CARIOS PADAMELAN 17

1Paulus jeung Silas kebat lumaku deui, — liwat kota Amipolis jeung Apolonia — jol bae, di kota Tesalonika. Di dinya oge, aya tempat ibadah urang Yahudi. 2Sakumaha kabiasaan, Paulus asup ka eta tempat. Meunang tilu Sabat, anjeunna, noron medarkeun mesek bagian-bagian Kitab Suci ka urang Yahudi. 3Ditetek dieceskeun ka maranehna, yen Al Masih teh geus kuduna nyorang kasangsaraan sarta geus kuduna gugah deui tina pupusna. Satuluyna, cek anjeunna, “Tah eta Al Masih teh, Isa tea, anu ayeuna diuarkeun ku simkuring ka aranjeun.” 4Aya sawatara urang anu terus percaya kalawan yakin, tuluy maranehna marilu, ngahiji, ka Paulus jeung Silas. Ti urang Yunani oge, loba pisan anu sarieun ku Allah; kitu deui, ti wanita-wanita anu terkemuka, jumblahna lain saeutik. 5Orokaya, urang-urang Yahudi anu sejenna, jadi dararengki. Ger, maranehna nyieun huru-hara, nya eta ngaributkeun kaayaan kota; maranehna teh, dibantuan ku jelema-jelema anu teu araruni ti pasar. Tuluy maranehna ngambreg ka imah Yason, nya pikeun nyered Paulus jeung Silas ka pangadilan rayat. 6Tapi anu dimaksudna teu kasampak; tungtungna mah, anu digusur teh, Yason jeung sababaraha deui dulur-dulur saiman anu kaparengan aya di darinya. Tuluy maranehna diserenkeun ka para pangagung kota. Anu ngarusuhkeun teh tingcorowok, pokna, “Jelema-jelema tukang ngacowkeun sakuliah jagat teh, ayeuna geus jol ka urang, 7diampihan ku ki Yason! Kalakuanana ngalanggar aturan-aturan prabu kalawan nyebut-nyebut, aya deui raja anu ngaranna Isa.” 8Barang aya ribut kitu, para gegeden katut rayatna jadi geunjleung. 9Tapi Yason sabatur-batur teh, dibebaskeun deui bae. Sabab manehna, mere jaminan. 10Peutingna, Paulus jeung Silas, ku dulur-dulur teh dijurungkeun ka Berea. Di Berea, anu dijugjug ku aranjeunna teh, nya tempat ibadah urang Yahudi oge. 11Urang Yahudi di dinya mah, leuwih balageur ti batan anu di Tesalonika. Nya lian ti daraek tur ariklas narima pangandika Allah, maranehna oge, terus ngarulik Kitab Suci pikeun dicocogkeun jeung anu geus diterangkeun tea. 12Teu wudu loba anu terus jeung percayana, malah ti kaom wanita terkemuka jeung kaom bapa ti urang Yunani oge aya. 13Barang urang Yahudi di Tesalonika nyarahoeun, yen di Berea oge Paulus teh ngawawarkeun pangandika Allah; geuwat bae, jelema-jelema eta teh, maruru ka Berea ngadon ngahasud ka urang dinya, ngageumpeurkeun hatena. 14Tuluy Paulus, ku dulur-dulur teh, geuwat diiangkeun ka daerah basisir; ari Silas jeung Timoteus mah, angger di Berea keneh. 15Ku maranehna, Paulus teh dianteur nepi ka kota Atena; geus kitu, anu ngalanteurna, marulang deui bari mawa pesen ti Paulus yen Silas jeung Timoteus kudu buru-buru nyarusul. 16Sabot di Atena, ngadago-dago Silas jeung Timoteus, Paulus teh pohara ngarasa ngerikna. Lantaran eta kota, pinuh ku arca brahala. 17Ku sabab eta, urang Yahudi jeung jelema-jelema anu palercaya ka Allah ku anjeunna diajak tukeur pikiran di tempat ibadahna; kitu deui jeung saha bae anu pareng papanggih di pasar saban poe. 18Malah anjeunna mah, sual jawabna teh, sok jeung ahli-ahli pikir ti golongan Epikorus jeung Stoa. Aya anu ngomong kieu, “Rek dagang carita naon eta tukang ngobrol teh?” Aya oge anu kieu ngomongna, “Kawasna bae manehna teh mawa agama dewa anyar.” Kituna teh, lantaran anjeunna nepikeun Injil anu medar hal Al Masih katut hal gugahna deui tina pupus-Na. 19Geus kitu, anjeunna diajak ka sidang anu disebut “Sidang Areopagus.” Kieu cek maranehna, “Meunang simkuring terang, eta agama anyar anu ditepikeun ku anjeun teh agama naon? 20Kakupingna teh asa araraneh-araraneh pisan, estu matak panasaran, naon pimaksudeunana?” 