CARIOS PADAMELAN 10

1Di nagri Kesarea, aya hiji opsir pasukan Itali, ngaranna Kornelius. 2Anjeunna teh hade lampah jeung getol tapakur; anjeunna, sakulawarga, ajrih ka Allah jeung mindeng mere derma ka bangsa Yahudi. 3Dina hiji sore, kira-kira wanci pukul tilu, aya malaikat nembongan ka anjeunna, bari nyaur, “Kornelius!” 4Sieun-sieun oge Kornelius ngawalon bari neuteup, “Aya pikersaeun naon, Gusti?” Waler malaikat, “Do'a paneda maneh geus tepi ka hadirat Allah jeung geus meunang sapaat-Na. 5Geura nitahan jelema ka kota Yopa, angkir jalma anu ngaran Simon anu katelah Petrus. 6Ayeuna, anjeunna keur aya di imah tukang ngawidang kulit ngaran Simon keneh, pernahna di sisi laut.” Geus kitu malaikat teh mulih. 7Gancangna Kornelius nyalukan bujangna duaan jeung hiji serdadu anu geus kadeuheus. 8Maranehna diparentah ka Yopa, harita keneh, sanggeus dibejaan naon kaperluanana. 9Poe isukna, waktu jurungan geus deukeut ka kota, Petrus unggah ka loteng — anu aya di hateup imahna nu papak — seja tapakur. 10Bet ngadadak anjeunna ngaraos lapar. Tapi sabot disadiakeun, leng bae pana ku pangawasa ilahi. 11Anjeunna ningal langit muka sarta katenjo aya nu jiga lawon rubak, — anu ditalian dina kaopat juruna — diturunkeun nepi kana taneuh. 12Eusina lawon teh, nya eta rupa-rupa sato boh bangsaning suku opat, boh nu ngarayap, jeung bangsa manuk oge. 13Ngong aya soara kieu, “Geura hudang, Petrus! Heug peuncit, heug dahar eta sato teh!” 14Waler Petrus, “Palias Gusti! Abdi mah tara neda barang haram atanapi anu najis.” 15Ngong deui soara, “Anu geus dihalalkeun ku Allah, ku maneh teu meunang diharamkeun.” 16Kitu jeung kitu bae, nepi ka tilu balikan. Geus kitu, eta barang teh, gancang bae dipulut deui ka langit. 17Petrus mikiran, hal eta teh, naon pihartieunana. Sabot kitu, jurungan Kornelius geus narepi, nya eta araya di hareupeun panto, bari maluruh, 18“Leres kitu, bapa Simon anu katelah Petrus teh di dieu calikna?” carek maranehna ka hiji jelema di dinya. 19Ari Petrus masih keneh mikiran titingalanana tea. Tuluy Ruh nimbalan ka anjeunna, “Tuh, aya nu nareangan duaan. 20Buru-buru tepungan ku maneh, ka handap; tuluy maneh kudu milu jeung maranehna. Lian ti eta, maneh ulah rumegag sabab ka darieuna teh dititah ku Kami.” 21Jut, Petrus turun nepungan. “Ieu bapa,” saurna, “aya naon anu diseja?” 22Jurungan ngawalon, “Nu mawi, ngadeuheus teh ngemban piwarangan Kornelius, opsir anu luhur budi. Anjeunna disumpingan malaikat anu ngemban pidawuh Allah, dipiwarang ngangkir bapa ka bumina; anjeunna seja ngalap piwulangna bapa.” 23Semah ku Petrus diaku sina mareuting di anjeunna. Poe isukna, bral, anjeunna miang jeung nu ngangkir, dibarengan ku sawatara urang Yopa anu saiman. 24Isukna, anjeunna sabatur-batur geus aranjog ka Kesarea, nya keur meujeuhna diarep-arep ku Kornelius nu geus ngangkiran sanak baraya jeung sobat-sobatna. 25Gancang-gancang Petrus ku Kornelius diboro, terus disembah bari sideku. 26Tapi ku Petrus, geuwat bae anjeunna diajak nangtung. Saurna, “Ngadeg bae, bapa mah jalma biasa.” 27Sup, aranjeunna arasup bari cacarios pikeun nepungan anu di jarero imah. 28Saur Petrus ka pribumi, “Dulur-dulur aruninga yen urang Yahudi henteu pisan kenging gaul atanapi natamu ka anu sanes Yahudi deui. Tapi bapa parantos diisaratan ku Allah, dawuhana-Na, ‘Poma ulah nganggap najis atawa haram ka pada jalma.’ 