1 KORINTA 4

1Simkuring sabatur-batur mah, anggap bae, kawula-kawula Al Masih anu keur dipercaya ngemban rasiah Allah. 2Ari nu dipercaya teh, tangtu kudu beunang dipercaya. 3Simkuring onaman diputus ku sasaha ge, boh ku aranjeun boh ku pihak sejen, meh teu aya hartina. Simkuring sorangan teu wenang nangtukeun, 4da teu terang naon-naon, tur can tangtu simkuring teh dibenerkeun. Anging Pangeran nu wenang mutuskeunana. 5Ku sabab eta, urang ulah rusuh-rusuh ngahukuman memeh Gusti Jungjunan urang sumping. Engke, Anjeunna anu bakal ngabuka hal-hal anu ayeuna masih keneh samar, ku sabab poek tea; sarta ngaboker sagala pangreka hate manusa. Nya harita, satiap jalma bakal nampa panghargaan anu satimpal ti Allah. 6Anu ditataan tadi ngeunaan simkuring jeung Apolos, pikeun conto ka aranjeun sangkan: ‘Ulah liwat ti nu geus kaserat dina Kitab.’ Sangkan ulah ngutamakeun nu saurang, ngapeskeun anu sejenna. 7Saha karah anu nganggap aranjeun sakitu pentingna teh? Jeung naon pangaboga aranjeun anu henteu katarima teh? Sabalikna, upama katarima, naha make adigung kawas ka beunang ihtiar sorangan bae? 8Sihoreng, aranjeun teh geus sugih mukti! Henteu jeung simkuring ge teu burung jadi raja, nya? Leuh, untung atuh mun enya mah jadi raja! Meureun simkuring sabatur-batur oge bisa milu jadi raja! 9Ma'lum simkuring mah, ceuk pamikir: Enya oge jadi rasul, ari tempat mah ti Allah teh pangbocetna; kawas anu geus dikeunaan hukum pati, tongtoneun dunya, sarta lalajoaneun pada jelema jeung malaikat. 10Kumawula ka Al Masih teh, rasul-rasul mah, anggur barodo; teu kawas aranjeun, aya di Al Masih teh jadi laluhung; rasul-rasul mah, jadi nu apes; aranjeun mah, jaya; rasul-rasul mah, laip; aranjeun mah, mulya harkat. 11Nepi ka kiwari pisan, rasul-rasul mah, nya lapar nya kalantar, rudin, pada ngutiplak, jeung hirupna ge utrak-atrok. 12Keur sahuap sakopeunana kudu banting tulang heula. Ana aya nu nyarekan, nu nyarekanana kudu didoakeun; mun diteungteuinganan teu meunang ngalawan. 13Ka anu ngagogoreng kudu angger sareh bae. Ma'lum nepi ka kiwari ge, rasul-rasul mah dijieun runtah anu ngabalaan jagat. 14Ieu dituliskeun ka aranjeun soteh, simkuring mah lain rek nyindiran; tapi rek mepelingan, tina geus asa ka anak sorangan. 15Sabab najan aranjeun boga guru sarebu anu nungtun ngadidik iman ka Al Masih, ari anu jadi bapa mah teu loba. Simkuring teh, — dina kamanunggalan jeung Al Masih — lir bapa aranjeun lantaran Injil anu diwawarkeun ka aranjeun. 16Ku sabab eta, cik ieu bapa aranjeun teh jadikeun tuladan. 17Nya patali jeung ieu, nu matak simkuring ngajurungkeun Timoteus; Timoteus teh, — jalma anu sumujud ka Gusti, kanyaah simkuring jeg ka anak — ku simkuring dititah ngingetan aranjeun ngeunaan jalan-jalaning iman ka Al Masih; nya sakumaha anu ku simkuring biasa diwurukkeun di mana-mana, di saban jamaah. 18Simkuring terang, yen di aranjeun, aya sawatara jalma anu jadi garumede; panyangkana, simkuring moal wani ka dinya-dinya deui. 19Puguh simkuring arek buru-buru ka dinya, manawi diparengkeun mah ku Allah. Engke, moal teu kanyahoan, eta kasombongan maranehna teh; naha aya kakuatanana? 20Sabab ngadegna Karajaan Allah mah, lain ku gede omong, tapi ku pangawasa-Na. 21Kumaha ayeuna kahayang aranjeun? Hayang dibawakeun pecut atawa dibawakeun hate anu pinuh ku kanyaah?

will be added

X\