2 TIMOTEUS 2

1Anaking! Mugia hidep kuat ngemban amanat pangandika anu dikurniakeun ku Allah dina katunggalan jeung Isa Al Masih. 2Pangandika anu ku hidep kadenge ti bapa, waktu dikotbahkeun ka jalma rea tea, ku hidep kudu diajarkeun ka jelema-jelema anu kira-kira baris bisaeun deuih ngajarkeun ka nu sejen. 3Hidep pribadi ulah jejerih sieun ku kasukeran, kumaha layakna perjurit Isa Al Masih anu utama. 4Perjurit anu eukeur manggul tugas, henteu musingkeun dirina ku urusan anu aya di saluareun kadinesan, malar kapake ku kapalana. 5Kapan dina olahraga ge, ari hayang meunang mah, kudu nurut kana aturan-aturanana. 6Dina tani, anu pangheulana bisa metik hasil teh, patani anu digawena enya-enya. 7Eta sababna, ieu weweling bapa teh ingetkeun, malar hidep meunang pitulung ti Gusti. 8Hidep sing inget, Isa Al Masih, — anu geus sumping ngajadi manusa, gelar ka dunya ti turunan Daud — geus digugahkeun tina pupus-Na. Ieu pisan anu ku bapa dijieun acining pangwawaran teh. 9Ku lantaran bapa ngawawarkeun hal eta, bapa teh, nepi ka dibui, dijieun kawas ka penjahat. Tapi mungguh pangandika Allah mah pamohalan bisa kabarogod. 10Tur bapa oge daek ngawayahnakeun maneh, dina nandanganana; sangkan jelema-jelema anu ku Allah geus dipilih teh, marareunang kasalametan sarta kamulyaan anu langgeng, ku manunggalna jeung Isa Al Masih. Ieu picatur di handap teh, bener: 11“Ku sabab urang geus ngiring paeh ka Anjeunna, tangtu oge baris ngiring hirup jeung Anjeunna. 12Lamun kuat tur sabar dina nandangan, urang baris ngiring ngarajaan. Sabalikna lamun mungkir, ku Anjeunna ge tangtu dipungkir. 13Najan urang teu satia, Anjeunna mah tetep satia-Na. Sabab Anjeunna mah, hamo mungkiran salira-Na.” 14Pepelingkeun ku hidep, ngeunaan hal eta, ka anggota-anggota. Demi Allah, wanti-wantikeun ka maranehna ulah sok parebut omong, euweuh hasilna, ngan matak bingung ngadengena bae. 15Hidep sorangan kudu ihtiar, sangkan hidep kaanggo ku Allah; sakumaha layakna pagawe anu hade, anu teu era ngemban timbalan ti Mantenna, tur ati-ati enggoning ngawurukkeun amanat kayaktian. 16Hidep kudu ngajaga diri, ulah nepi ka gorgar parebut paisan kosong jeung jelema-jelema tukang loba omong. Sabab hal eta teh, ngan matak tambah ngajauhkeun jelema ti Allah. 17Pangajaran maranehna teh, lir ibarat panyakit kangker anu nyaliara dina awak. Di antara maranehna teh, aya jelema anu ngarana Himenius jeung Piletus, 18anu geus alingkar tina kayaktian. Ceuk maranehna: Kiamat teh geus kajadian. Temahna, aya sawatara jalma anu nepi ka ruksak imanna. 19Tapi pademen kenging Allah mah, reugreug pageuh sarta dicap ku tulisan anu kieu unina: “Pangeran uninga, nu mana kagungana-Na.” Jeung: “Nu rumasa jadi umat Pangeran, kudu miceun kadorakaan.” 20Paparabotan imah anu gede mah pepek, aya nu tina emas perak, aya anu tina kayu, jeung anu tina taneuh oge aya. Anu tina emas jeung perak paranti pesta, anu tina kayu jeung taneuh mah pikeun sapopoe. 21Anu geus meresihkeun diri tina kadorakaan, baris dipakena kana tujuan anu luhung; lir parabot imah anu ku nu bogana dipupusti, dipakena ngan pikeun maksud-maksud anu utama wungkul. 22Hidep ulah nurutkeun perbawa napsu kangoraan. Udag kaadilan jeung kanyaahan, hontal kaakuran, bareng jeung kanca-kanca anu pada-pada temen-tinemenan ngandel jeung ngaharepna ka Pangeran. 23Hidep ulah daek diajak papaduan ngeunaan sual-sual anu mahiwal tur euweuh mangpa'atna. Ku hidep tangtu kama'lum, yen nu kitu mah ngan nungtun kana papaseaan wungkul. 24Padahal nu jadi abdining Gusti mah, teu meunang papaseaan sarta salawasna kudu someah ka sarerea. Kudu jadi guru anu luhung, lantip, sabar, 25sarta lemah-lembut dina nyanghareupan lawan. Malakmandar lawan teh ku Allah dipaparinan jalan kana pertobat, nya eta daek narima kayaktian, 26lilir pikirna lantaran diuculkeun tina cangkereman Iblis anu ngawasaan maranehna.

will be added

X\