CARIOS PADAMELAN 26

1Saur raja Agripa ka Paulus, “Maneh ayeuna aya kasempetan ngabela diri.” Paulus ngacung mere isarah; derekdek, ngucapkeun pembelaanana, kieu, 2“Nun raja Agripa nu mulya, simabdi estu bagja wireh dinten ieu kawidian ngabantah dakwaan-dakwaan ti urang Yahudi. 3Utamina mah, wireh kanjeng raja teh leres-leres uninga kana adat istiadat sareng hal ihwalna urang Yahudi. Ku margi eta, disuhunkeun luntur galihna mugia kersa ngadangukeun. 4Simabdi, ti ngongora keneh dikenal ku sakumna urang Yahudi teh; margi ti aalit, simabdi teh matuh di Yerusalem, di bangsa sorangan. 5Sakitu lamina maranehna kenal ka abdi. Jadi, upami perlu, maranehna tiasa nerangkeun di dieu, yen abdi teh kantos jadi urang Parisi, nya eta madhab agama anu pangkeras-kerasna di urang. 6Ayeuna, nu mawi dugi ka unggah ka pangadilan teh, jalaran ngaharep kana laksananing jangji Allah anu dipaparinkeun ka karuhun urang baheula; 7tur diantos-antos pisan ku dua belas kaom ti bangsa urang sareng dibarung ku leket ibadah siang kalawan wengi. Nya ku margi ngagaduhan pangharepan eta, nu mawi abdi didakwa ku urang Yahudi teh, nun kanjeng raja! 8Naon margina hadirin sadaya dugi ka nganggap mustahil, yen Allah tiasa ngahudangkeun deui anu parantos maot? 9Boh kitu boh kieu, pamendak abdi oge kapungkur mah sami sareng maranehna, yen ngaran Isa, anu ti Nasaret teh kedah dilawan sakuat-kuatna. 10Eta oge kantos ku abdi dilampahkeun di Yerusalem. Seueur pisan jalmi anu palercaya ku abdi dijeblos-jebloskeun ka panjara, margi dipasihan kawasa ti imam-imam kapala. Sanes kitu bae, malah abdi kalintang satujuna upami heug maranehna teh dihukum pati. 11Sering pisan abdi nyiksa maranehna, di tempat-tempat ibadah, maksa sina mungkiran imanna. Kajurung ku hate nu ceuceub, maranehna ku abdi dibeberik dugi ka kota-kota di saluareun nagara. 12Dina kaayaan kitu, hiji mangsa simabdi mios ka Damsik, ngemban kawasa anu gembleng sareng tugas ti imam-imam kapala. 13Dumadakan, nun kanjeng raja, tengah dinten ereng-erengan; satengahing jalan simabdi ningal aya cahaya ti langit, nyorot ka abdi sabatur-batur. Eta cahaya teh, ngagebyarna langkung ti batan cahaya panonpoe. 14Abdi sabatur-batur sami tibeubeut kana taneuh. Lajeng abdi nguping soara, ngucapna dina basa Ibrani, ditujulkeun ka simabdi: ‘Saulus, Saulus, ku naon nganiaya ka Kami? Cilaka maneh teh nyepak panyocog mah!’ 15Ku abdi diwangsul: ‘Jungjunan, saha Anjeun teh?’ Ari waler-Na, ‘Kami teh Isa, anu keur dikaniaya ku maneh! 16Geura cengkat, pek nangtung. Kami nembongan teh rek ngangkat maneh, rek dijadikeun abdi sarta saksi ngeunaan sagala hal nu ku maneh geus katenjo sarta oge hal-hal anu ku Kami baris ditembongkeun ka maneh. 17Maneh teh, ku Kami geus kapilih ti ieu bangsa sarta ti antara bangsa-bangsa lianna. Engkena, maneh baris diutus ka maranehna. 18Nya, pikeun ngabeunta-beuntakeun panonna, malar bisa maralik ti nu poek ka nu caang sarta tina genggeman kawasa Setan ka kersa Allah. Supaya lamun geus palercaya ka Kami, dosana meunang panghampura sarta sina kabagian ganjaran anu geus disadiakeun pikeun jelema-jelema anu geus disucikeun.’ 19Kitu nu mawi, nun kanjeng raja, eta titingalan ti sawarga teh ku abdi teu pisan-pisan bade dilalaworakeun. 20Anu ku abdi ngawitan diwawaran teh, urang Yahudi anu di Damsik, di Yerusalem, sareng nu aya di sakuliah tanah Yudea. Bangsa-bangsa sanesna oge teu kalarung; da sami kedah tarobat, ngesto ka Allah; jabi ti eta, kalakuan-kalakuan dina hirupna oge kedah cocog sareng eta pertobat. 21Ku jalaran hal anu kitu, simabdi teh ditangkep di Bait Allah ku urang Yahudi, bade dipaehan. 22Nanging berekah, ku pitulungna Allah, abdi, salian tiasa keneh kumelendang di alam dunya dugi ka wangkid ieu, oge tiasa keneh maparin panyaksen, boh ka rayat, boh ka para pamingpinna. Hal anu diwawarkeun ku abdi teh teu aya sanes, lintang ti anu kapungkur-pungkur diwawarkeun ku nabi-nabi sareng ku Musa. 23Nya eta: Al Masih teh, memang kedah nyandang sangsara sareng jadi Anu pangpayunna hudang ti antara anu maraot. Anjeunna oge baris ngembarkeun hal caang, boh ka ieu bangsa, boh ka bangsa sanesna.” 24Tengah-tengah Paulus ngasongkeun pertanggungan jawabna, ku Pestus dipegat, saurna teugeug, “Gelo maneh, Paulus! Weureu ku elmu mana kitu oge maneh teh!” 25Cek Paulus, “Abdi henteu gelo, nun Pestus anu mulya! Pikiran abdi masih keneh waras. Anu disanggemkeun ku abdi teh perkawis anu saleres-leresna. 26Sagala perkawis sadayana oge kauninga ku kanjeng raja. Kitu nu mawi abdi wantun nyanggemkeun sabalakana ka mantenna. Abdi yakin ieu perkawis teh, sagala rupina oge, moal aya anu teu kadangu ku mantenna; margi kajadianana teh sanes di tempat anu mencil. 27Nun, kanjeng raja Agripa, kumaha gamparan percanten ka paranabi? Sanggem abdi mah tangtos kana percantenna teh.” 28Raja Agripa ngawaler, “Bis, bis bae kami ka bongroy, hayang asup Masihi!” 29Saur Paulus, “Ku abdi sumeja pisan dipangnedakeun ka Allah. Supados sanes bae kanjeng raja enggal-enggal sing sami sapertos abdi, nanging lami-lami mah anu sanes oge anu ayeuna hadir ngabarandungan di dieu; nanging ulah sami-sami kieu, nya dina kaayaan dibangkol ku rante.” 30Ti dinya sang raja ngadeg, dibarengan ku wali nagara, ku Bernika jeung ku sakabeh anu araya. 31Tuluy Aranjeunna kalaluar bari guntreng, “Eta jalma teh teu aya dosana anu manjing kana hukum pati atawa panjara.” 32Saur raja Agripa, “Sayaktosna, upami manehna henteu terus naek banding ka sang Prabu mah, da tiasa dibebaskeun.”

will be added

X\