2 KORINTA 2

1Geus gilig seja ka dieu deui, malar ulah nguciwakeun deui. 2Sabab upama aranjeun dikuciwakeun, saha deui atuh anu baris ngabeberah simkuring lian ti aranjeun keneh, anu geus dikuciwakeun ku simkuring. 3Maksud nu matak nyuratan oge, supaya engke, mun simkuring datang, ulah disampakkeun ku budi haseum. Sabalikna, simkuring hayang dipapag ku kabungahan. Sabab yakin mun simkuring bungah, aranjeun oge moal teu bungah. 4Waktu nulis surat nu ti heula tea, hate simkuring mah pohara nalangsana, nepi ka ragragan cipanon. Harita, simkuring teh, teu pisan-pisan rek nganyerikeun ka dulur-dulur; malah seja nembongkeun kanyaah anu taya papadana. 5Sabalikna, mun aya nu nyieun pikanyerieun, balukarna lain ka simkuring bae, tapi ka aranjeun oge. Papadaning kitu, simkuring moal nyalah-nyalahkeun teuing ka nu kitu teh. 6Jadi, mun aya anu kitu, weweleh bae ku sarerea. Ku dikitukeun ge, tangtu geus beurat karasana ku jelemana. 7Jadi, sapantesna jelemana mah dihampura bae, dibeberah, ulah nepi ka kagegeringan bawaning ku nalangsa. 8Kudu enya-enya dipikanyaahna teh! Kitu nasehat ti simkuring. 9Nu matak nyuratan ge, maksud simkuring teh kitu, nya eta seja nguji aranjeun: Taat henteuna kana papatah. 10Upama jelemana ku aranjeun dihampura, ku simkuring oge tangtu dihampura. Sabab upama aya anu kudu dihampura, geus tangtu simkuring ngahampura oge, eta teh lantaran ngingetkeun ka aranjeun jeung ku karana Al Masih. 11Maksudna, supaya Setan ulah kungsi beubeunangan ti urang. Kapan urang, kabeh ge, geus apal kana tabeatna Setan teh. 12Basa simkuring datang ka Troas rek nguarkeun Injil Al Masih, Gusti ge maparin jalan. 13Tapi hate simkuring teh asa honcewang, lantaran henteu papanggih jeung Titus, dulur urang tea. Ku sabab kitu, sanggeus pamitan mah, kebat deui bae ngajugjug ka Makedoni. 14Tapi sukur ka Allah anu teu petot-petot ngajaring, ngalantarankeun simkuring bisa hasil sarta unggul. Simkuring, ku Mantenna dianggo lir seuseungitan pikeun ngawanohkeun jenengan Al Masih ka mana-mana. 15Memang ku Allah, simkuring teh, didamel seungiting Al Masih ku anjeun anu ngawangikeun jenengana-Na, boh ka jalma-jalma anu baris disalametkeun, boh ka nu baris dibinasakeun. 16Pikeun anu baris dibinasakeun mah, kaambeuna matak paeh; sabalikna, pikeun anu baris disalametkeun mah, kaambeuna matak hurip. Saha anu sanggup ngajalankeun anu sarupa kitu? 17Sabab simkuring mah sabatur-batur, henteu cara anu sejen-sejen nyiar kauntungan tina pangandika Allah. Ucap carita oge, sacerewelena ti nu ditimbalkeun ku Allah tea bae; kalawan hate anu beresih di hadirat-Na sarta ku karana iman ka Al Masih.

will be added

X\