2 PETRUS 2

1Sakumaha baheula, umat Allah teh kadatangan ku nabi-nabi palsu. Kiwari, aranjeun ge baris kadatangan ulama-ulama palsu, anu ngasupkeun pangajaran-pangajaran teu uni nu balukarna matak nyilakakeun; lian ti eta, ulama-ulama palsu eta teh, nolak oge ka anu kudu dipi-Gusti, anu geus nebus maranehna. Tapi kalakuan maranehna teh, tangtu malindes ngabinasa ka maranehna keneh. 2Sakitu garorengna, eta lampah, tapi baris loba jalma anu biluk bari terus ngagogoreng Jalan Kayaktian. 3Bawaning ku rakus-rakusna nyiar kauntungan, eta ulama-ulama palsu teh moal euleum-euleum ngasong-ngasong dongeng anu teu aruni. Tapi hukumanana oge, keur maranehna teh, enggeus lila disampakkeun tur moal diengke-engke. 4Allah henteu ngantep ka malaikat-malaikat anu barontak: Kabeh digebluskeun ka naraka; dibarogod di alam poek pikeun ngadago waktu Poe Pangadilan. 5Allah ge henteu ngantep dunya purba, — dina jaman Enoh — tempat jelema-jelema nu marasiat nu ku Mantenna geus dibasmi ku caah gede tea; ngan Enoh jeung tujuh urang wungkul anu dirahayukeun; sabab Enoh mah, anggur ngajak supaya jelema-jelema anu marasiat teh tarobat. 6Allah ge ngahukum kota Sadumu jeung Gomora; kadua kota eta, ku Mantenna dibasmi ku seuneu pikeun jadi conto ka hareupna: Kitu temahna, mungguh jalma nu doraka mah. 7Anu dirahayukeun tina eta hukuman ngan Elut, jalma anu ibadah. Di eta nagara, Elut teu eureun-eureun asa kasiksa ku kalakuan-kalakuan urang dinya anu teu ngendahkeun hukum jeung ngan ngalajur napsu jahatna bae. 8Ma'lum anjeunna hirup di masarakat anu siga kitu, unggal-unggal poe nyaksian kalakuan anu jarahat, teu araruni, nepi ka jiwa Elut kacida kasiksana. 9Tina hal-hal anu bieu, tetela Pangeran teh uninga ka umat-Na anu kudu dilepaskeun tina kasukeranana sarta ngahukum ka jelema-jelema anu jahat; ku jalan ngagebluskeun maranehna ka jero tahanan pikeun ngadago Poe Pangadilan. 10Mantenna pohara ngahukumna ka jelema anu ngumbar napsu jahat, anu ngumbar pangajak badani, jeung ngahina kana pamarentahan Allah. Eta ulama-ulama palsu teh kacida garumedena, nepi ka taya pisan hormatna ka Nu leuwih kawasa ti batan dirina, malah teu euleum-euleum ngagorengkeun teh. 11Cacakan malaikat-malaikat anu jauh tangeh leuwih luhur jeung leuwih kawasa batan maranehna teh, teu warantuneun ngagogoreng maranehna di payuneun Allah. 12Tapi eta ulama-ulama palsu tea, jelema soteh ukur ngaranna, ari kalakuanana mah teu beda ti sato anu henteu boga akal. Maranehna teh, bleg sato bae, nya ngan pikeun boroeun jeung paehaneun wungkul. Maranehna ngagorengkeun perkara nu teu kaharti ku akalna. Nya kalakuanana keneh bae anu bakal ngalantarankeun maranehna binasa lir sato alas teh. 13Kajahatanana tangtu baris meunang pangwales. Kana ngumbar pangabeuki, makmak-mekmek sapanjang poe, geus ngabaju. Mutuh matak era, matak mawa cacad ku kalakuanana anu sasar mun pareng aranjeun dahar bareng jeung maranehna. 14Matana giras, pinuh ku geter birahi, nya eta kana hirup rucah sarta taya seubeuhna migawe dosa. Tukang ngolo ka nu barodo. Hatena kebek ku tabeat hawek. Jelema-jelema sapaeun Pangeran! 15Jalanna ngalalapruk, nepi ka maranehna teh sasab; nya tuluy bae nyokot jalan kawas anu dipake ku Balhum bin Beor anu sapongkol jeung musuh, pedah kagembang ku uang. 16Tuh geuning, Balhum ge geus ditegor ku Allah. Kalde tutumpakanana ngadak-ngadak bisa ngomong kawas jelema, megeg kapalunganana eta nabi. 17Eta ulama-ulama palsu teh, jeg hulu cai anu geus saat atawa kawas mega anu katebak ku angin barat. Pitempateunana teh, nya eta di nu poek mongkleng, nu geus disampakkeun ku Pangeran. 18Sungutna lir lodong kosong harus ngelentrung. Lampah rucahna, dipake ngabibita batur anu kakara bae lilir tina kabiasaan-kabiasaan anu aeb. 19Majar maneh bisa mere kamerdikaan, padahal soranganana jadi badegana napsu-napsu anu matak ngabinasa. Sabab sing saha anu kasoran, eta teh kudu kumawula ka anu ngelehkeunana. 20Upama jelema anu geus ucul tina pangaruh-pangaruh dunya anu ngaruksak ku lantaran geus wanoh ka Isa Al Masih, — Gusti Jungjunan urang sarta Juru Salamet urang — heug kabeulit deui ku nu karitu; kaayaanana teh baris leuwih cilaka tibatan tadina. 21Pikeun jelema anu kitu mah, saenyana leuwih hade ulah nyaho sama sakali kana jalan anu bener; tibatan nyaho, tapi balik deui nukangan parentah suci anu diwawarkeun ka manehna. 22Jelema anu kitu, ninggang kana paribasa: “Anjing ngaletakan deui utahna, babi nu beunang ngamandian ancrub deui kana pangguyangan.”

will be added

X\