2 KORINTA 11

1Muga aranjeun teh, ulah kurang-kurang, ngama'lum ka simkuring anu bodo. 2Simkuring osok timburuan ka aranjeun teh, bawaning ku nyaah, nya eta kanyaah anu asalna ti Allah. Sabab aranjeun disanggakeun ka Al Masih teh, ibarat lanjang anu geus dipapacangankeun. 3Kainggis teh, sieun bisi aranjeun kagoda ku nu sejen; heug udar kasatiaan aranjeun ka Al Masih teh, kawas Hawa anu kaosol ku Si Oray pelit tea. 4Da geuning aranjeun mah jongjon bae, sakitu aya anu uar-uar magar aya Al Masih sejen, aya Ruh sejen, sarta aya Injil sejen anu beda ti nu dikabarkeun ku simkuring. 5Sanajan kitu, simkuring mah henteu asa leuwih handap ti eta rasul-rasul anu magar laluhung teh. 6Bener, yen simkuring mah lain ahli nyarita, tapi ari pangarti mah boga. Hal ieu, unggal aya kasempetan, ku simkuring sok teu kendat ditetelakeun ka aranjeun. 7Enggoning ngabarkeun Injil Allah ka aranjeun, tara teh teuing simkuring menta buruhan. Kaperluan sorangan mah dipandeurikeun bae, mentingkeun heula aranjeun. Cik, naha salah ari kitu? 8Pikeun nyumponan ongkos-ongkos supaya bisa terus baranggawe di aranjeun, simkuring dibelaan ngurihit ka jamaah-jamaah sejen menta disumbang. 9Salila di aranjeun, najan sakumaha butuhna ku duit, can sakali simkuring ngurihit ka aranjeun. Kabeh pangabutuh geus dicukup ku dulur-dulur anu daratang ti Makedoni. Kalah ka kumaha ge, aranjeun mah moal dibeungbeuratan. Ieu pamadegan simkuring teh keur saterusna. 10Lebah dieu simkuring agul. Demi kayaktian Al Masih anu aya di diri simkuring, ieu rasa agul teh, di sakuliah Ahaya hamo aya anu bisa mupus. 11Naha simkuring ngomong kitu? Na pedah teu nyaah ka aranjeun? Puguh bae nyaah mah, Allah ge langkung tingali. 12Simkuring rek angger kitu, geusan nyegah hal-hal anu bisa dijieun gara-gara ku tukang nyieun gara-gara: Anu akon-akon magar maranehna oge sarua boga jabatan kawas jabatan simkuring. 13Eta, nu karitu teh, rasul-rasul titiron rek macikeuh, nyamur-nyamur rasul-Na Al Masih. 14Teu aneh, ma'lum Iblis oge osok niron-niron malaikat sajati. 15Atuh teu aneh deuih, lamun bawahanana oge nyalalamur jadi abdi-abdi kayaktian teh. Tapi moal teu aya balukarna ka maranehna, satimpal jeung kalakuanana. 16Sakali deui, muga simkuring ulah dianggap Si Bodo. Tapi ari kapaksa-kapaksa teuing mah, dianggap kitu ge, teu naon-naon. Asal bae tetep kaaku ku aranjeun, sangkan bisa keneh ngagulkeun aranjeun saeutik-eutikeun. 17Puguh bae, ieu mah lain ucapan panganut Al Masih. Ieu mah ucapan simkuring, Si Bodo anu agul ku kabodoanana. 18Sabab loba jalma anu aragul ku sual-sual sipat lahir; jadi, naon salahna, upama simkuring nurutan? 19Bongan aranjeun anu palinter daek dikutiplak ku nu barodo! 20Buktina sakitu diutuh-etah, diperes, dipacikeuh, diangkuhan, jeung ditalipak ku nu karitu, aranjeun mah jongjon bae. 21Era-era ge rek waleh, simkuring sapara kanca mah pimanaeun kuat dikitu-kitu! Rumasa teu kaopan. Sabalikna, mun aya anu wani agul-agul, — ceuk pikiran simkuring anu bodo — simkuring oge wani agul-agul mah? 22Ari maranehna teh urang Ibrani? Simkuring oge urang Ibrani. Ari maranehna teh urang Israil? Simkuring oge urang Israil. Ari maranehna teh turunan Ibrahim? Simkuring ge turunan Ibrahim. 23Ari maranehna teh abdi-abdi Al Masih? Komo simkuring mah! Rek nyombong ge, simkuring mah pantes. Sabab ngabdi ka Anjeunna teh, estu tohtohan, nya eta nepi ka dipanjara, disiksa, sarta mindeng mehmehan ajal. 24Dirangketan ku urang Yahudi ge, mani lima rintakan: Masing-masing opat puluh kali ngarangket kurang hiji. 25Diteunggeulan ku gegendir, tilu rintakan. Dibaledogan ku batu sakali. Cilaka di laut lantaran kapal kalebuh, tilu kali. Kungsi sakali, awak ngangkleung di laut sapoe sapeuting. 26Sajeroning luluntaan, simkuring mindeng dipegat bahaya: Bahaya di walungan, bahaya dibegal, bahaya ti bangsa sorangan kitu deui ti bangsa deungeun, bahaya di kota, di alas kikisik, di laut, kitu deui bahaya ti jelema-jelema anu pura-pura midulur. 27Simkuring ge, mindeng kudu banting tulang, carang mondok, mindeng lapar, halabhab, sering teu manggih dahar, mindeng kabulusan, tur teu boga papakean anu bener. 28Mana ripuh ku urusan-urusan sapopoe, — anu ku simkuring teu kudu dicaturkeun deui — mana melang ka jamaah-jamaah! 29Upama aya nu nandang apes; naha kitu simkuring teu milu apes? Naha kitu hate simkuring tara remuk ku kasedih, upama aya dulur anu tigubrag kana dosa? 30Lamun simkuring rek agul, agul teh ku perkara-perkara anu tumali jeung kahengkeran sorangan. 31Enyaan, simkuring teu bohong. Allah, — Ramana Isa, Gusti Jungjunan urang, sembaheun salalawasna — uninga yen ieu lain akon-akon. 32Basa keur di Damsik, simkuring teh rek ditangkep ku gupernur di dinya, bawahan raja Aretas. Kota dikepung jeung dijaga sakurilingna. 33Tapi berekah, simkuring teh aya anu nulungan. Simkuring diulur dina karanjang ti luhur kuta; ku jalan eta, simkuring teh bisa salamet, henteu kacerek.

will be added

X\