29Atuh waktu diteang teh, bapa henteu rumegag deui; teras bae bapa ka dieu. Ayeuna bapa seja tumaros, naon pasejaanana neang bapa teh?” 30Waler Kornelius, “Opat dinten kalangkung, kinten-kinten wayah kieu, — tabuh tilu sonten — abdi teh tapakur. 31Jleg, aya malaikat ngadeg hareupeun. Panganggona murub mubyar. ‘Kornelius,’ saurna, ‘do'a paneda maneh geus tepi ka hadirat Allah; kitu deui amal sidekah maneh, geus meunang sapa'at di payuneuna-Na. 32Geura nitahan jelema ka Yopa, angkir Simon anu katelah Petrus, anu keur aya di imah tukang ngawidang kulit ngaran Simon keneh, anu pernahna di sisi laut.’ 33Enggal-enggal abdi ngajurungan rencang ka bapa. Hatur nuhun, bapa parantos luntur manah kersa sumping. Ieu anu karempel di payuneun Allah, sadayana ngajeng-ngajeng pisan sumeja ngarupingkeun dawuhan Allah anu diemban ku bapa.” 34Pok, Petrus muka carita, saurna, “Ayeuna ku bapa kaharti, yen mungguh Allah mah teu ngabeda-beda umat. 35Unggal jalma, bangsa naon bae, anu ajrih ka Anjeunna jeung ngamalkeun kahadean, tangtos baris diangkeun. 36Hal ieu teh, — Dawuhan Anjeunna tea — kudu ditepikeun ka bani Israil, nya eta pangandika anu mawa katengtreman jiwa ku karana Isa Al Masih nu jadi Gustining sakumna jalma. 37Saderek-saderek oge, tangtos aruninga kana kajadian-kajadian di tanah Yudea anu diawitanana di Galilea, sanggeus diayakeun baptisan nu diembarkeun ku Yahya. 38Hal ieu teh, nya ngeunaan Isa Al Masih, — urang Nasaret tea — anu parantos diistrenan ku Allah, ku jalan maparin Ruh Allah sarta kakawasaan. Lajeng, Anjeunna teh ngider bari ngamalkeun kahadean jeung nyageur-nyageurkeun sakur anu digenggem ku kawasa Iblis. Sabab Anjeunna, disarengan ku Allah. 39Nya bapa sapara kanca anu geus nyaraksian kana sakur padamelana-Na, tug, nepi ka pupus-Na pisan; Anjeunna diperlaya ku urang Yahudi, nya eta ku jalan digantung dina tihang gantungan. 40Nanging dina poe anu katilu, Isa teh ku Allah digugahkeun deui tina pupus-Na sarta diwidian nembongan. 41Sanajan kitu, nembongana-Na teh, henteu ka sadayana. Tapi ngan ukur ka saksi-saksi-Na bae, — anu ti samemehna keneh parantos ditangtoskeun ku Allah, nya eta ka bapa sapara kanca — anu kungsi dahar nginum jeung Anjeunna sanggeus Anjeunna digugahkeun deui ti antara anu geus maraot. 42Bapa sapara kanca, ku Anjeunna, dipapancenan kedah mere embaran sareng panyaksen ka bangsa sakumna; yen Anjeunna teh, ku Allah parantos dijenengkeun Hakimna sakumna jalma, boh anu harirup keneh, boh anu geus maraot. 43Kitu oge, Nabi-nabi, sadayana sami maparin panyaksenna tina perkawis salira Anjeunna, nya eta sing saha anu percaya ka Anjeunna bakal dihampura dosana ku karana pajenengana-Na.” 44Sabot Petrus cacarios, Ruh Allah lungsur ka nu keur karumpul ngabarandungan. 45Pangiring Petrus ti Yopa, nya eta rencang-rencangna anu saiman ti golongan anu disunat, bati arolohok; pamikirna, geuning bangsa sejen oge sarua ginuluran Ruh Allah. 46Sabab sajeroning ngamulyakeun Allah teh, maranehna, cacaritana ku basa roh. 47Petrus sasauran deui, “Saupama ieu dulur-dulur ayeuna marenta dibaptis ku cai, naha aya anu seja mapalangan? Margi geus bukti maranehna geus nararima Ruh Allah sarua jeung urang-urang!” 48Geus kitu Petrus ngahaturanan maranehna, supaya dibaraptis kalawan pajenengan Isa Al Masih. Sanggeus kitu, Petrus, ku maranehna diandeg, nya pikeun sosonoan heula. Di dinya, anjeunna, meunang sababaraha poe.

will be added

X\