CARIOS PADAMELAN 16

1Paulus sindang oge ka Derbe jeung Listra. Di dinya, aya hiji murid ngaranna Timoteus. Indungna urang Yahudi, — kaasup ka anu percaya ka Allah — ari bapana mah urang Yunani. 2Ku dulur-dulur saiman anu araya di Listra jeung Ikonium, Timoteus teh dikenal pisan. 3Paulus hoyong supaya manehna maturan anjeunna dina perjalanan. Ku Paulus, Timoteus, disina disunat heula cara urang Yahudi di dinya, ma'lum bapana teh urang Yunani. 4Paulus jeung Silas ngider, asup kota kaluar kota, bari nepikeun putusan-putusan anu geus diputuskeun di Yerusalem ku rasul-rasul jeung kokolot-kokolot, dibarengan ku pangajak muga ditarurut ku jamaah-jamaah. 5Jamaah-jamaah teh beuki reugreug bae imanna, anggotana oge beuki loba. 6Ari tanah Prigia jeung Galata mah ku aranjeunna diliwat bae lantaran ku Ruh Allah dicegah ngabarkeun Injil di Asia. 7Jol, aranjeunna, di tanah Misia, terus nyoba-nyoba asup ka wilayah Bitinia, tapi ku Ruh Isa teu diwidian. 8Sanggeus liwat Misia, jol bae di Troas. 9Peutingna, Paulus ningal hiji titingalan; katingalna teh, aya urang Makedoni nangtung, ngageroan ka anjeunna, “Ka dieu meuntas, kuring tulungan!” 10Lantaran aya titingalan Paulus anu kitu, simkuring sabatur-batur sabisa-bisa seja ariang ka Makedoni. Sabab eta titingalan Paulus teh, ku sarerea dianggap tanda panyaur Allah, yen simkuring kabeh kudu ka ditu nguarkeun Injil. 11Bral bae, sarerea arindit, nya eta ti Troas balayar ka Samotrake; isukna, ti dinya, anjog ka kota Neapolis. 12Ti dinya, ngaheulakeun ngadatangan hiji wilayah di Makedoni, nya eta kota Pilipi; kota pangumbaraan urang Rum. Di dinya, sarerea nganjrek heula meunang sawatara poe. 13Dina poe Sabat, simkuring sabatur-batur kaluar ti lawang saketeng. Bari mapay-mapay walungan, beh, sararea teh ningal hiji tempat ibadah urang Yahudi. Memang, ku sararea ge, geus kataksir yen baris manggih nu kitu. Bari dariuk, simkuring sabatur-batur cacarita jeung sawatara wanita anu keur karumpul di dinya. 14Salah saurangna mah, nya eta tukang dagang lawon wungu, — jalma ibadah ka Allah, asal ti kota Tiatira — ngaranna Lidia; Hatena ku Allah dibukakeun nepi ka saregep pisan ngabandunganana kana caritaan Paulus. 15Tungtungna mah, anjeunna sakulawarga menta dibaptis. Sanggeus dibaptis, terus ngangkir ka imahna, pokna, “Upami kagalihna ku bapa-bapa abdi teh leres-leres parantos percaya ka Gusti Jungjunan aranjeun, mugi bapa-bapa kalalersa lalinggih ka rorompok.” Ku sabab dikeukeuhan, simkuring sabatur-batur narurut geusan nedunan pangondangna. 16Dina hiji waktu, keur simkuring sabatur-batur arindit ka tempat ibadah tea, di jalan paamprok jeung hiji awewe palayan anu kaancikan roh anu bisa nujum. Eta pangabisa teh nguntungkeun pisan ka anu jadi dununganana sabab ngadatangkeun pangasilan anu lain lumayan. 17Manehna, hantem bae, nutur-nutur Paulus sakancana bari celak-celuk pokna, “Ieu jelema-jelema teh kabeh oge abdina Allah Anu Maha Agung, keur nuduhkeun jalan pijamugaeun!” 18Kitu bae, petana teh, nya teu eureun-eureun; hal eta, matak ngajengkelkeun Paulus lantaran ngaganggu pisan. Anjeunna malik nyoreang ka eta awewe; terus anjeunna marentah kieu ka eta roh, “Demi pajenengan Isa Al Masih, geura ingkah maneh ti eta awewe!” Sapada harita keneh, si roh teh, ingkah ti eta awewe. 