2 KORINTA 10

1Simkuring, Paulus, dipajarkeun teh, rajeun wani ari jauh; ari adu hareupan mah, teu wani kitu kieu. Demi Al Masih anu lemes panggalih-Na, simkuring seja ngelingan ka aranjeun: 2Kahade, ulah ngajak simkuring keras ana adu hareupan. Ulah maksa simkuring kudu ngaweweleh jelema-jelema anu nuding yen ieu usaha simkuring teh, keur nyocokan pangabutuh jasmani. 3Memang simkuring oge jalma lumrah, nya eta tina daging jeung getih; tapi bajuangna simkuring teh, lain katarik ku pangabutuh jasmani. 4Pakarang anu dipake ku simkuring, lain buatan manusa; tapi kakawasaan Allah, anu sanggup ngancurkeun benteng-benteng, numpes akal-ekol palsu, 5sanggup ngabedah tiap-tiap hahalang anu mendetan usaha jalma pikeun nyaho saha Allah teh. Sanggup ngaboyong sagala pikiran jeung angen-angen manusa sina aranut ka Al Masih. 6Upama aranjeun enggeus kabeh tunduk ka Al Masih, simkuring sapara kanca geus sadia baris ngahukum ka sakur anu mungpang. 7Ari aranjeun nilik jelema teh tina lahirna bae? Sing saha anu boga angkeuh jadi milik-Na Al Masih, kudu nalek maneh bari mikir, yen simkuring sapara kanca ge, kagungan Al Masih cara manehna. 8Malah simkuring mah, najan rek agul-agul oge pantes; sabab simkuring, ku Gusti geus dipercaya pikeun ngolah aranjeun: Dipiwarang ngolah, lain dipiwarang ngancurkeun! 9Surat-surat simkuring oge, ulah disangka nyingsieunan wungkul. 10Bisa jadi, aya anu ngomongkeun kieu: ‘Surat-suratna mah, Paulus teh, memang ngareusi jeung aranteb. Tapi ari geus adu hareupan mah, teu pira jeung nyaritana ge, teu pati bisa.’ 11Ka anu karitu, — ku aranjeun ge, engke kanyahoan — yen simkuring teh heunteu beda, boh dina surat, boh pahareup- hareup. 12Tapi simkuring mah, moal nurutan atawa nandingan jalma-jalma anu sok ngagul-ngagul maneh, anu ngukur dirina ku ukuran sorangan, jeung anu nandingkeun maneh kana dirina sorangan. Sabab jalma kitu teh, tetela bodo balilu! 13Simkuring mah, agul ge moal liwat wates: Moal kaluar ti jero lingkungan anu diwates ku Allah kaasup daerah aranjeun. 14Simkuring ngawawarkeun Injil Al Masih ka aranjeun teh, henteu ngaronjat-ronjatkeun maneh; — kawas nu sieun teu nepi bae — sabab aranjeun, teu burung kahontal. 15Di tempat-tempat anu geus dipigawe ku batur, paliyas simkuring rek agul-agul. Tapi di tempat cekelan sorangan, nya eta di aranjeun, — mun gawe simkuring mekarkeun iman aranjeun tea, geus hasil — simkuring pantes mun miharep leuwih dihargaan deui ku aranjeun teh. 16Upama iman aranjeun geus hirup hurip, tangtu simkuring bisa neruskeun gawe ngawawarkeun Injil ka tempat-tempat anu leuwih jauh, nya eta anu can digarap ku batur; da simkuring mah, embung agul ku pagawean batur. 17Ceuk Kitab oge: ‘Mun aya nu niat seja ngagungkeun, ngagungkeunana teh kudu ka Pangeran.’ 18Jalma anu pujieun mah, lain anu sok muji maneh, tapi anu kapuji ku Pangeran.

will be added

X\