CARIOS PADAMELAN 2

1Dina poe Pentakosta, sakabeh jelema-jelema anu geus percaya, karumpul di hiji tempat. 2Dumadakan aya sora ti langit, ngaguruh lir angin barat; sorana minuhan sakuliah imah anu keur dicaralikan tea. 3Breh bae, katembong ku aranjeunna, aya anu pating suliwer mangrupa letah-letah anu harurung lir seuneu; tuluy eta letah-letah anu harurung lir seuneu teh areunteup ka aranjeunna. 4Eta teh cirining yen aranjeunna geus kalinggihan Ruh Allah; tuluy bae, aranjeunna teh salasauran dina rupa-rupa basa numutkeun gerak ti Ruh Allah tea. 5Harita, di Yerusalem loba urang Yahudi anu saraleh; marenehna teh, daratang ti sakuliah dunya. 6Waktu aya sora ngaguruh kitu teh, maranehna tuluy ngagarimbung; barang ngadarenge rasul-rasul sasauran dina basa maranehna, masing-masing, pohara hareraneunana. 7Cek maranehna bari rungah-ringeuh, “Lain urang Galilea tea maranehna teh? 8Na geuning kadengena teh cacarita ku rupa-rupa basa, nurutkeun basa urang masing-masing? 9Nu karumpul di dieu teh, kapan aya anu ti Partia, ti Media, ti Elam, ti Mesopotami, ti Yudea, ti Kapadokia, ti Pontus, ti Asia, 10ti Prigia, ti Pampilia, ti Mesir, ti wilayah-wilayah Libia nu dareukeut ka Kirena, jeung aya oge anu ti nagri Rum. 11— boh urang Yahudi, boh anu ngaragem agama Yahudi — kitu deui, urang Kreta jeung urang Arab pada ngadenge maranehna cacarita dina basana masing-masing, nyaritakeun padamelan-padamelan Allah anu araheng.” 12Maranehna tingpelengek semu bingung, silih tanya pada batur, 13“Alamat naon ieu teh?” Tapi cek nu sawareh deui mah, bari semu moyok, “Kabeh ge jelema mabok eta teh, loba teuing nginum anggur!” 14Neut Petrus ngadeg, dibarengan ku sabelas rasul sejenna, pok nyarios tarik, “Dulur-dulur, urang Yahudi jeung sakur anu maratuh di Yerusalem! Muga barandungan, simkuring rek nyarita. 15Sangkaan aranjeun yen simkuring sarerea mabok teh, teu bener. Ayeuna teh kakara pukul salapan. 16Ieu kajadian saenyana geus didawuhkeun ku Allah, ku perantaraan Nabi Yo"el, anu kieu tea: 17Kieu dawuhan Allah: Engke dina jaman ahir, Kami rek ngucurkeun Ruh Kami ka sakabeh manusa; anak maraneh, boh lalaki, boh awewe, bakal barisa narubuwat, barudak ngorana mareunang ilapat, nu karolotna baris mareunang tetenjoan dina impian-impian. 18Jeung dina jaman ahir tea, Kami arek ngucurkeun Ruh Kami ka abdi-abdi Kami boh anu lalaki, boh anu awewe; maranehna bakal narubuwat. 19Sarta di luhur, di langit, Kami rek ngayakeun mujijat-mujijat, ari di handap, di bumi, rek ngayakeun tanda-tanda: getih, seuneu, jeung haseup meledug. 20Panonpoe bakal robah, ngajadi poek ngajumbleng, bulan ngajadi getih, samemeh datang mangsa rawuhna Gusti Jungjunan urang dina poe anu agung tur mulya. 21Sing saha anu nyambat ka pajenengan Gusti, tangtu baris disalametkeun. 22Eh, urang Israil, barandungan ieu omongan simkuring! Anu dimaksud ku simkuring, nya eta Isa ti Nasaret tea. Anjeunna geus ditangtukeun ku Allah tur geus dibuktikeun ka aranjeun ku rupa-rupa pangawasa jeung mujijat. Kitu deui, ku tanda-tanda dadamelan Allah anu dilaksanakeun ku perantaraan Anjeunna, sakumaha anu geus kasaksian ku sarerea. 23Anjeunna, ku Allah diselehkeun, cocog jeung maksad katut rarancang-Na; Anjeunna digantung dina salib sarta ditelasan ku aranjeun, ku jalan nginjeum leungeun ka jelema-jelema anu daroraka. 24Tapi ku Allah, Anjeunna geus digugahkeun deui, leupas tina siksaan maot. Sabab mustahil, Anjeunna bisa kagenggem ku kawasa almaot. 