CARIOS PADAMELAN 13

1Harita, di jamaah Antioki, aya sawatara nabi jeung guru agama, nyaeta Barnabas, Simeon anu katelah Niger, Lukius urang Kirena, Saulus jeung Menahem anu tadina diurusna bareng jeung raja Herodes. 2Dina hiji poe, waktu aranjeunna nekanan ibadah jeung puasa, Ruh Allah nimbalan, “Kami menta Barnabas jeung Saulus sabab maranehna rek dibere tugas husus anu ditangtukeun ku Kami pribadi.” 3Sabada Puasa jeung sembahyang, anu duaan teh, ku aranjeunna ditarumpangan leungeun, tuluy dijarurung laku. 4Kalawan parentah Ruh Allah, Barnabas jeung Saulus mariang ka Selukia; ti dinya, aranjeunna balayar ka pulo Siprus. 5Sadatangna ka tempat nu ngaran Salamis, aranjeunna, prak bae ngamimitian ngawawarkeun pangandika Allah di tempat-tempat ibadah urang Yahudi; aranjeunna teh dibarengan ku Yahya Markus, nya eta pikeun babantu. 6Aranjeunna ngideran eta pulo nepi ka Pafos. Di dinya, aranjeunna papanggih jeung hiji urang Yahudi, ngaran Baryesus; manehna teh, tukang sihir anu ngaku-ngaku jadi nabi. 7Eta jelema nyobat jeung Sergius Paulus, jelema pinter, anu jadi gupernur di eta pulo. Sang gupernur manggil Barnabas jeung Saulus; sabab anjeunna, hayangeun nyaho pangandika Allah. 8Tapi aranjeunna dihalang-halang ku Elimas, — ngaran sejenna Baryesus dina basa Yunani — tukang sihir tea. Sang gupernur oge dihalang-halang tina niat ibadahna. 9Saulus anu harita geus dilandi Paulus tur kaancikan ku Ruh Allah, mencrong ka eta jelema. 10“He, anak setan,” saurna, “gudangna tipu daya jeung kadurjanaan, satruning bebeneran, na moal eureun-eureun maneh teh mengkol-mengkolkeun Jalan Lempeng pituduh ti Pangeran? 11Ayeuna rasakeun, maneh pinasti lolong katiban panangan Pangeran. Sababaraha poe, lilana, maneh moal bisa neuleu panonpoe!” Sapada harita keneh, reup wae, eta jelema ngarasa poek, asa kakurung ku pepedut; tuluy manehna uyup-ayap, neangan anu ha'at daek nunungtun. 12Nenjo kajadian kitu teh, sang gupernur terus percaya sarta pohara ngarasa katajina deuih ku ajaran Gusti Jungjunan urang. 13Ti Pafos, Paulus jeung nu duaan deui balayar ka Perga bawahan Pampilia; tapi Yahya Markus mah, ti dinya teh, mulang deui ka Yerusalem. 14Ti Perga, aranjeunna terus lumaku, nepi ka jol di Antioki bawahan Pisidia. Dina poe Sabatna, aranjeuna, sup ka tempat ibadah terus dariuk. 15Anggeus maca hukum Toret jeung kitab Nabi-nabi, pangurus di dinya nawaran ka aranjeunna, pokna, “Bilih bade masihan amanat geusan ngawangun atanapi ngabeberah ka umat di dieu, mangga dihaturanan.” 16Jung, Paulus nangtung; tuluy anjeunna mere isarah ku panangan, barabat sasauran, “Dulur-dulur bani Israil, oge aranjeun anu sumujud ka Allah, simkuring amit sumeja nyarita. 17Allah nu disembah ku umat Israil parantos milih karuhun urang sareng ngajembarkeun eta bangsa sapanjang ngumbara di Mesir. Panangana-Na anu digjaya parantos nuyun eta bangsa budal ti eta nagara. 18Opat puluh taun, Anjeunna tetep sabar nangankeun pamolahna eta bangsa di alas kikisik. 19Tujuh bangsa anu ngageugeuh tanah Kanaan, ku Anjeunna ditumpes; urut tanah wilayahna diserenkeun, dibagi-bagi, ka eta umat-Na ngajadi tanah warisan. 20Kira-kira opat ratus lima puluh taun ti harita, maranehna, ku Anjeunna dibere hakim-hakim, — tug — nepi ka jaman Nabi Samuel. 21Geus kitu, maranehna marenta raja, ku Allah diturut; maranehna dibere Saul bin Kis, ti kaom Binyamin, meunang opat puluh taun. 22Saul henteu kaanggo ku Allah; tuluy eta raja diganti ku Nabi Daud. Ngeunaan Nabi Daud, Allah parantos ngadawuh: Kami geus manggih Daud tur matak panuju, jelema pantes keur nyubadanan sagala maksud-maksud Kami. 23Nya ti turunan anjeunna, — cocog sakumaha anu parantos disubayakeun Allah — digelarkeun Juru Salametna bani Israil, nya eta Isa tea. 24Selang mangsa pisumpingeun Anjeunna, aya uar pangajak ti Yahya ka sakumna bani Israil supaya tarobat jeung dibaraptis. 25Nalika tugasna meh rengse, Yahya nyaurkeun kieu: ‘Ulah saralah sangka, kula mah lain Anjeunna. Anjeunna mah, sumping-Na teh engke, nya eta sapandeurieun kula. Kula mah hamo wani muka tali tarumpah-tarumpah-Na acan.’ 26Dulur-dulur! Boh anu turunan Ibrahim, boh anu lianna, anu sami-sami sieun ku Allah! Eta uaran pisalameteun teh, nya ka urang ditujulkeunana. 