkuring kudu naek banding ka Prabu. Sanajan kitu, simkuring teu pisan-pisan niat ngadakwa bangsa sorangan. 20Ku sabab eta, simkuring menta supaya bisa papanggih sarta cacarita jeung aranjeun. Sabab simkuring nyandang rante teh, sualna mah, lantaran tina hal anu jadi pangarep-ngarep bangsa Israil tea.” 21Ku maranehna dijawab kieu, “Nanging da teu aya serat-seratna acan perkawis anjeun ti Yudea. Nu ti ditu oge teu aya anu ka dieu; jadi, teu kantos mendak wartos yen anjeun teh jelema jahat. 22Sanajan kitu, simkuring sadaya hoyong terang perkawisna. Margi sakaterang mah, eta madhab anyar teh, di mana di mendi oge mung dilalawan bae.” 23Tuluy maranehna nangtukeun poe pikeun narima katerangan- katerangan ti Paulus. Dina poeanana maranehna daratang deui ka dinya, ngabrul, loba pisan. Derekdek, Paulus nerangkeun sarta mere panyaksen tina hal Karajaan Allah. Sabisa-bisa anjeunna ngahudangkeun kayakinan maranehna ngeunaan Isa Al Masih, make dasar Toret Musa jeung kitab nabi-nabi. Nerangkeunana hal eta teh, ti isuk nepi ka sore. 24Hasilna, aya anu bisa diyakinkeun, aya nu angger bae teu percaya. 25Nepi ka bubaran gempungan, tetep maranehna henteu bisa sapaham. Memeh bubar Paulus ngucap kieu, “Tetela, pangandika anu ku Ruh Allah ditepikeun ka karuhun urang, ku perantaraan Nabi Yesaya teh, teu mencog saeutik-eutik acan. Kieu ungelna: 26‘Geura tepungan eta bangsa. Caritakeun: Ku ceuli bakal kadenge, ngan teu bisa ngahartikeunana. Ku panon bakal katenjo, tapi maraneh weleh teu terang. 27Sabab ieu bangsa, hatena geus ngabatu, pangdengena geus mintul, matana geus rarapet merem; malar matana tong kungsi nenjo, ceulina ulah kungsi ngadenge, bisi matak kaharti ku hatena, heug tarobat ka Kami geusan bisa disalametkeun.’ 28Ayeuna, mugi kaaruninga, ieu jalan pisalameteun ti Allah teh baris dibikeun ka bangsa-bangsa sejen sarta tangtu bakal ditararima.” [ 29Sanggeus Paulus namatkeun cariosanana, urang Yahudi tuluy balubaran bari tetep pasalingsingan paham.] 30Meunang dua taun campleng, Paulus nyalikan imah sewaan teh. Nu daratang ka anjeunna, kabeh ge diaku ditarima. 31Kabeh ku anjeunna diwawaran hal Karajaan Allah sarta diwurukan hal Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Teu aya anu didingding kelir tur lungsur-langsar teu aya halangan naon-naon.

will be added

X\