2 KORINTA 12

1Da saenyana mah, simkuring agul teh taya untungna. Sanajan kitu, simkuring baris nyaritakeun tetenjoan sarta wahyu ti Gusti. 2Opat belas taun ka tukang, simkuring diparengkeun ningal salahsaurang ti umat Al Masih anu diangkat ka langit katilu. Ningal teh duka jeung raga badag, duka henteu; anging Allah anu uninga. 3Simkuring ningal (duka jeung raga badag duka henteu anging Allah anu uninga): 4Eta jalma ngadadak diangkat ka Pirdus, terus ngadenge hiji pangandika luar biasa, anu moal katurutan ku basa manusa. 5Simkuring agul teh ku lantaran eta jelema. Ari diri sorangan mah, naon atuh agulkeuneunana, lian ti kahengkeran mah. 6Tapi upama rek agul ge, naon salahna; da ieu anu dicaritakeun teh, saenyana. Tapi moal, — moal agul — bisi aya anu nyangka yen simkuring teh jelema luhung, nepi ka mencog tina panenjona, beda tina dedengeanana. 7Ngan supaya ulah kungsi kamagungan, pedah simkuring geus meunang eta wahyu anu sakitu luar biasana, simkuring teh dibere hiji cucuk di jero awak anu nimbulkeun kalara. Saenyana, eta teh utusan Iblis supaya simkuring ulah agul! 8Simkuring geus sasambat ka Gusti, nepi ka tilu kali, neda ucul tina eta kalaraan. 9Tapi ku Gusti diwaler kieu: ‘Kurang kumaha Kami nyaah ka maneh? Sing tahan, sabab kakuatan teh sampurnana ku ayana kahengkeran.’ Eta sababna, simkuring agul ku kahengkeran sorangan teh, sangkan kakawasaan Al Masih manjing sajeroning diri. 10Jadi, simkuring rido narima kahengkeran, dihina-hina, disangsara, dikaniaya, dipeupeurih, demi keur kamulyaan Al Masih. Ku lantaran rumasa hengker, iman simkuring jadi kuat. 11Simkuring jadi bodo kieu teh, ku lantaran aranjeun nu maksana. Benerna mah, hargaan simkuring teh ku aranjeun. Sabab dina sagala rupa oge, simkuring teh teu eleh geleng ku eta rasul-rasul anu magar laluhung teh. 12Ciri yen simkuring rasul kapan kanyahoan ku aranjeun oge, dibuktikeun ku tanda-tanda, mujijat-mujijat, jeung rupa-rupa kawasa. 13Dibanding jeung jamaah-jamaah sejen, cik iraha aranjeun teh rajeun ku simkuring disingsalkeun, iwal ti tara dipentaan pangabutuh? Bisi ieu karasana teu adil mah, hampura bae! 14Geus rek katilu kalina ieu, simkuring niat nganjang ka aranjeun teh. Lain arek barangpenta. Nu diboro-boro teh aranjeun, lain pangabogana. Anak mah, memang teu wajib ngipayahan kolot, tapi kolot anu wajib ngipayahan anak. 15Ku kituna, pikeun aranjeun mah ulah bon harta banda, nyawa oge moal diowelkeun. Tah nepi ka kitu, kanyaah simkuring ka aranjeun teh. Sageuy nu asih rek dipulang sengit mah! 16Tapi sakitu simkuring tara ngabeungbeuratan, ku aranjeun kalah ka dipajarkeun rek macikeuh, arek meres lelemesan. 17Cik iraha simkuring, — ku salahsaurang ti utusan-utusan nu dikirim ka aranjeun — kungsi narik kauntungan ti aranjeun? 18Nyebut kitu teh, pedah bae simkuring geus ngutus Titus jeung baturna, saurang, sina ka aranjeun. Kungsi kitu Titus narik kauntungan ti aranjeun? Lain sarua tekad jeung caraning hirup anjeunna jeung simkuring? 19Geus lila pisan aranjeun nyangka simkuring jeung Titus hayang meunang sorangan teh, nya? Salah eta teh, dulur-dulur! Demi Allah, demi Al Masih: Nu diseja ku simkuring teh, taya lian ti hayang ngahudangkeun iman aranjeun! 20Simkuring rempan bisi engke ana urang tepung masing-masing beda anggapan: Aranjeun sulaya tina kahayang simkuring, simkuring sulaya tina kahayang aranjeun. Sieun matak jadi cekcok, hiri dengki, amarah, masing-masing hayang bener sorangan, tingkecewis silih upat, silih omongkeun, silih angkuhan, sarta kusut ribut. 21Inggis bisi jol teh simkuring diparengkeun apes ku Gusti Pangeran. Tada teuing ngerikna hate, mangkarunyakeun ka jalma-jalma anu ti bareto nepi ka ayeuna daroraka keneh bae, can tarobat tina kalakuanana anu kalotor, rarucah, jeung ngalajur napsu.

will be added

X\