1 TIMOTEUS 5

1Saterusna, hidep oge, ari negor ka nu enggeus karolot mah, ulah keras-keras; jadi, sing cara ka bapa. 2Ari ka sasama budak ngora, sing cara ka dulur. Kitu deuih, ari ka wanita-wanita anu geus kolot, sing kawas ka indung. Tuluy ari ka paramojang, sing kawas ka lanceuk atawa adi kalawan hate anu jujur. 3Ka randa-randa, anu enya randa, masing hormat. 4Sabalikna, upama randa-randa eta teh, boga anak atawa incu; eta anak incuna teh, sing sina rumawat, minangka pamales budi ka indung bapa atawa nini akina. Eta teh, sapuk pisan jeung pangersa Allah. 5Upama randa, anu enya randana tea geus tinggal nyorangan pisan, kudu sina muntang ka Allah neda piwelas-Na; da Mantenna nu baris mitulung teh jeung ngajaring beurang peuting. 6Sabalikna, randa anu resep kana senang-senang jeung sakama-kama, najan hirup keneh oge, beunang disebutkeun geus paeh. 7Bejaan kudu ngajaga tingkah laku, ulah nyieun picelaeun. 8Sing saha bae oge anu tambelar ka kaom kulawargana, komo ka anggota rumah tanggana sorangan; eta teh ngaranna murtad, leuwih goreng ti batan anu henteu boga iman. 9Randa anu umurna acan genep puluh taun, ulah waka diasupkeun kana daptar. Dina geus meujeuhna diasupkeun kana daptar ge, kudu nyumponan heula sarat: Bogana salaki ngan sakali; 10kalakuanana kaceluk hade; alus rumawatna ka anak; akuan ka tatamu; daek mangumbahkeun suku sasama umat Allah; lian ti eta, manehna oge daek nalang ka nu susah. Cindekna, kumureb kana sagala gawe anu harade. 11Randa-randa anu ngarora keneh mah, ulah diasupkeun kana daptar. Bisi, maranehna, katarik hayang kawin deui; — heug bae embung ngalakonan deui kawajiban ti Al Masih — 12eta hartina ingkar tina jangji seja satia ka Anjeunna. 13Atawa sok unjung-anjang ngadon ngobrol miceunan waktu, pipilueun kana urusan batur, sarta ngobrolkeun nu teu parantes. 14Alusna, randa-randa nu ngarora keneh mah, heug karawin deui bae: Sina baroga anak jeung ngurus rumah tangga; malar anu jaradi lawan teh, ulah boga upatkeuneun ti urang. 15Da aya randa-randa anu ingkar tina jalan anu bener, terus ngapruk kana jalan setan. 16Kitu deuih, upama dina hiji kulawarga aya randana. Eta kulawarga teh, boga kawajiban ngabayuan anggotana anu geus randa tea. Jadi, ulah nepi ngarerepot jamaah; sangkan jamaah bisa laluasa ngabayuan randa-randa, anu enya-enya perlu dibantu hirupna. 17Kokolot anu hade ngokolotanana, kudu diajenan dua kali lipet. Komo lamun anjeunna getol hutbah jeung ngawuruk mah. 18Sabab ceuk Kitab oge: “Munding anu keur dipake, ulah diborongsongan; ” jeung: “Nu digawe wajib meunang upah. ” 19Hidep ulah guguan ka anu ngadukeun kokolot, kajaba lamun pangaduanana kuat saksi, nya eta aya dua atawa tilu jalma. 20Anu tetela salah, bolekerkeun bae dosana sina kanyahoan ku sarerea, sangkan anu sejen oge sarieuneun. 21Bapa meredih ka hidep: Demi Allah, demi Isa Al Masih, jeung malaikat-malaikat anu kapilih; jalankeun ieu katangtuan teh ka nu karitu, tong asa-asa jeung ulah beurat sabeulah. 22Jaba ti kitu, hidep ulah gampang-gampang numpangkeun leungeun, ngangkat jalma geusan nyekel papancen jamaah. Ulah kabaud ku jelema anu doraka. Jaga diri hidep sangkan tetep mulus. 23Nginget hidep teh, sakitu ririwitna; bapa nganasehatan, sangkan hidep nginum anggur oge, barang saregot mah; jadi, ulah ngan nginum cai wungkul. Eta teh perlu, keur ngalembutkeun kadaharan dina padaharan. 24Mungguh kasalahan jalma teh, aya anu ujug-ujug breh katohyan, — siga anu miheulaan lumpat arek ngadakwa ka pangadilan — aya oge anu kabukana sanggeus kalilanakeun. 25Lampah hade ge, kitu; aya anu breh harita keneh, aya nu henteu; tapi kabeh oge, mo burung nembrak.

will be added

X\