1 YAHYA 2

1Anaking! Bapa nulis ieu teh kalawan tekad ngelingan, malar aranjeun ulah milampah dosa. Dina ayana oge anu milampah dosa; di Anu jumeneng Rama mah aya Anu adil, Anu pingabelaeun urang, nya eta Isa Al Masih. 2Nya Al Masih ku anjeun anu ngahapunten dosa teh. Nu dihampura teh lain dosa urang bae, tapi oge dosa sakabeh jelema saalam dunya. 3Kumaha jalanna sangkan urang enya-enya wawuh ka Anjeunna? Ku jalan anut, tumut kana dawuhan-dawuhan Allah. 4Ngaku wawuh ka Anjeunna, tapi teu nurut kana timbalana-Na; eta teh, tetela bohongna; jelema anu kitu teh henteu kaancikan ku bebeneran. 5Sabalikna, pikeun anu nurut kana timbalana-Na, saestuna kaasihan Allah teh geus sumerep sumarambah sajeroning dirina. Upama geus kitu, tanwande baris karasa enya-enya yen bener urang teh hirup geus manunggal jeung di Allah. 6Jadi, sing saha anu ngaku yen hirupna geus manunggal jeung Allah, lampahna ge kudu sakumaha lampah Al Masih. 7Paramitra! Ieu anu ditulis di dieu teh, lain timbalan anyar; sabalikna, nya anu lawas keneh bae, anu geus kungsi kadarenge ku dulur-dulur ti barang mimiti diwawarkeunana. 8Tapi papadaning kitu, memang ieu teh anyar, nya eta hal anu sayaktina ngeunaan salira Al Masih sarta oge ngeunaan aranjeun. Sabab poek teh, nya geus musna; diganti ku caang padang. 9Ayeuna, sing saha anu ngakukeun dirina lumampah di alam caang, tapi ijid ka papada kaula; eta hartina manehna masih keneh hirup di alam poek. 10Anu hirup di alam caang mah ka papada kaula teh nyaah, tur pamohalan kana nyangka goreng. 11Anu ijid ka pada kaula mah hirupna teh aya di alam poek keneh, teu nyaho kudu jig ka mana. Sabab euweuh nu katenjo manehna, lantaran ku poek tea. 12Barudak! Ieu bapa nyuratan teh rek ngabejaan; ku karana pajenengan Al Masih, dosa maraneh teh geus dihampura. 13Bapa-bapa! Simkuring nyuratan teh lantaran aranjeun geus kenal ka Anjeunna, nya eta anu geus jumeneng ti kawitna. Paranonoman! Kuring nyuratan teh lantaran aranjeun geus sanggup ngelehkeun pangajak Setan. 14Barudak! Maraneh teh ayeuna mah geus wawuh ka Anu jumeneng Rama. Bapa-bapa, sakali deui: Aranjeun teh geus kenal ka Anjeunna, nya eta Anu geus jumeneng ti kawitna. Paranonoman! Tetela aranjeun teh digjaya; salian eta, pangandika Allah ge geus ngancik di aranjeun sarta aranjeun teh enggeus ngelehkeun si Jahat. 15Ulah rek kabungbulengan ku kadunyaan katut sagala unak-anikna. Anu batinna kaered ku kadunyaan mah, mustahil kaancikan ku asihing Nu jumeneng Rama. 16Sabab dunya mah ngan jadi enggon kahayang jasmani wungkul, enggon pangajak mata, enggon hirup angkuh, enggon kahayang-kahayang anu asalna ti dunya, lain ti Nu jumeneng Rama. 17Padahal dunya katut sagala rupa anu matak kabungbulengan teh, keuna ku musna. Sabalikna, jelema anu tumut kana pangersa Allah mah, baris hirup salalanggengna. 18Anaking! Ayeuna teh geus jaman ahir. Geus nepi kana wancina datang si Dajal anu bareto disebut-sebut tea. Ayeuna, eta dajal-dajal teh geus loba nu narembongan. Eta, ciciren yen ayeuna geus jaman ahir. 19Ari jelema-jelemana mah, asal ti urang-urang keneh. Ngan maranehna geus naringgalkeun. Ma'lum tadina ge, miluna henteu niat saenyana. Cacak mun niat enya ge, tangtu tetep ngahiji jeung urang. Ku kituna tetela, yen maranehna, ti mimiti keneh oge geus henteu kaasup ka urang. 20Tapi aranjeun, dulur-dulur, geus dipaparin kakuatan ku Al Masih, geus dibekelan ku pangarti. 21Jadi, disuratan soteh, ku simkuring, lain ku sabab aranjeun can ngarti kana eta kayaktian. Malah sabalikna, nya eta ku lantaran geus ngalarti kana hal eta; tur ngarti, yen ti nu sayakti mah pamohalan bijil bohong. 22Saha Tukang bohong eta teh? Lain sasaha deui, lian ti nu nyebutkeun yen Isa teh lain Al Masih. Eta teh si Dajal, anu embungeun ngaku, boh ka Nu jumeneng Rama boh ka Putra-Na. 23Sabab sing saha anu nampik ka Putra, tegesna nampik ka Anu jumeneng Rama. Sing saha anu narima ka Putra, tegesna narima ka Anu jumeneng Rama. 24Ku sabab eta, cekel sing pageuh amanat anu geus katarima ti barang diwawarkeun teh, masing nyantel dina hate. Lamun kitu, tinangtu aranjeun baris bisa reureujeungan, boh jeung Putra, boh jeung Anu jumeneng Rama. 25Da pahlana mah sakumaha anu enggeus dijangjikeun tea, ya eta hirup anu langgeng. 26Tah simkuring ngabejaan, yen aya jelema-jelema anu nyoba-nyoba rek nyasabkeun aranjeun. 27Sukur pisan aranjeun geus meunang kakuatan ti Anjeunna jeung diaping ku Ruh Allah. Jadi teu perlu ku pangajaran ti nu sejen deui. Sabab sagala perkara oge, ku Ruh Mantenna geus diwurukkeun ka aranjeun; tur kalawan sayaktina, taya bohongna. Cekel kabeh eta piwulang teh jeung sing tetep satuhu ka Anjeunna. 28Ayeuna, anaking, sing tetep satuhu ka Anjeunna, supaya ari Anjeunna sumping aranjeun henteu rumegag jeung teu kudu era-era ngadeuheus. 29Aranjeun mo bireuk deui yen Anjeunna teh adil bener. Ku sabab eta, masing inget, yen sing saha anu hirupna adil bener, baris diangken jadi putra Allah.

will be added

X\