27Ku urang Yerusalem mah, nya kitu deui ku parapamingpinna, Anjeunna teh ditampik. Anjeunna dihukum pati ku maranehna. Ku kituna, sakumaha anu geus disaurkeun ku nabi-nabi anu sok diaraji saban poe Sabat teh, ku lantaran talajak maranehna, jadi ngabukti. 28Sanajan henteu bisa maranggihkeun kasalahan anu manjing kana hukuman pati, maranehna geus maraksa ka Pilatus supaya Anjeunna ditelasan. 29Sanggeus sagala paniatanana ka Anjeunna tinekanan, — sakumaha anu geus kaungel dina Kitab — layon Anjeunna diturunkeun tina tihang panggantungan tuluy dikurebkeun. 30Tapi Anjeunna, ku Allah, digugahkeun deui tina pupus-Na. 31Sanggeus gugah, Anjeunna nembongan sababaraha kali ka nu kungsi ngariring ka Anjeunna waktos angkat ti Galilea ka Yerusalem. Nya aranjeunna, nu ayeuna jaradi saksi ka balarea teh. 32Ayeuna simkuring sumeja ngadongkapkeun uaran nu matak suka ati, nya eta: Jangji anu baheula ditimbalkeun ka karuhun urang teh, 33ku Allah parantos dibuktikeun ka urang, nu jadi turunanana, nya eta ku jalan ngagugahkeun Isa; hal ieu teh, sami sareng anu parantos diseratkeun dina Kitab Zabur anu kadua: ‘Hidep, Anaking! Poe ieu pisan hidep ku Kami diyugakeun.’ 34Isa parantos digugahkeun ku Allah tina pupusna sarta moal bisa keuna ku buruk deui. Eta teh pikeun ngalaksanakeun timbalana-Na anu ieu: ‘Jangji Kami ka Daud, jangji suci tur beunang diuji, baris dilaksanakeun.’ 35Salajengna, dina zabur sejenna disebatkeun kieu: ‘Gusti Pangeran! Gusti moal tega ngantep jalmi-jalmi anu parantos disucikeun ku Gusti sina binasa.’ 36Ari Daud, dina keur hirupna, ngalakonan sagala pangersa Allah sajeroning mingpin bangsana, dugi ka pupusna; salajengna, anjeunna teh dikurebkeun sagigireun karuhunna; kajabi ti eta, salirana ge buruk, sanes. 37Nanging Isa mah henteu kungsi buruk, margi digugahkeun deui ku Allah. 38Mugi aruninga dulur-dulur! Nya ku lantaran Anjeunna pangna dulur-dulur kenging uaran pangampura dosa teh. 39Nya ku jasa Anjeunna sakur jelema anu percaya bisana leupas tina dosa teh, anu hamo tea bisa kaalaman ku aranjeun ku sakadar nurut kana hukum Musa wungkul mah. 40Kitu nu mawi sing ati-ati, ulah dugi ka nyorang hal-hal anu kasebat dina kitab nabi-nabi, nu kieu ungelna: 41‘Ati-ati maraneh tukang-tukang ngahina! Tanwande maraneh ngararenjag sarta tumpur. Sabab jaman ieu, Kami keur ngalaksanakeun hiji pagawean; ku maraneh moal dipercaya, sanajan aya anu nerangkeun.’ ” 42Sanggeus Paulus jeung Barnabas kalaluar, ku maranehna diparenta supaya piwulangna anu bieu teh dibalikan deui dina poe Sabat hareup. 43Sabubarna ibadah, loba urang Yahudi jeung anu ngaragem agama Yahudi anu sarieun ku Allah naluturkeun ngiring ka aranjeunna. Ku aranjeunna terus diwurukan jeung dinasehatan, supaya hirupna masing-masing tetep dina aubna asihing kurnia Allah. 44Poe Sabat hareupna, meh sapangeusi kota tumplek daratang seja ngaregepkeun pangandika Allah. 45Nenjo anu daratang sakitu lobana teh, urang Yahudi jadi sirik; ucap-ucapan Paulus dibarantah. 46Tapi kalawan henteu asa-asa ku Paulus jeung Barnabas diterangkeun kieu, “Sayaktosna, ieu pangandika Allah teh, ka aranjeun heula didongkapkeunana. Nanging ku lantaran aranjeun narolak sarta henteu ngarasa butuh ku hirup langgeng, didongkapkeunana teh ayeuna mah ka bangsa anu lian. 47Sabab simkuring kudu ngestokeun kana parentah Allah anu kieu: ‘Maneh ku Kami enggeus dipastikeun kudu nyaangan bangsa- bangsa anu teu palercaya ka Allah, ngadatangkeun kasalametan, tug, nepi ka tungtung bumi.’ ” 48Ngadarenge ieu ucapan, jalma-jalma ti golongan luar bangsa Yahudi teh kacida barungaheunana. Tuluy maranehna ngamulyakeun pangandika Allah; sakur anu geus ditakdirkeun hirup langgeng mah, jadi palercaya. 49Geus kitu mah, pangandika Allah teh sumebar ka sakuliah wilayah. 50Tapi jelema-jelema ti kaum Yahudi, henteu caricingeun. Wanita-wanita anu palercaya ka Allah tur kapandang di masarakat katut para gegeden di eta kota, ku maranehna dihasud; tuluy maranehna ngayakeun rupa-rupa tarekah, nepi ka Paulus jeung Barnabas teh diusir ti wilayah eta. 51Sabab eta, Paulus jeung Barnabas teh ngebutkeun kekebul tina suku, keur nembongkeun ka teu sugemaanana ka maranehna; tuluy aranjeunna angkat ka kota Ikonium. 52Ari murid-murid anu di Antioki, hatena, pinuh ku rasa bagja jeung ku Ruh Allah.

will be added

X\