CARIOS PADAMELAN 15

1Hiji mangsa, jamaah di Antioki kadatangan dulur-dulur ti jamaah Yudea, anu nerangkeun yen jamaah Antioki kudu disarunat nyumponan adat istiadat warisan ti Musa; sabab mun teu kitu, hamo bisa salamet. 2Tapi pendirian maranehna anu kitu teh, pohara dibantahna ku Paulus jeung Barnabas mah. Ahirna, jamaah ngutus Paulus, Barnabas, jeung sawatara urang deui ka Yerusalem pikeun nyawalakeun sualna. 3Ku jamaah, eta utusan-utusan teh, dianteur nepi ka wates kota; ti dinya, karebat lumaku, — jalanna — ka tanah Puniki jeung Samaria. Dulur-dulur anu caricing di dinya, barang dibarejaan yen loba bangsa-bangsa anu asalna teu ngenal Allah teh, tarobat sarta meunang nugraha, kabeh marilu atoh. 4Di Yerusalem, — sanggeus dibageakeun ku jamaah jeung ku rasul-rasul katut parakokolotna — parautusan teh ngadadarkeun beubeunanganana enggoning ngalaksanakeun padamelan Allah. 5Tapi cek anggota-anggota anu asal ti golongan Parisi mah, anggota-anggota anu lain Yahudi teh wajib disarunat heula pikeun nyumponan hukum Musa. 6Hal eta, ku rasul-rasul jeung parakokolot tuluy digunemcaturkeun. 7Sanggeus sual jawab rada lila, ahirna Petrus nyarita, “Dulur-dulur tangtu aremut keneh, yen baheula, simkuring geus dipilih ku Allah jadi biwir panyambung lemek pikeun ngajak bangsa- bangsa anu teu ngenal Allah, supaya percaya kana uaran Injil. 8Allah anu uninga kana eusi hate tiap-tiap jelema, kersa nampi maranehna sarta maranehna geus dipaparinan Ruh Allah cara urang. 9Eta teh nandakeun, yen Anjeunna teu ngabeda-beda; jiwa urang jeung maranehna sarua; ku lantaran iman kapercayaan, maranehna oge geus disucikeun ku Anjeunna. 10Jadi, naha atuh urang make arek ngadoja ka Anjeunna, niat rek ngamomotan papada dulur ku pasangan anu hamo baris katanagaan, boh ku karuhun, boh ku urang-urang. 11Ari sual pisalameteun mah, kaayaan urang jeung maranehna teh sarua bae. Sabab anu jadi lantaran urang bisa salamet mah, nya eta upama urang percaya kana sih kurnia-Na Isa, Gusti Jungjunan urang.” 12Jep, jamaah jempe; terus maranehna ngabarandungan katerangan ti Paulus jeung Barnabas anu medarkeun tanda-tanda ajaib jeung mujijat-mujijat padamelan Allah di kalangan bangsa-bangsa sejen ku perantaraan aranjeunna. 13Geus kitu, ngong Yakobus nyarita, “Dulur-dulur! 14Ku saderek Simon geus diterangkeun yen ti awalna keneh kajurung ku welas asih-Na ka bangsa-bangsa sejen, Allah parantos milih hiji bangsa anu baris ngemban pajenengana-Na. 15Ieu teh luyu pisan jeung pisaur nabi-nabi dina Kitab anu kieu ungelna: 16‘Engke Kami bakal datang deui, seja ngawangun deui pondok Daud nu geus runtuh, sina ngadeg sarta weweg, 17supaya umat sejenna oge nareangan Pangeran, nya eta sakumna bangsa-bangsa anu acan wawuh ka Allah, anu kaasup milik Kami keneh. 18Kitu dawuhan Gusti anu padamelana-Na geus kawentar ti awit awalna keneh.’ 19Ku sabab eta, atuh dulur-dulur urang nu teu sabangsa anu geus tarobat ka Allah teh, cek simkuring mah, ulah diririweuh. 20Cek timbangan simkuring, hadena mah urang suratan bae. Urang nasehatan yen maranehna kudu pantrang ngadahar kadaharan-kadaharan anu disajenkeun ka berhala-berhala, kana pajinahan, ngadahar daging sato anu paeh bangkar, sarta ngadahar getih. 