CARIOS PADAMELAN 20

1Sasirepna huru-hara, Paulus ngumpulkeun murid-murid, dililipur sina taleger. Sanggeus amitan, bral, anjeunna miang ka Makedoni. 2Di Makedoni, anjeunna oge ngalilipur dulur-dudulur sarta neguhkeun imanna. Sanggeus daerah Makedoni katatab, bral, anjeunna miang deui ka nagri Yunani. 3Sanggeus tilu bulan di dinya, aya maksud balayar ka tanah Sam. Tapi ku sabab diancam rek diarah pati ku urang Yahudi di dinya, anjeunna mutuskeun yen pimulangeun teh rek make jalan Makedoni bae. 4Anjeunna dibaturan ku sababaraha urang, nya eta Sopater anak Pirus, urang Berea; Aristarkus jeung Sekundus, urang Tesalonika; Gayus urang Derbe, jeung Timoteus; Tihikus jeung Tropimus, urang Asia. 5Maranehna, ku anjeunna disina ti hareula, megat di nagri Troas. 6Simkuring jeung Paulus mah arindit teh ti Pilipi, nya kana kapal; inditna teh, sabada hari raya Roti Teu Make Ragi. Poe kaopatna geus tepung deui jeung maranehna di Troas. Sarerea nganjrek heula di dinya, meunang tujuh poe. 7Dina poe Ahad, waktu sarerea ngariung rek dalahar, Paulus ngawuruk heula ka duduluran dumeh isukna baris paturay. Ngawurukna ngagelendut nepi ka tengah peuting. 8Kumpulna teh di loteng nu raang ku lampu. 9Aya budak ngora ngaranna Etikus, diukna dina jandela; lenggut bae, manehna teh nundutan ku sabab lilana Paulus ngawuruk. Antukna, kalepasan, hees tibra pisan; tuluy gebut bae, ragrag; mangkaning tina loteng katilu. Ari diboro teh, bet, geus teu nyawaan. 10Paulus turun, terus ngagoleahkeun anjeun kana awak budak ngora tea bari dirangkul. Cek anjeunna, “Ulah galeumpeur, aya keneh nyawaan.” 11Geus kitu mah, anjeunna unggah deui ka loteng, ngabagi-bagikeun roti, tuluy sarerea dalahar. Anggeus dahar diteruskeun deui ngawurukna teh, nepi ka wanci carangcang tihang, kakara anjeunna amitan. 12Budak ngora tea hirup deui, tuluy dialanteurkeun dipirig ku kabungah. 13Simkuring jeung batur-batur ku Paulus dititah balayar ti heula ka Asos. Saurna, anjeunna kudu dipegat di dinya; da anjeunna mah, rek mapay jalan darat. 14Sanggeus tepung di Asos, sarerea unggah kana kapal pikeun balayar ka Mitilena. 15Ti dinya, sarerea balayar deui: Isukna, geus paeunteung-eunteung jeung pulo Kios; pagetona, nyimpang ka pulo Samos; isukna deui, nepi ka nagri Mileta. 16Ku Paulus geus diputus teu kudu nyimpang ka Epesus, bisi waktu beak di Asia. Sabab anjeunna, keur rurusuhan; Nya sabisa-bisa mah, anjeunna, hayang geus aya di Yerusalem teh dina hari raya Paska. 17Ti Mileta nitahan jurungan ka Epesus, manggil kokolot jamaah. 18Cek Paulus ka kokolot-kokolot, — sanggeusna daratang — “Pagawean simkuring, sapanjang jeung aranjeun, ti barang nincak Asia, ku aranjeun geus kasaksi. 19Tangtu kataringali, simkuring bakti ka Gusti teh bari eling kana kalaipan diri, sering ragragan cipanon, sarta teu arang manggih cocoba diarah-arah ku urang Yahudi. 20Tangtu karasa ku aranjeun, yen simkuring tara towong nyaturkeun sakur nu baris mangpa'at keur aranjeun. Tara towong mere nasehat, boh di tempat umum, boh di rumah-rumah tangga aranjeun. 21Teu kendat-kendat ngelingan, nya ka urang Yahudi, nya ka urang Yunani, malar tarobat ka Allah jeung ariman ka Isa, Gusti Jungjunan urang. 22Ayeuna, simkuring teh ku Ruh Allah dipundut kudu ka Yerusalem; bari jeung teu terang, nasib nu kumaha nu baris kasorang ku simkuring. 23Iwal ti anu digambarkeun ku Anjeunna, ka simkuring, yen di unggal tempat anu didatangan, simkuring teh keur didago ku panjara sarta didodoho ku sangsara. 24Najan kitu, simkuring moal rek lebar ku nyawa, dapon anu jadi tujuan kahontal, nya eta ngarengsekeun papancen ti Isa, Gusti Jungjunan urang, ngawawarkeun hal kurnia piwelas Allah. 25Simkuring geus boga pirasat yen moal patembong beungeut deui jeung aranjeun, nu beunang simkuring neang jeung ngawurukan hal Karajaan Allah. 26Tumali jeung eta, poe ieu seja nganyatakeun, yen simkuring henteu hutang nyawa ka sakur anu baris barinasa. 27Sabab sakabeh pangersa Allah, ku simkuring geus diwawarkeun ka aranjeun taya towongna. 28Kawajiban aranjeun ayeuna, nya eta kudu jaga diri sarta ngajaga pakumpulan. Sabab aranjeun, ku Ruh Allah geus diangkat kana ngaraksa-ngariksa eta jamaah kagungan Allah, kenging-Na nebus ku getih-Na ku anjeun. 29Ku simkuring parantos kasawang, di mana aranjeun geus ditinggalkeun baris kadatangan kerud-kerud, nya garalak, nya ngagalaksak ka jamaah. 30Turug-turug, ti kalangan aranjeun keneh oge, baris aya nu nyebarkeun piwuruk palsu pikeun narik murid-murid sina bariluk ka pihakna. 31Ku sabab eta, aranjeun sing areling. Poma sing aringet, yen simkuring teh tepi ka tilu taun nya mamatahan ka aranjeun taya towongna beurang peuting, dibarung ku hujan cipanon. 32Ayeuna aranjeun dipasrahkeun ka Pangeran jeung kana pangandika ciciren welas asih-Na, nu kawasa ngawangun aranjeun jeung maparin ganjaran, anu disadiakeun keur sakur anu geus disucikeun ku Anjeunna. 33Simkuring, ka saha bae oge, tara menta pupulur, naha emas, naha perak, atawa papakean. 34Ku aranjeun oge katembong, sagala kaperluan simkuring sabatur-batur enggoning ngalalana, kabeh oge beunang itikurih leungeun sorangan. 35Dina sagala hal, simkuring teh mere conto, yen urang teh kudu banting tulang supaya bisa tutulung, nya nalang ka anu susah tea. Aranjeun sing aringet kana kasauran Isa, Gusti Jungjunan urang, anu kieu: ‘Bagja keneh mere batan dibere.’ ” 36Tamat mere amanat; brek, Paulus tapak deku ngadu'a ka Gusti Allah jeung maranehna. 37Awahing ku naralangsa maranehna, nepi ka tingsalegruk; terus pada ngararangkul ka anjeunna bari nyariuman. 38Pangpangna mah, kagagas ku kekecapanana anu nyebutkeun moal patembong beungeut deui. Sanggeus cacap sarosonoan, Paulus dijajapkeun nepi kana kapal.

will be added

X\