1 KORINTA 14

1Ku sabab eta, Kanyaah teh kudu jadi udagan utama. Tapi anugrah-anugrah rohani ge, udag; pangpangna mah, sih kurnia pikeun nepikeun nubuwat. 2Sing saha anu ngomong ku basa ajaib, ngomongna teh ka Allah, lain ka jelema; da jelema mah, moal aya nu ngartieun. Anu diomongkeunana ge, hal-hal anu masih keneh rasiah, meunang kereteg ti Ruh. 3Beda jeung anu nepikeun nubuwatan, ieu mah ditujukeun ka jelema, guna ngawangun iman, negerkeun hate, jeung mere panglipur. 4Anu ngomong ku basa ajaib, mangpa'atna ngan karasa ku sorangan. Ari nu nepikeun nubuwatan mah, guna ngawangun hirupna Jamaah. 5Simkuring atoh, upama aranjeun bisa basa ajaib; tapi leuwih atoh deui, upama aranjeun bisa nepikeun nubuwatan. Ieu leuwih penting ti batan ngomong ku basa ajaib; kajaba, upama aya anu napsirkeunana, sangkan karasa gunana ku Jamaah. 6Cik, lamun simkuring ngomong ku basa ajaib, — tegesna lain nerangkeun wahyu ti Allah, lain medar anu perlu dipikanyaho, sarta lain ngawuruk — na aya paedahna ka aranjeun? 7Tangtu moal beda ti barang nu teu nyawaan, suling atawa kacapi upamana; najan ditabeuh oge, ari sorana ngan sarupa mah na bisa dibedakeun, yen eta teh suling atawa kacapi? 8Atawa: Upama tarompet panyeluk jurit teu puguh sorana, saha nu rek ngarti, yen eta ngajak indit jurit? 9Kitu keneh halna anu nyarita ku basa ajaib; lantaran basana teu puguh unina, saha nu rek ngarti? Teu beda ti ngomong ka angin! 10Basa-basa di dunya teh, kacida lobana; duka sabaraha lobana, tapi kabeh unina aya hartina. 11Tapi upama simkuring teu ngarti, ku nu boga eta basa, tangtu disebut urang asing; kitu keneh sabalikna. 12Ku kituna, — aranjeun anu sakitu nyongsrongna kana anugrah-anugrah ti Ruh — leuwih utama, upama eta anugrah-anugrah teh, ku aranjeun dipake keur pangwangunan Jamaah. 13Ku sabab eta, sing saha anu sok ngomong ku basa ajaib, kudu neneda ka Allah sing nepi ka bisa jeung nerangkeun hartina. 14Sabab lamun simkuring ngadoa ku basa roh, anu ngadoana teh ngan roh simkuring sorangan; pikiran simkuring mah, teu milu. 15Kudu kumaha atuh? Kuduna, simkuring ngadoa atawa mumuji ka Nu Maha Suci teh, jeung roh ongkoh, jeung pikiran ongkoh. 16Sabab lamun urang muji sukurna teh ku roh, saha nu rek milu nyebut ‘Amin;’ da puguh anu ngadarengekeunana teh, teu ngalartieun? 17Najan ucap-ucapna kacida aralusna ge, sama sakali euweuh gunana keur nu sejen mah. 18Hatur sembah nuhun ka Pangeran, simkuring leuwih bisa kana basa ajaib ti batan aranjeun. 19Da ari pikeun Jamaah mah, mending ukur lima kecap, tapi matak kaharti; ti batan rebuan kecap dina basa anu teu pikahartieun. 20Dulur-dulur, pikiran teh, ulah kawas budak; kudu kawas budak soteh, kana sual kajahatan; ari pikiran mah, kudu sawawa. 21Dina Kitab Suci Toret kaungel: ‘Kami rek ngandika ka ieu bangsa, lain ku jalma-jalma anu asing basana wungkul, tapi make biwir urang asing oge. Sanajan kitu, ieu bangsa teh moal nurut!’ 22Kitu pangandika Pangeran. Tina hal ieu tetela, yen basa ajaib teh tanda lain pikeun anu palercaya, tapi pikeun anu teu palercaya. Sabalikna, anugrah nepikeun nubuwatan mah tanda pikeun anu palercaya, lain pikeun anu teu percaya. 23Pek wangwang, upama Jamaah keur kumpulan, masing-masing ngaromong ku basa anu teu puguh unina tea; heug, datang jalma-jalma awam atawa nu can palercaya, atuh aranjeun teh disebut ngacambling? 24Sabalikna, lamun aranjeun, masing-masing, nepikeun nubuwatan mah, jalma awam atawa nu can percaya teh bisa katarik sarta picatur aranjeun baris dilenyepan. 25Bisa jadi, ahirna manehna ngabudalkeun eusi hate sarta sembah sujud ka Allah bari bijil ucapna: ‘Leres aranjeun teh disarengan ku Allah!’ 26Kudu kumaha atuh alusna kumpulan teh, dulur-dulur? Kudu kieu: Ari kumpulan, teu nanaon mun aya nu sadia zabur, piwuruk, wahyu, basa ajaib, atawa tapsirna. Tapi kabeh kudu ditujukeun pikeun pangwangunan Jamaah. 27Anu ngomong ku basa ajaib kudu diwates, ulah leuwih ti duaan atawa tiluan piligenti; jeung kudu aya juru tapsirna. 28Lamun teu aya juru tapsirna, leuwih hade sina repeh, sina ngomong jeung dirina atawa jeung Gusti Allah. 29Anu nepikeun nubuwatan, cukup ku dua atawa tilu urang bae; anu sejen mah, hade ngararegepkeun. 30Sajeroning kitu, upama ti nu hadir ngadadak aya anu cengkat lantaran katurunan wahyu, anu keur nyarita kudu eureun. 31Sabab masing-masing kudu aya giliranana, piligenti medar ilhamna, supaya bisa silih asah silih asuh. 32Anu nepikeun nubuwatan kudu daek ngawatesan maneh. 33Sabab Allah teh, lain Pangeran pikeun kateuberesan, tapi pikeun katartiban. 34Kaom wanita dina kumpulan kudu repeh, teu wenang milu nyarita. Kitu katangtuanana dina kumpulan mah, di Jamaah mana bae oge, kaom wanita mah kudu tarungkul bae, kitu ceuk Kitab Suci Toret oge. 35Mun aya tanyakeuneun mah, — engke bae di imah — tanyakeun ka salaki. Teu pantes kaom wanita mah nyarita dina kumpulan teh. 36Papadaning kitu, aranjeun ulah boga sangka, yen pangandika Allah teh ti aranjeun mencarna atawa ngan ka aranjeun bae datangna! 37Nu nyangka dirina kailhaman pangandika Allah atawa ngarasa meunang anugrah rohani kudu sadar, yen ieu anu dituliskeun ku simkuring di dieu teh, estu parentah ti Gusti. 38Anu teu daek malire kana ieu hal, ku aranjeun oge ulah dipalire! 39Jadi, dulur-dulur! Anu kudu enya-enya dijieun kahayang teh, nya eta hayang bisa nepikeun nubuwatan. Tapi anu ngomong ku basa ajaib oge, ulah digeureuh-geureuh. 40Ngan kudu diingetkeun, yen sagala rupa oge kudu pantes sarta kudu tartib.

will be added

X\