2 KORINTA 4

1Ku lantaran jabatan simkuring teh mutlak sih kurnia ti Allah, simkuring teu salempang kana naon-naon. 2Kalakuan anu matak era, anu tadina dikilungan, geus dipiceun. Pangandika Allah, ku simkuring mah, moal diputer balik; rek diwawarkeun sakumaha mistina, kari gumantung kumaha jelemana anu rek narimana di payuneun Allah. 3Upama tea mah, ieu Injil teh, masih keneh kapindingan, eta ngan pikeun jelema-jelema anu baris cilaka, 4nya eta anu teu palercaya, anu pikirna geus lolong ku Iblis. Eta sababna, maranehna nepi ka teu awas kana cahaya Injil anu nyumiratkeun kamulyaan Al Masih, nu jadi kanyataan Allah. 5Anu dimashurkeun ku simkuring teh lain diri sorangan, tapi Isa Al Masih anu jumeneng Gusti Jungjunan urang. Simkuring sabatur-batur mah, ngan saukur bujang aranjeun ku karana Isa. 6Allah anu nimbalan: ‘Ti nu poek sing bijil caang’ tea, nyaangkeun hate simkuring, nepi ka awas kana kamulyaan Mantenna anu sumorot tina pameunteu Al Masih. 7Simkuring mah, anu nyimpen eta rajabrana teh, ngan saukur ibarat wadah tina taneuh; sangkan kanyahoan yen kakawasaan anu mencar tina eta wadah teh istuning kakawasaan ti Allah, lain ti simkuring asalna. 8Simkuring digencet ti saban pihak, tapi tara kasedekkeun. Sok pareng buntu akal, tapi tara nepi ka buntu kalakuan. 9Sanajan dikaniaya, ku Mantenna tara dikantun. Sering kapeupeuh, tapi tara eleh. 10Indit ka mana-mana ge, diri teh kudu nandang sangsara tina pupusna Isa, supaya Isa oge bisa nyata tina diri simkuring. 11Sabab nya ku karana Isa, hirup simkuring sabatur-batur diserenkeun kana paeh, supaya jumenengna Isa teh nyata katara aya di sajeroning ieu diri anu sipatna teu langgeng tea. 12Jadi, simkuring diancam ku ajal teh, sangkan aranjeun hirup. 13Iman kapercayaan simkuring sabatur-batur saluyu jeung uni Kitab: ‘Kaula percaya, ku sabab eta wani nyaturkeun.’ Sabab simkuring oge wani cacarita teh lantaran percaya; 14tur percaya yen Allah anu ngagugahkeun Isa, Gusti Jungjunan urang, — tina pupus-Na — tangtu ngahudangkeun urang bareng jeung Al Masih. Urang sarerea baris bareng ngadeuheus ka Mantenna. 15Simkuring sabatur-batur nyorang kieu teh, malar beuki loba jelema anu narima sih piwelas Allah. Ku kituna, beuki loba jelema anu baris narimana, beuki loba oge anu ngucap sukur ngamulyakeun Pajenengana-Na. 16Eta sababna, nu matak simkuring tara leutik hate teh. Keuna ku sangsara jeung nalangsa soteh raga badag, da ari batin mah, unggal ganti poe ge, dianyarkeun. 17Kasangsaraan anu ayeuna, anu teu pira, eta teh pikeun ngahontal kaunggulan anu langgeng tur tanpa tanding. 18Hal-hal anu geus puguh ngawujud mah moal rek dipikiran. Nu rek diimpleng teh, nya eta anu tacan ngawujud. Sabab anu geus aya wujudna mah moal lana ayana. Sabalikna, anu can katembong wujudna mah sipatna langgeng.

will be added

X\