1 TESALONIKA 5

1Simkuring sapara kanca sama sakali teu terang, iraha Gusti Jungjunan urang teh baris sumping. 2Teu perlu diterangkeun mangsa pisumpingeuna-Na teh, da hamo kajudi; sabab sumping-Na teh, kawas ti peuting urang teu nyangka-nyangka baris kaasupan bangsat. 3Waktu anu ku jalma-jalma disangka aman sarta taya naon-naon, ana geletuk teh harita pisan kadatangan bahla, nepi ka maranehna teu bisa sumingkir deui: Kantun nyerina, lir kanyerina awewe nu keur ngajuru. 4Tapi hirup aranjeun mah, kapan henteu kabawah ku poek. Jadi, aranjeun moal kabongohan ku eta Wanci, kawas kabongohan ku bangsat. 5Sabab Dulur-dulur mah kabawah ku caang, nya eta beurang tea. Ari peuting mah urang moal bisa naon-naon lantaran poek. 6Kahade urang mah ulah keuna ku teu eling, nya eta ngeunah-ngeunah jeg nu hees, nurutan batur. Sabalikna, kudu tetep nyaring pikir, eling salalawasna. 7Mun aranjeun hees atawa mabok mah, atuh teu beda tina jeung ti peuting! 8Urang mah anu di lingkungan caang, nya eta beurang tea, kudu waspada jeung sayaga. Lir ibarat prajurit anu make bae baju kere iman jeung kanyaah; ari balakutakna pangharepan kana mangsaning rahayu. 9Urang ku Allah teh henteu ditakdirkeun geusan nadah hukuman, tapi geusan dirahayukeun ku Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 10Isa Al Masih geus pupus pikeun nalangan urang, sangkan boh keur hirup keneh, boh geus paeh bisa tetep sasarengan jeung Anjeunna. 11Tumali jeung eta, sing tetep kawas ayeuna, nya eta silih aping silih geuing. 12Simkuring sapara kanca meredih: Muga aranjeunna, anu nungtun ka dulur-dulur jeung ngelingan enggoning anut ka Gusti, anu geus didaramel sakitu paeh-posona pikeun aranjeun; ku aranjeun teh kudu dihargaan jeung diajenan. 13Jungjung ku hate anu pinuh ku tresna asih. Hargaan padamelanana. Masing layeut runtut-raut. 14Jeung omat, lamun aya anu ngedul, papatahan; nu geus pegat pangharepan lilipur, tegerkeun hatena; nu lemah, belaan; ka itu ka ieu sing sabar. 15Poma, ulah aya anu ngabales goreng ku goreng. Sabalikna, keprik sangkan raresep kana melak kahadean, boh ka pada batur, boh ka masarakat umum. 16Salawasna kudu janglar kudu hegar. 17Ulah tinggal ti neneda. 18Tarimakeun sagala nu dikersakeun. Kitu anu dipundut ku Allah ti sakur anu anut ka Isa Al Masih. 19Poma ulah mareuman Ruh. 20Ulah ngabaekeun kana ucapan-ucapan kanabian. 21Sagala rupa kudu diuji jeung dipaluruh. Nu hade pageuhan, 22sakur nu goreng kudu disinglar. 23Mugi-mugi Allah ku Manten, — anu jadi sumbering Karahayuan — nyucikeun aranjeun tina sagala kaluluputan sarta jiwa raga katut roh aranjeun ge, tetep jeung mulus banglus nepi ka wanci sumping-Na Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. 24Anu geus nyaur dulur-dulur teh, nya eta Anu Maha Saestu, tangtu ngalaksanakeun jangji-Na. 25Doakeun simkuring sapara kanca. 26Salam sono ka sakabeh dulur-dulur. 27Demi Gusti, bacakeun ieu surat simkuring ka sakumna jamaah. 28Mugi-mugi Gusti Jungjunan urang, Isa Al Masih, maparinan rahmat ka aranjeun.

will be added

X\