CARIOS PADAMELAN 14

1Di Ikonium, ieu dua rasul teh, terus ngajugjug ka tempat ibadah urang Yahudi sarta ngawulang di dinya. Piwulangna pohara ngayakinkeunana, nepi ka loba urang Yahudi jeung urang Yunani anu palercaya. 2Tapi urang Yahudi, — ti golongan anu narolak kana piwulangna — ngahucuhkeun jalma-jalma anu teu palercaya ka Allah tea, nepi ka maranehna maralik jadi arijideun ka rasul-rasul. 3Rada lila oge Paulus jeung Barnabas caricing di dinya teh — nya aranjeunna teh bari neruskeun ngawulangna kalawan teuneung ludeung — lantaran aranjeunna percaya ka Allah. Uaran tina hal sih kurnia Gusti teh, ku Allah dideudeul, ku jalan maparin kakawasaan ka aranjeunna pikeun nyieun tanda-tanda ajaib sarta mujijat-mujijat. 4Harita, urang dinya bengkah jadi dua golongan; aya anu biluk ka urang Yahudi, aya anu biluk ka rasul-rasul. 5Golongan anu teu percaya ka Allah, bareng jeung urang Yahudi katut parapamingpinna terus gerak; karepna mah, rasul-rasul teh dikaniaya sarta dibaledogan ku batu. 6Tapi ku aranjeunna kanyahoan, nya buru bae aranjeunna teh ngejat ka kota Listra, Derbe, jeung ka kota-kota anu aya di sakurilingeunana, bawahan Likonia. 7Di dinya, aranjeunna ngawawarkeun Injil oge. 8Di Listra, aya hiji jelema anu lumpuh ti barang burusut; manehna teh ngan ukur bisa diuk bae, teu bisa leumpang. 9Waktu Paulus ngawuruk, kabeneran manehna milu ngadengekeun. Ku Paulus dipencrong sarta kapeleng gede imanna, aya bahan bisa dicageurkeun. 10“Pek nangtung sing ajeg!” Saur Paulus ka manehna, tarik pisan. Dadak sakala, jung bae, manehna bisaeun nangtung, malah tuluy leuleumpangan. 11Bawaning ku ngarasa aneh, jalma rea raong ngaromong dina basa Likonia, pokna, “Dewa lungsur, miraga jalma!” 12Ku jelema-jelema di dinya, Barnabas disebut dewa Zeus, ari Paulus dewa Hermes, nya eta juru sabda dewa. 13Geus kitu, imam dewa Zeus — anu kuil pamujaanana aya di saluareun eta kota — datang ka kota bari mawa sapi jalu pikurbaneun jeung rupa-rupa kekembangan. Maksudna mah, arek ngajak urang dinya ngahaturkeun kurban ka rasul-rasul tea. 14Paulus jeung Barnabas nepikeun ka nyosoeh jubah nu dianggo bari terus muru jalma rea, pok ngagero, 15“Dulur-dulur! Nanaonan aranjeun teh? Kaula duaan teh jalma biasa, teu beda ti aranjeun. Ka dieu soteh seja ngawawarkeun Injil, rek ngelingan ka aranjeun supaya ninggalkeun kalakuan anu gaplah; malar hirup nyanghareup ka Allah anu jumeneng, anu ngadamel langit, bumi jeung laut katut pangeusina. 16Baheula-baheula mah, manusa teh, ku Allah diantep nyorang jalanna masing-masing. 17Tapi papadaning kitu, Anjeunna tetep miasih sarta henteu kendat-kendat mintonkeun sipat murah asih-Na, maparin hujan ti langit, maparin musim bubuahan, maparin dahareun, jeung maparin lian-lianna anu matak pikabungaheun.” 18Tapi rasul-rasul teh, meh-meh kawalahan; sabab keukeuh bae arek dihaturanan kurban ku maranehna. 19Sabot kitu, jul-jol, — ka dinya — urang Yahudi ti Antioki jeung Ikonium. Maranehna ngarorojok urang dinya, nepi ka bariluk ka maranehna. Malahan mah, eta urang dinya teh, nepi ka maraledogan Paulus ku batu sarta nyered anjeunna ka palebah luareun kota sabab pada nyarangka geus maot. 20Tapi waktu keur diriung-riung ku murid-muridna, anjeunna cengkat deui, tuluy indit deui ka jero kota. Poe isukna, anjeunna miang ka Derbe, bareng jeung Barnabas. 21Di Derbe, Paulus jeung Barnabas ngawawarkeun Injil tur hasil, nya eta loba anu palercaya. Ti dinya, aranjeunna, wangsul deui ka Listra, Ikonium, jeung Antioki. 22Di tempat-tempat eta, aranjeunna teh negerkeun murid-murid supaya murid-murid sing karuat iman; saur aranjeunna, “Asup ka Karajaan Allah mah kudu nyorang heula rupa-rupa kasangsaraan.” 23Di tiap-tiap jamaah, aranjeunna ngangkat kokolot-kokolot jamaah, tuluy dipangnedakeun sarta dipuasaan; geus kitu, eta kokolot-kokolot teh dipasrahkeun ka Gusti Sumbering kapercayaanana. 24Aranjeunna ngider di sakuliah wilayah Pisidia, nepi ka aranjog ka wilayah Pampilia. 25Di wilayah Pampilia aranjeunna ngawawarkeun Injil oge, nya eta di tempat anu ngaranna Perga sarta di Atalia anu pernahna di basisir. 26Ti dinya, aranjeunna balayar ka Antioki di tanah Siria; nya di tempat eta pisan aranjeunna ginanjar asihing Allah teh pikeun ngemban tugas nu ayeuna geus rengse dilampahkeun. 27Di dinya, aranjeunna ngumpulkeun anggota jamaah, tuluy ngadadarkeun padamelan Allah anu diembankeun ka aranjeunna sarta nerangkeun, yen Allah parantos mukakeun lawang pikeun jalan kana iman ka bangsa-bangsa sejen oge. 28Lila oge, aranjeunna nganjrek di murid-muridna di Antioki teh.

will be added

X\