21Sabab hukum Musa teh, geus sumebar di tiap-tiap tempat ti baheula keneh; tug, nepi ka kiwari oge, eta hukum teh masih keneh terus dibaraca di tempat-tempat ibadah unggal-unggal poe Sabat.” 22Geus kitu, rasul-rasul jeung kokolot katut sakumna jamaah mutuskeun ngirim utusan ka Antioki, anu kudu indit bareng jeung Paulus sarta Barnabas. Anu kapilih jadi utusan teh, nya eta Yudas anu katelah Barsabas jeung Silas, duanana, jelema anu kapandang di jamaah. 23Maranehna mawa surat, unina, “Rasul-rasul, parakokolot, katut anggota-anggota jamaah di dieu, ngaturkeun salam ka dulur-dulur nu teu sabangsa di jamaah Antioki, Siria, sareng Kilikia. 24Nampi wartos, yen saderek-saderek kenging kabingung lantaran kadongkapan jalmi-jalmi ti pihak simkuring, anu pangajaranana abot katampina ku para saderek. Darongkapna teh, sanes pisan ku pangjurung ti simkuring. 25Tumali sareng eta, simkuring, ayeuna ngutus jalmi-jalmi ka saderek-saderek, anu disarengan ku saderek Paulus sareng saderek Barnabas anu kaasih, 26anu parantos nandonkeun nyawa demi pajenengan Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 27Anu diutus ku simkuring teh, nya eta saderek Yudas sareng Silas, anu baris nerangkeun eusi serat langkung paos. 28Numutkeun putusan ti Ruh Allah, kitu deui ti jamaah; ka para saderek moal bade ditambih ku kawajiban-kawajiban anu abot sapertos kitu, iwal ti ieu pepeling: 29Saderek-saderek kedah pantrang kana kadaharan-kadaharan anu disuguhkeun ka berhala-berhala, getih, daging sato anu paeh bangkar, sarta kana kalakuan anu kaasup jinah. Kalintang saena upami kersa ngestokeun kana ieu pepeling. Sakitu anu kahaturkeun. Mugia para saderek ginanjar kawilujengan.” 30Sanggeus kitu, Yudas jeung Silas pamitan pikeun indit ka Antioki. Sadatangna, terus aranjeunna ngumpulkeun jamaah sarta suratna dipasrahkeun. 31Sanggeus dibaca, jamaah ngarasa bungah sabab eusina pinuh ku ucap panglipur. 32Saterusna, Yudas jeung Silas anu oge jaradi nabi, nganasehatan ku pituah-pituah anu matak nguatkeun iman. 33Sanggeus mangkuk rada lila, kakara dijarurung mulang deui ka nu ngarutusna kalawan dibarengan ku pidu'ana sarerea. 34Tapi ari Silas mah, tetep di dinya, henteu ngiring mulang. 35Paulus jeung Barnabas masih keneh ngalanjrek di Antioki sarta ngawuruk; nya babarengan jeung urang dinya, ngawawarkeun pangandika Gusti. 36Sanggeus rada lila, Paulus sasauran ka Barnabas, “Urang ngalongok dulur-dulur di tempat urang bareto nepikeun pangandika Gusti tea; nya hayang terang bae, kumaha kaayaanana teh.” 37Barnabas ngarempugan asal dibaturan ku Yahya anu katelah Markus tea. 38Tapi ku Paulus, henteu disaluyuan; sababna, Markus geus kungsi ninggalkeun aranjeunna waktu di Pampilia lantaran teu puruneun digawe babarengan. 39Tungtungna, aranjeunna jadi cekcok nepi ka jadi paturay. Barnabas balayar ka pulo Siprus mawa Yahya. 40Ari Paulus mah, milih Silas. Sanggeus ku jamaah dipercayakeun kana pangjaring Gusti, 41bral, aranjeunna, mariang ka tanah Siria jeung Kilikia pikeun nguatkeun jamaah-jamaah di dinya.

will be added

X\