CARIOS PADAMELAN 22

1“Dulur-dulur sareng bapa-bapa: Simkuring amit seja ngahaturkeun katerangan.” 2Ngadarenge anjeunna ngagunakeun basa Ibrani, jelema- jelema beuki jempe. 3Paulus neruskeun, “Simkuring teh bangsa Ibrani, lahir di Tarsus bawahan Kilikia, nanging digedekeun di dieu. Kenging didikan dina panalingaan ahli hukum jenengan Gamaliel, dididik enya-enya ngulik-ngulik palaturan Toret karuhun urang, nepi ka jadi jelema anu suhud ngalakonan parentah Allah, cara aranjeun ayeuna. 4Simkuring, bareto mah tukang nganiaya panganut-panganut agama anu ayeuna dianut ku simkuring, nepi ka maranehna naremahan pati. Nu ditangkepan ku simkuring mangpirang-pirang, awewe lalaki, dijeblos-jebloskeun ka pangbuian. 5Kalakuan simkuring anu kitu teh, kasaksian pisan ku Panghulu Agung; kitu deui, ku sarengrengan sesepuh. Sakali mangsa, simkuring dibahanan surat kawasa ku aranjeunna keur ka dulur-dulur sabangsa anu maratuh di Damsik. Iang teh ngandung niat seja newakan panganut-panganut eta agama, nya eta pikeun digiring ka Yerusalem sina diharukum. 6Sabot di jalan keneh, teu pati jauh deui ti Damsik; kira-kira wanci tengah poe, dumadakan simkuring kasorot ku hiji cahaya ti langit. 7Bluk bae, simkuring tibeubeut kana taneuh; teras aya soara anu ditujulkeun ka simkuring, pokna: ‘Saulus, Saulus! Ku naon maneh nganiaya ka Kami?’ 8Simkuring ngawalon: Saha anjeun teh, Jungjunan? Ari waler-Na: ‘Kami teh Isa, urang Nasaret, nya anu keur dikaniaya ku maneh!’ 9Babaturan anu marengan simkuring ge, sami naringal kana eta cahaya teh; ngan gentra tea mah, teu kadarengeeun. 10Sanggem simkuring: Nun Junjungan, kedah kumaha abdi teh? Waler-Na: ‘Geura cengkat, teruskeun ka Damsik. Engke, di ditu, ku Kami dibejaan naon pilampaheun.’ 11Asup ka Damsik teh, dugi ka ditungtun-tungtun. Sabab urut kasorot cahaya teh, jadi teu tiasa ningal naon-naon. 12Di eta kota, aya hiji jalmi wastana Ananias. Anjeunna teh, jalmi ibadah anu tuhu kana hukum Toret sareng hade kasebutkeunana ku urang Yahudi anu maratuh di dinya. 13Anjeunna ngalayad ka simkuring, saurna: ‘Paulus, saderek sing bisa ningali deui.’ Sapada harita keneh, simkuring bisa deui ningal, teras mencrong ka anjeunna. 14Saurna deui: ‘Saderek teh, ku Allah nu disembah ku karuhun urang, parantos dipilih malar ngartos kana pangersa-Na, supados weruh ka Nu Langkung Bener tea, sareng nguping gentra-Na tina lambey-Na ku anjeun. 15Margi, saderek teh, bakal dijieun saksi pikeun sagala perkara anu engke ku anjeun baris katingal sareng kakuping ti Mantenna. 16Ayeuna bade ngantos naon deui? Mangga urang baptis bari nyambat pajenengana-Na, supados dosa-dosa anjeun disucikeun.’ 17Saterasna, waktu simkuring aya di Yerusalem, nya eta di Bait Allah; leng bae, simkuring kaancikan ku kawasa ilahi. 18Sajeroning kitu, breh bae, simkuring ningal Mantenna, ngadawuh kieu: ‘Buru-buru, ayeuna keneh, tinggalkeun Yerusalem. Sabab urang dieu, arembungeun ngadarenge katerangan maneh tina hal Kami.’ 19Simkuring ngawangsul: Nun Gusti Jungjunan simabdi, maranehna tangtos tarerangeun, yen abdi teh, asalna tukang nganiaya sareng ngagusuran jalmi-jalmi anu aranut ka Anjeun ti tempat-tempat ibadah pikeun dijeblos-jebloskeun ka panjara. 20Kitu deui nalika pun Stepanus, sahid Gusti tea mandi getih, abdi oge ngiring nyakseni sarta nyatujuan bari mangnungguankeun papakean jalmi-jalmi anu maraehanana. 21Dawuhana-Na deui: ‘Indit bae, sabab maneh ku Kami rek diutus ka nu jauh, ka bangsa deungeun.’ ” 22Barang Paulus nyaritana nepi ka lebah dinya, — jelema-jelema anu tadina jempling teh — ger bae, tinggorowok, “Singkirkeun eta jelema teh ti alam dunya, hirup ge cumah bae!” 23Tinggorowokna teu eureun-eureun bari ngalung-ngalungkeun jubahna masing-masing jeung ngawur-ngawurkeun taneuh ngebul. 24Ku sabab eta, Paulus ku komandan diparentahkeun dibawa ka markas, arek dirangket supaya daek nerangkeun naon dosana pangna nepi ka sakitu dikakalakeunana. 25Barang geus dipentang, rek dirangket, Paulus sasauran ka hiji perwira di gigireunana, “Na wenang anjeun ngarangket warga nagara Rum tur perkarana acan dipariksa?” 26Si perwira terus laporan ka komandanna, pokna, “Bapa, eta jelema teh geuning warga nagara Rum. Ayeuna bade dikumahakeun?” 27Ti dinya komandan nyampeurkeun, mariksa ka Paulus, “Na enya maneh warga nagara Rum?” Walon Paulus, “Yaktos.” 28Saur komandan, “Kami mah jadi warga nagara Rum teh beunang meuli mahal kacida.” Walon Paulus, “Simkuring mah memang turunan.” 29Nu rek ngarangket terus undur, teu tulus ngarangketna. Barang nyaho, yen Paulus teh warga nagara Rum; eta komandan teh, malik risi. 30Tapi anjeunna, ngarasa wajib nalungtik; naon saenyana dosa Paulus ka urang-urang Yahudi teh. Ku sabab eta, isukna Paulus dikaluarkeun tina tahanan, barogodna dilesotkeun. Geus kitu, komandan nyaur imam-imam kapala katut rengrengan Mahkamah Agama; tuluy Paulus dijagragkeun sina dipariksa.

will be added

X\