19Nempo galagat kitu, ku anu maliara eta awewe kaerong yen maranehna baris leungit pangasilanana. Kerewek, Paulus jeung Silas ku maranehna ditewak; tuluy aranjeunna digiring ka pasar pikeun diserenkeun ka pangagung-pangagung kota. 20Cek maranehna ka nu wajib, “Ieu jelema ngagujrudkeun kota. 21Urang-urang Yahudi ieu teh, nyebarkeun adat istiadat anu ku urang mah, urang Rum, hamo bisa ditarima atawa dipake!” 22Jalma rea oge milu nyaralahkeun ka aranjeunna teh. Pakean aranjeunna, ku nu wajib teh sina dibuka paksa, nya eta ku jalan disaroehkeun; geus kitu, jebrod bae, aranjeunna dihukum rangket. 23Tuluy aranjeunna dijebloskeun ka panjara sarta diparentahkeun kudu dijaga masing tohaga. 24Blus, Paulus jeung Silas, digebluskeun ka kamar tahanan pangjerona bari sukuna dibelok tohaga pisan. 25Kira-kira geus tengah peuting, Paulus jeung Silas anggur ngadaru'a jeung parupujian, kadarenge ku sakitan-sakitan lianna. 26Sabot kitu, riyeg bae, aya lini gede pisan. Gedong panjara teh, nepi ka inggeung, panto-pantona bluk-blak maruka kabeh, sarta rante-rante sakitan alaludar. 27Kapala panjara ngorejat nyaring, kasampak teh panto-panto kamar tahanan geus marolongo. Serepet bae, manehna mesat gobang rek maehan maneh. Sabab manehna nyangka sakitan-sakitan kabeh geus kalabur. 28Tapi Paulus ngagorowok, saurna, “Ulah waka luluasan! Araya keneh kabeh oge!” 29Kapala panjara teh terus menta obor ka bawahanana. Manehna moro ka Paulus jeung Silas; tuluy bluk, nyuuh ka aranjeunna bari ngagibrig sakujur awakna. 30Sanggeus eta, Paulus jeung Silas diajak kaluar. “Juragan,” cek eta kapala panjara, “kumaha ieu abdi teh malar salamet?” 31Walonna, “Kudu percaya ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan simkuring, saanak bojo tangtu salamet.” 32Satuluyna, manehna saimah-imah, ku aranjeunna diwuruk hal dawuhan-dawuhan Allah. 33Sanggeus manehna meresihan raheut-raheut Paulus jeung Silas; harita keneh, eta kapala panjara, sakulawarga, menta dibaptis. 34Aranjeunna diangkir ka imahna, terus dituangkeun. Manehna pohara ngarasa bagjana ku sabab sakulawargana geus percaya ka Gusti Allah. 35Barang bray, beurang, jol utusan-utusan ti pamarentah kota mawa putusan ka kapala panjara kieu, “Sakitan, anu duaan tea, kudu dileupaskeun.” 36Cek kapala panjara ka Paulus, “Numutkeun kaputusan pamarentah kota, juragan-juragan ayeuna keneh kedah dibebaskeun. Mangga geura arangkat, didungakeun sing warilujeng.” 37Tapi cek Paulus, “Simkuring duaan geus dihukum rangket kalawan kasaksian ku umum. Padahal simkuring duaan teh, warga nagara Rum; tur henteu dipariksa heula perkarana; malah mah nepi ka ngarandapan dibui pisan. Ayeuna bade dileupaskeun kitu-kitu bae, bari ririkipan. Teu tiasa nampi ari kitu mah. Sakedahna mah, aranjeunna anu kedah ka darieu ku anjeun, ngabebaskeun simkuring sacara resmi.” 38Kasauran Paulus tea, ku utusan-utusan, dihaturkeun ka pangagung kota. Barang dibejaan yen Paulus jeung Silas teh warga nagara Rum, maranehna kacida sarieuneunana. 39Tuluy daratang bari tomada marenta hampura. Paulus jeung Silas ku maranehna dianteur ka luar, terus dijurung laku ti eta kota. 40Sakaluarna ti panjara, Paulus jeung Silas muru imah Lidia. Sanggeus tepung jeung dulur-dulur anu araya di dinya sarta geus mere paneger hate, aranjeunna arangkat deui.

will be added

X\