2 PETRUS 3

1Paramitra! Geus dua kali jeung ieu, simkuring nyuratan teh. Eusina mah, sarua maksudna, nya eta tarekah seja mepelingan aranjeun. 2Malakmandar aranjeun areling terus kana pilahir nabi-nabi baheula nu saruci; kitu deui, kana timbalan Gusti Jungjunan urang sarta Juru Salamet, anu ditepikeun ku rasul-rasul anu daratang ka aranjeun. 3Anu kudu pohara diingetkeunana teh, nya eta: Dina mangsa-mangsa jaman ahir, bakal aya tukang-tukang nyacampah anu ngaberung. Maranehna bakal nyarieun lulucon anu eusina ngahina ka urang, basana: 4“Baruk, eta teh enggeus jangji arek datang deui? Ari ayeuna eukeur ka mana heula? Geuning ti sapesna karuhun urang, kaayaan teh angger keneh bae, dunya ngadeg ti baheula henteu robah-robah.” 5Maranehna ngahaja mopohokeun sajarah, yen baheula, sanggeus Allah ngandika, jleg langit jeung bumi ngajadi. 6Mopohokeun, yen bumi anu asal tina cai jeung ku cai; geus dibasmi ku cai oge, nya eta waktu aya caah sadunya tea. 7Mopohokeun, yen langit jeung bumi anu kiwari teh, oge dicawiskeun keur parab seuneu, sakumaha Pangandika Allah; ngan sabot ngadago wancina, nya eta Poean jelema-jelema anu daroraka dipariksa jeung ditibanan hukuman. 8Paramitra masing inget! Mungguh di Pangeran mah, sapoe jeung sarebu taun teh teu beda. Da pikeun Mantenna mah, sarua bae. 9Pangeran mah, kana ngalaksanakeun jangji teh, tara talangke cara ceuk sangkaan jelema. Nu saenyana mah, Mantenna, sabar-Na kalangkung-langkung ka aranjeun teh; dumeh kahoyong-Na mah, ulah aya saurang ge anu cilaka; sabalikna, kahoyong-Na mah, kabeh teh tarobat tina dosa-dosana. 10Demi Wanci pisumpingeuna-Na Gusti Jungjunan urang teh, hamo kataksir iraha, cara urang teu bisa naksir wanci pidatangeunana bangsat. Dina Wanci eta, langit baris ngiles sirna; sorana ngagulugur, unsur-unsur jagat raya lebur ku seuneu; kitu deui, bumi katut sagala eusina baris musna kaduruk. 11Jadi, ku sabab kabeh baris lebur ku jalan kitu; atuh hirup aranjeun teh kudu pohara suci kalawan takwana, 12bari sing manteng dina ngarep-ngarep jeung bajuang pikeun pisumpingeunna-Na eta Poean Gusti. Dina poe eta, langit lebur ku seuneu sarta unsur-unsur jagat buana ajur ku panas. 13Tapi mungguhing urang mah, pan pageuh ngarep-ngarep kana jangji Pangeran, Anu ngajangjikeun langit anyar jeung bumi anyar, pangancikan anu dicita-cita ku urang, anu diereh ku kaadilan. 14Sabab eta, dulur-dulur! Sajeroning nganti-nganti, aranjeun teh kudu bajuang; sangkan aranjeun, kasondongna ku Allah teh, ulah aya dina kaayaan cacad atawa nguciwakeun, malar bisa reureujeungan jeung Mantenna kalawan santosana. 15Kasabaran Pangeran ka urang teh, hartina Mantenna maparin tempo sangkan urang salamet; sakumaha anu geus disaurkeun ku Paulus, mitra simkuring, dina suratna ka aranjeun, dulur-dulur. Anjeunna nyebatkeun kitu teh lantaran kenging hikmat kapinteran ti Allah. 16Dina surat-suratna, unggal-unggal oge anjeunna tara luput, kudu bae nyarioskeun ieu perkara. Surat-surat anjeunna sok dieusi ku sababaraha hal anu muskil, matak hese kahartina. Ku jelema-jelema anu kurang pangarti tur kurang pengkuh imanna mah, hal eta, dihartikeunana teh sok diputerbalikkeun, nepi ka matakkeun maranehna cilaka: Nya cara kana tulisan-tulisan Kitab sejenna bae, maranehna, mun ngahartikeun teh sok diputerbalikkeun. 17Tapi mungguh aranjeun mah, ti samemehna oge, geus terang kana hal eta teh. Kari waspadana bae, malar ulah kasered ku anu salalasar, — nya eta jalma-jalma nu teu tara'at kana hukum — bisi matak poho kana cecekelan. 18Anggur sing leuwih rajin ngagunakeun bakat jeung pangarti kurnia ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, sarta Juru Salamet urang tea. Pikeun Anjeunna bae, kamulyaan teh, ti ayeuna dugi salalanggengna.

will be added

X\