1 PETRUS 2

1Kalakuan-kalakuan anu goreng, tipu daya, palacidra, hiri dengki, jeung upat pitenah geura piceun. 2Kudu hirup lir anu kakara dijurukeun, digedekeun jeung dihirupan ku cisusu anu murni, nya eta cisusu anu rohani. 3Kudu kitu ari enya mah ngarasa kana kasaean Gusti. 4Kudu muntang ka Anjeunna. Anjeunna saibarat hiji batu hirup. Ku manusa dipiceun, ku Allah mah malah dianggo tur dibere pangaji. 5Aranjeun pribadi, kudu jaradi lir batu hirup nu digunakeun keur ngadegna bait suci rohani; ambeh aranjeun ngajadi hiji imamat anu suci, anu baku kana ngahaturkeun kurban rohani anu kamanah ku Allah lantaran Isa Al Masih. 6Sabab dina Kitab kaungel: “Hiji batu anu gede pangajina, ku Kami geus dipilih, dijadikeun batu juru adegan di Sion. Anu percaya ka dinya (ka Anjeunna), moal kawiwirangan.” 7Keur aranjeun anu percaya ka eta batu hirup teh, gede pangajina. Ari keur anu henteu percaya, ungelna Kitab teh kieu: “Batu anu dipiceun ku juru adegan, geus dijieun batu juru. Maranehna baris titajong, ngudupruk kana eta batu cadas.” 8Maranehna, anu henteu palercaya tea, memang titajong; da geus kitu nasibna. 9Sabalikna, aranjeun mah turunan anu kapilih, ngagem hak imam karajaan, jadi bangsa anu suci, umat Allah ku manten, anu geus ditangtukeun geusan nguarkeun padamelan-padamelan Mantenna anu aragung, nya eta anu nyaur dulur-dulur: Kaluar ti alam poek geusan asup kana cahaya Mantenna anu aheng. Tit. 2:14* 10Asalna, dulur-dulur teh lain umat Allah, ayeuna jadi kagungana-Na. Anu tadina sepi ku piwelas Allah, kiwari henteu kendat dipiwelas dipiasih. 11Paramitra! Hirup di dunya teh ukur ngumbara. Kudu nyegah kahayang jasmani anu salawasna patonggong-tonggong jeung pangajak jiwa. 12Sing ati-ati hirup di tengah bangsa deungeun. Kudu jadi conto tuladaneun; kudu tembong ka sakur nu ngagorengkeun yen dulur-dulur teh estuning jelema hade, supaya maranehna daek teu daek baris ngagungkeun ka Allah di mana urang geus dilayad ku Mantenna. 13Ka nu nyepeng pamarentahan, demi Allah, masing ngesto, boh ka prabu anu nyepeng kakawasaan pangluhurna, 14boh ka pamarentah-pamarentah daerah anu dikawasakeun ngahukum nu salah jeung ngaganjar ka nu bener. 15Aranjeun dipundut kitu ku Allah, supaya jelema-jelema anu paralung kabekem sungutna ku kalakuan aranjeun anu hade. 16Kudu boga jiwa merdeka, tapi kamerdekaanana ulah salah dipakena. Ulah dipake keur nyimbutan kama'siatan. Sabalikna, kamerdekaan teh kudu dipake pikeun kumureb ka Allah. 17Unggal jalma kudu diajenan; sing ha'at ka dudulur; sing gimir ka Allah jeung sing hormat ka Pamingpin Nagara. 18Anu eukeur kumawula masing ngesto jeung ajrih ka dunungan, boh dunungan bageur, boh rewel jeung bengis. 19Upama aranjeun, — lantaran aya karumasaan ka Pangeran — kuat ku lara anu asalna lain tina kasalahan sorangan, tangtu ku Mantenna dipaparin rahmat. 20Ari sabar ku pameupeuh lantaran balukar tina kasalahan sorangan mah, naon pujieunana? Sabalikna, upama nyorang lara teh ku lantaran milampah anu hade, — tur sabar nandanganana — tangtu aya pahlana ti Allah. 21Aranjeun nu matak disaur ku Mantenna teh, nya keur eta tujuanana. Al Masih ku anjeun nandang sangsara teh lantaran dosana manusa. Anjeunna geus maparin conto anu kudu ditulad ku aranjeun. 22Tara teh teuing Anjeunna mah midamel dosa atawa cidra. 23Ana aya anu nyapa, tara kersaeun malik nyapa. Diteungteuinganan oge, tara kersaeun ngancam, estu sumerah ka Allah anu nyepeng hukum adil. 24Dosa-dosa urang ku Anjeunna ditanggel nyalira dina salib-Na, malar urang dipaehkeun tina dosa sarta dihirupkeun dina kayaktian. Tatu-tatu salira-Na geus ngajadikeun dulur-dulur waras waluya. 25Bareto, dulur-dulur teh lir domba anu kasarung; ayeuna enggeus kapanggih, balik ka Gusti Panuyun, anu ngaraksa jeung ngariksa hirup aranjeun.

will be added

X\