1 Ti Paulus, Silpanus, jeung Timoteus. Kahatur dulur-dulur di jamaah Tesalonika, umat kagungan Rama, — nya eta Allah — jeung kagungan Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang. Mugia aranjeun sing marendak rahmat rahayu. 2 Upama nilik kaayaan dulur-dulur, simkuring sapara kanca teh teu weleh-weleh muji sukur ka kersa Allah jeung teu petot-petot mangnedakeun. 3 Sababna inget bae teh, lantaran iman dulur-dulur wuwuh nyata kalawan prakna; teu eureun-eureun ngajalankeun amal kanyaahan, bari teu pegat ngandel ka Isa Al Masih, Gusti Jungjunan urang, di payuneun Allah, Rama urang. 4 Eta teh tandaning dulur-dulur geus dipilih jeung diasih ku Mantenna. 5 Sabab simkuring sapara kanca ngawawaran jalan pisalameteun ka aranjeun teh, lain ku caritaan wungkul, estu dibarengan ku kayakinan anu kuat sarta dituyun ku Ruh Allah. Ku dulur-dulur oge geus kanyahoan, kumaha soson-sosonna simkuring sapara kanca harita upaya pikeun dulur-dulur. 6 Ayeuna dulur-dulur geus daek narurut kana pangajak simkuring sapara kanca, nya eta anut ka Gusti. Sanajan loba halangan-harungan oge, aranjeun daek narima; tur kalawan sukana ku sabab hibarna Ruh Allah. 7 Aranjeun teh, nepi ka dipiconto ku dulur-dulur saiman di Makedoni jeung Ahaya. 8 Pangandika Gusti teh, ti dulur-dulur, terus nerekab; — lain ngan semet Makedoni jeung Ahaya bae — kaimanan dulur-dulur ka Allah teh, geus kauar-aerkeun ka mana-mana; jadi, ku simkuring sapara kanca geus teu perlu diutik-utik deui. 9 Aranjeun teh, diparuji ku sarerea tina hal panarimaan ka simkuring sapara kanca, bareto; kitu deui hal aranjeun geus ninggalkeun brahala-brahala sarta malik ngabakti ka sayaktining Allah Anu jumeneng; 10 bari nganti-nganti sumping Putra-Na ti sawarga, nya eta Isa — anu geus digugahkeun ti antara nu paraeh — anu ngabebaskeun urang tina bebendu Allah.