21Adat urang Atena, — kitu deui adat bangsa-bangsa asing anu ngaradon ngamukim di dinya — maranehna tara pisan ngamonyah-monyah waktu pikeun urusan ieu atawa urusan itu, iwal keur medarkeun atawa ngabandungan hal anu anyar karasana. 22Jung, Paulus nangtung di Areopagus, tuluy biantara; saurna, “Para saderek urang Atena, katembong ku simkuring para saderek teh dina sagala hal estu pohara aribadahna ka dewa-dewa. 23Buktosna, waktu simkuring jalan-jalan di ieu kota, ningal barang-barang pupujan aranjeun; malah bet bae, ningal hiji mezbah tempat sasajen make tulisan anu unina: ‘Kahaturkeun ka Allah anu acan dikenal.’ Tah anu ku simkuring dicarioskeun ka aranjeun teh, eta; nya anu ku aranjeun dipunjung bari teu wawuh tea. 24Allah teh, nya eta anu parantos ngajadikeun ieu bumi katut sagala eusina. Anjeunna teh Gustining langit jeung bumi, linggih-Na sanes di jero kuil-kuil bubuatan leungeun manusa. 25Tur Anjeunna ge, henteu butuh ku nu diasong-asongkeun ku leungeun manusa kawas nu aya kakurang. Sabab Anjeunna pisan malah anu maparin hirup, maparin napas, katut naon bae pangabutuh jalma sakumna. 26Tina asal jalma saurang, Anjeunna parantos ngajadikeun umat manusa saalam dunya. Jaradi bangsa itu sarta bangsa ieu. Anjeunna anu nangtoskeun pamusiman pikeun kaperluan umat manusa teh; kitu deui, Anjeunna oge anu maparin wates tempat padumukanana. 27Pangersana supaya maranehna teh daraek nyukcruk maluruh salira-Na, malahmandar Anjeunna ku maranehna bisa karagap sarta bisa kapanggih; da saenyana mah, ieuh, Anjeunna teh henteu tebih ti urang masing-masing. 28Sabab urang hirup, kumelip, sarta kumelendang teh nya di jero aub-aub kakawasaan Anjeunna; eta teh, cocog sareng anu dicarioskeun ku bujangga-bujangga aranjeun. Urang teh, sadayana oge, asal turunan Allah keneh. 29Ku margi, urang teh asal ti turunan Allah; poma, ulah garaduh pikiran yen sipat kaayaan ilahi teh sami sareng sipat emas, perak, atanapi batu. Sabab eta mah, ukur hasil tina cipta seni sareng kaahlian manusa. 30Jaman bihari nu tuna harti, ku Allah geus teu diemut-emut deui. Kiwari, Anjeunna ngembarkeun ka umat manusa, yen nu di mana nu di mendi sadaya kedah tarobat. 31Lantaran Anjeunna teh parantos ngadegkeun hiji poe, anu baris dianggo nerapkeun pangadilan anu saadil-adilna ka ieu dunya tur dijalankeunana ku hiji Hakim anu parantos dipastikeun ti anggalna keneh. Anu baris jadi Hakimna oge, ku Anjeunna parantos dibuktikeun ka umat manusa; nya ku jalan ngagugahkeun deui eta Hakim ti alam anu maraot.” 32Barang maranehna ngadarenge hal hudangna anu maraot; seug bae, aya anu ngeyehkeun, malah aya anu pok pisan kieu, “Euh, sual anu kitu, saena mah carioskeun engke deui bae.” 33Geus kitu mah, Paulus, terus bae kaluar tina sidang. 34Tapi aya oge anu narima jeung palercaya kana pangajaranana. Terus maranehna ngahiji jeung anjeunna, nya eta aya lalaki sababaraha urang. Malah salah saurangna mah, nya eta anggota majelis Areopagus pisan, ngaran Dionisius; lian ti eta, aya deui awewe, saurang, ngaran Damaris jeung sababaraha urang deui anu harita bareng araya di dinya.

will be added

X\