2 PETRUS 1

1Surat ti simkuring, Simon Petrus, rasul anu eukeur kumawula ka Isa Al Masih. Kahatur dulur-dulur, anu ku karana adil-Na Allah jeung Juru Salamet urang, Isa Al Masih, geus ngamilik banda anu mulya saperti simkuring, nya eta iman kapercayaan. 2Mugi-mugi aranjeun ginanjar rahmat rahayu, dumeh geus terang ka Allah jeung ka Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih. 3Ku kawasaning Allah nu agung, urang geus dipaparin sakur nu perlu geusan hirup kalawan ibadah, nya eta ku lantaran diwanohkeun ka Nu geus nyaur ka urang, malar kamulyaan jeung kakawasaan Anjeunna tumerap ka urang. 4Jangji-jangji Mantenna ka urang, anu agung tur luhur pangajina, geus tutas laksana. Ku kituna, — ku karana kudrat ilahi — aranjeun geus bisa ngejat tina pangaruh-pangaruh dunya anu ngaruksak. 5Ku sabab eta, aranjeun kudu ihtiar sakuat-kuatna: iman deudeul ku kanyaahan; kanyaahan deudeul ku pangarti; 6pangarti deudeul ku mawas diri; mawas diri deudeul ku kamantepan; 7kamantepan deudeul ku ibadah; ibadah deudeul ku midulur pada batur; midulur pada batur deudeul ku nyaah ka sakumna jalma. 8Upama sipat-sipat eta, geus kapimilik ku aranjeun. Tangtu wanoh ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang teh, baris beuki subur buah-buahna. 9Sabalikna, saha bae nu teu ngabogaan sipat-sipat anu kasebut tadi mah, eta teh poekkeun. Manehna poho, yen dirina geus dilubarkeun tina dosa-dosa nu baheula. 10Sabab eta, dulur-dulur kudu narekahan sakuat-kuatna, sangkan panyaur jeung pamilih Allah ka aranjeun teh ngajadi reugreug pageuh. Upama geus bisa kitu, pamohalan aranjeun tigedebug. 11Aranjeun baris dipaparin kalangsaran asup ka Karajaan anu langgeng kagungan Gusti jeung Juru Salamet urang, Isa Al Masih. 12Eta sababna, sanajan aranjeun geus tabah tur pengkuh madeg dina eta kayaktian, simkuring moal weleh-weleh ngelingan. 13Sapanjang make keneh ieu raga awak, ngageuing ka aranjeun teh pikeun simkuring mah jadi hiji kawajiban. 14Sabab simkuring geus terang ti Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang ku anjeun, yen ieu kurungan simkuring teh sakeudeung deui oge baris ruag. 15Nu matak ayeuna simkuring teh tarekah, sangkan hal ieu ku dulur-dulur tetep ditungkus jeroning kalbu, sanajan simkuringna geus teu aya. 16Dulur-dulur! Anu diwawarkeun ku simkuring teh lain dongeng jijieunan. Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, anu baris rawuh deui teh memang mulya tanpa tanding. Simkuring sabatur-batur geus naringal sorangan kumaha kamulyaana-Na. 17Kasaksian pisan caraning Anjeunna nampi kahormatan jeung kamulyaan ti Allah Rama, anu leuwih ditetelakeun deui ku gentra ti Anu Maha Mulya, ungelna: “Ieu Putra Kami! Kakasih Kami!” 18Eta gentra ti sawarga teh, sidik pisan kadenge ku simkuring jeung dua batur anu nyarengan Anjeunna, disalahsahiji puncak gunung anu suci. 19Sanggeus nyaksian eta, kayakinan simkuring sabatur-batur kana dawuhan Allah anu ditepikeun ku nabi-nabi teh, jadi beuki teguh. Ieu hal, perlu ku aranjeun diperhatikeun, lir neuteup cahaya palita anu nyaangan poekna peuting, ngadago cahaya bentang isuk anu moncorong jeroning ati, mapag datangna beurang. 20Jeung kudu diingetkeun: Moal aya hiji nubuwat dina Kitab anu bisa dibuka pihartieunana ku uteuk pangarti manusa sorangan. 21Sabab taya hiji nubuwat beubeunangan uteuk manusa. Nabi mah darma ngucapkeunana sarta ngucapkeunana ge salawasna kalawan pajenengan Allah; sabab kedalna teh, ku pangjurungna Ruh Allah.

will be added

X\