1 YAHYA 4

1Paramitra! Kahade ulah gampang percaya ka anu ngaku-ngaku kalinggihan roh. Uji heula sing taliti; na enya roh anu ngancik dina dirina teh, Ruh Allah? Ayeuna mah, loba pisan nabi palsu anu kulayaban. 2Pikeun nganyahokeunana kieu: Lamun enya, Ruh dina dirina teh Ruh Allah, tangtu ngaenyakeun yen Al Masih geus sumping ngajadi manusa. 3Anu teu ngaku ka Isa, tetela roh anu ngancik di dirina teh, lain Ruh ti Allah. Nu kitu mah roh Dajal, nya eta satru Al Masih. Dulur-dulur geus dibejaan yen baris aya anu karitu. Nya ayeuna pisan daratangna maranehna teh. 4Anaking! Aranjeun mah umat Allah, geus bisa ngelehkeun anu karitu. Sabab Mantenna anu linggih dina hate aranjeun, langkung-langkung kawasana ti batan pangaruh-pangaruh dunya. 5Lantaran nabi-nabi palsu teh, ti bawahan dunya; jadi, anu diaromongkeunana, nya urusan dunya jeung digaruguna ge, nya ku urang dunya. 6Ari urang mah ti Allah. Anu nyaho ka Allah tangtu daek ngagugu ka urang. Anu teu nyaho ka Allah mah moal daekeun. Kitu bedana antara Ruh anu sayakti jeung roh anu mawa kana sasar teh. 7Paramitra, aranjeun, kudu silih pikanyaah. Sabab kanyaahan teh asalna ti Allah. Anu nyaahan, eta teh putra Allah, wawuh ka Allah. 8Anu tuna kanyaah, ciri can wawuh ka Allah, sabab Allah mah sipat asih. 9Kumaha asihna Allah ka urang, nyata tina kurnia-Na: Geus ngutus Putra-Na anu tunggal ka ieu dunya, supaya ku jalan Putra-Na urang ngamilik hirup. 10Dina sual kanyaah; lain urang anu nyaah ka Allah, tapi Allah anu asih ka urang; malahan nepi ka nyelehkeun Putra-Na, supaya ku jalan kitu dosa urang dihampura. 11Ku sabab Allah sakitu asihna ka urang, urang oge kudu silih pikanyaah. 12Urang memang can aya anu geus kungsi nenjo Allah. Tapi upama urang silih pikanyaah, tangtu Mantenna ngalinggihan hate urang; tur cacap asih-Na ka urang. 13Ciri yen urang teh hirup manunggal jeung Mantenna sarta Mantenna ngalinggihan hate urang, — kapan geus kabukti — nya eta urang dipaparinan Ruh Mantenna. 14lian ti eta, Allah Anu jumeneng Rama ge, geus ngutus Putra-Na pikeun nyalametkeun manusa saalam dunya; nya simkuring, rasul-rasul, saksi-Na anu nyaksian ku sorangan, tur wani nyaturkeunana. 15Sing saha anu ngaku yen Isa teh Putra Allah, hirupna manunggal jeung Allah sarta Allah ge manunggal dina hirup manehna. 16Ari urang mah, lian ti terang teh jeung percaya ongkoh, yen Allah teh asih ka urang. Memang Allah teh maha asih. Sing sakur anu nyaahan, hirupna teh manunggal jeung Allah sarta Allah ge manunggal jeung hirupna. 17Kanyaah urang baris ngajadi sampurna, upama laku lampah sajeroning hirup nulad ka Al Masih. Eta teh baris ngalantarankeun urang teger dina Poe Hukuman. 18Sabab kanyaah mah bebas tina rasa kasieun. Kanyaah anu sajati mah bisa nyirnakeun kasieun. Bijilna kasieun teh lantaran nyaho baris disiksa. Ari jalma anu ngandung kasieun teh, lantaran kanyaahna henteu sampurna. 19Urang boga kanyaah, lantaran Allah mikaasih ti heula ka urang. 20Anu ngaku nyaah ka Allah, tapi ngewa ka pada jalma; eta teh tetela bohongna. Upama ka pada jalma anu aya bungkeuleukanana bae geus teu nyaah, pamohalan bisa nyaah ka Allah anu sipatna gaib. 21Ieu Amanat ti Mantenna teh, nya eta: Sing saha anu nyaah ka Allah, kudu nyaah ka papada jalma.

will be added

X\