25Tur hal ieu teh sapagodos jeung anu geus disaurkeun ku Daud kieu: Simabdi sapapaosna madep ka Pangeran, Anjeunna ngadeg di katuhueun abdi; abdi moal unggut kalinduan. 26Kitu nu mawi hate abdi pinuh ku kabingahan, jiwa abdi surak gerah; raga pasrah sumerah, ayem tengtrem dina pangharepan ku ayana jangji-jangji Allah; 27wireh nyawa ku Gusti moal diserenkeun ka alam maot, Gusti moal ngantep abdi-Na nu satia ruksak binasa. 28Gusti ka abdi nuduhkeun jalan kana hirup, di payuneun pangersa, abdi tangtos ngaraos bagja. 29Dulur-dulur! Simkuring seja satarabasna bae, nyaritakeun hal Daud karuhun bangsa urang ka aranjeun. Anjeunna parantos pupus sarta dikurebkeun; makamna ge, aya keneh nepi ka ayeuna. 30Tapi anjeunna teh nabi, uninga yen Allah geus jangji kalawan sumpah, baris ngajenengkeun dina tahtana saurang ti antara seuweuna ku anjeun. 31Ku kituna, anjeunna teh geus uninga ti anggalna. Jadi, anjeunna iasa nyaurkeun hal pigugaheunana Al Masih; sakumaha kasauranana anu nyebatkeun, yen Anjeunna moal dikantunkeun aya di alam maot sarta salira-Na moal keuna ku ruksak. 32Nya Isa anu eta, anu geus digugahkeun deui ku Allah teh sarta simkuring sarerea saksina. 33Sanggeus Anjeunna dijungjung ku panangan tengen Allah sarta nampi Ruh Allah anu geus dijangjikeun tea; kiwari, eta Ruh teh, ku Anjeunna dikucurkeun; sakumaha anu ayeuna kataringal jeung kakaruping ku aranjeun. 34Daud teh henteu munggah ka sawarga, malah Daud ku anjeun sasauran kieu: Pangeran ngadawuh ka Gusti Jungjunan kaula: 35Geura calik di katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh Hidep ku Kami dijieun jojodog titincakan Hidep. 36Ku sabab eta, sakumna bangsa Israil kudu terang kalawan pasti, yen Isa anu ku aranjeun geus dihukum gantung teh ku Allah geus dijenengkeun Gusti Jungjunan jeung Al Masih.” 37Barang ngadarenge hal eta, jelema-jelema teh mani tinghareruk ngarasa kagagas. Tuluy maranehna naranyakeun ka Petrus jeung ka rasul-rasul sejenna, “Kedah kumaha atuh simkuring teh, dulur-dulur?” 38Diwaler ku Petrus, “Kudu tarobat jeung kudu daraek dibaptis kalawan pajenengan Isa Al Masih, supaya dosa aranjeun dihampura; mun geus kitu, tangtu aranjeun bakal narima Ruh Allah. 39Da eta anu dijangjikeun teh, nya pikeun aranjeun saanak incu, oge pikeun anu araya di tempat-tempat nu jarauh, sarta pikeun sakur nu bakal disaur ku Gusti Jungjunan urang.” 40Rea-rea deui kasauran Petrus enggoning nganyatakeun kasaksianana sarta maparin pepeling. Kieu saurna, “Aranjeun kudu pasrah supaya bisa luput ti ieu bangsa alam kiwari anu teu jalujur.” 41Sakur anu daek narima kana kasauran Petrus, kabeh sumerah marenta dibaptis. Poe eta, bilangan jalma nu ariman tambah kira-kira tilu rebu urang. 42Kabeh saregep kana pangajaran rasul-rasul tur sabeungkeutan: Salawasna babarengan milu kana riungan tuang roti jeung kumpulan doa. 43Maranehna timbul rasa kagimirna narenjo rasul-rasul sering ngayakeun rupa-rupa mujijat jeung tanda-tanda anu ajaib. 44Kaom percaya teh, estu rempug jukung sarta sabanda saboga. 45Unggal poe tara towong, aya bae anu jujualan, beubeunanganana dibagi keur sarerea, sakumaha bae perluna masing-masing. 46Ti poe ka poe deui, maranehna mani rajin karumpul di Bait Allah kalawan saniat sapikir. Jaba ti kitu, sok bagilir ngayakeun riungan tuang roti di imah masing-masing, didalahar bareng dibarung ku gumbira tur iklas. 47Maranehna maruji sukur ka Allah sarta masarakat umum oge jadi katarik. Unggal-unggal poe, jumlahna ku Gusti ditambah ku jalan lobana anu disalametkeun.

will be added

X\