1 KORINTA 11

1Pek tulad simkuring teh, saperti simkuring nulad ka Al Masih. 2Nuhun pisan, aranjeun aringet ka simkuring tur tigin kana aturan-aturan ti simkuring. 3Ngan pamenta simkuring mah, aranjeun mangka terang: Al Masih teh jadi sirah pikeun lalaki, ari lalaki jadi sirah pikeun awewe, sarta Allah jadi mastaka Al Masih. 4Ari ngadoa atawa medar dawuhan Allah, lalaki mah ulah make tiung; sabab eta teh, ngahina ka nu jadi sirah. 5Sabalikna, awewe, ari ngadoa atawa medar dawuhan Allah kudu make tiung. Lamun henteu, eta awewe teh, sarua jeung ngahina ka nu jadi sirah sabab sarua jeung awewe gundul. 6Ti batan awewe teu ditiung mah, mending gunting bae buukna. Jadi, awewe mah, kudu ditiung; da buuk tukung atawa gundul teh, di awewe mah, hina. 7Lalaki teh gambaran Allah, nyumiratkeun kamulyaan Allah; jadi, lalaki mah, ulah ditiung. Ari awewe gambaran anu nyumiratkeun kamulyaan lalaki. 8Sabab lain lalaki, anu asal ti awewe; tapi awewe, anu asal ti lalaki. 9Lalaki ge, diciptakeun teh lain pikeun awewe; sabalikna, awewe diciptakeun pikeun lalaki. 10Ku sabab eta, — ku karana malaikat-malaikat — awewe teh, sirahna kudu ditiung pikeun ciri kawanitaanana. 11Tapi papadaning kitu, — dina kamanunggalan jeung Gusti mah — awewe gumantung ka lalaki sarta lalaki gumantung ka awewe; 12da puguh, awewe teh asal ti lalaki; lalaki ge kitu, dijurukeun ku awewe; tapi sagala rupa oge, ari asalna mah ti Allah. 13Rarasakeun bae ku aranjeun, naha pantes awewe ngadoa ka Allah teu make tiung? 14Kudrat alam oge nembongkeun, yen buuk panjang teh, di lalaki mah hina. 15Sabalikna, pikeun awewe mah, buuk panjang teh tanda kamulyaan. Eta sababna, awewe mah, ku alam dibere anugrah buuk panjang; nya pikeun tiung sirahna tea. 16Kanu rek ngabantah kana ieu adat, simkuring netelakeun: Bangsa urang mah, kitu deui jamaah Allah, teu boga adat sejen salian ti eta. 17Dina sual sejenna, nya eta caraning aranjeun sidekah jamaah, kacida cawadeunana. Lantaran dina prakna, rea keneh gorengna batan hadena. 18Simkuring meunang beja: Majar aranjeun, ari sidekah jamaah teh, sok aing-aingan sagolongan-sagolongan. Simkuring rada percaya kana eta beja teh; 19da aranjeun mah, memang sok pasalingsingan paham tur simkuring ge nyaho, mana-manana anu bener. 20Anu kuduna rempug ngariung hajat ti Gusti Jungjunan urang teh, dina prakna mah, lain-lainna deui. 21Aranjeun pada paheula-heula murak sisihan bawana sorangan. Tungtungna, anu lapar angger lapar; nu seubeuh, nepi ka weureu kaseubeuhan. 22Na aranjeun teu bisa dahar di imah heula? Atawa arek ngahina ka jamaah Allah? Atawa ngahaja arek ngabibita batur anu taya kaboga? Cik, lebah mana pujieunana? Sama sakali lain pujieun! 23Da hajat anu asalna ti Gusti Jungjunan urang mah, kapan diajarkeunana ge ku simkuring teh, kieu: Dina peutingan Anjeunna ditangkep, Isa, Gusti Jungjunan urang, nyandak roti. 24Tuluy muji sukur sarta rotina disemplekan. Ti dinya Anjeunna sasauran: ‘Ieu tampanan, dalahar. Ieu teh badan Kami anu dikurbankeun pikeun kasalametan maraneh. Lampahkeun ieu hal, pikeun panginget-nginget ka Kami.’ 25Rengse eta, Anjeunna nyandak lumur, bari saur-Na: ‘Ieu lumur tanda perjangjian anyar anu disahkeun ku getih Kami. Lampahkeun saterusna. Satiap-tiap maraneh nginum kieu, kudu inget ka Kami.’ 26Jadi, satiap-tiap aranjeun ngadahar roti, saperti kitu; jeung nginum tina eta lumur, saperti kitu; aranjeun teh, nganyatakeun pupusna Gusti Jungjunan urang, nepi ka mangsa sumping-Na deui. 27Ku lantaran eta, saha-saha anu ngadahar roti, saperti kitu; jeung nginum tina eta lumur, saperti kitu; tapi anu ngalampahkeunana tanpa tata kasopanan, eta teh doraka, ngotoran salira jeung getih Gusti Jungjunan urang. 28Ku sabab eta, samemeh prak ngariung dahar jeung nginum tina lumur-Na, kudu nguji heula diri. 29Sabab milu kana riungan tanpa pangakuan yen anu disuguhkeun teh salira Gusti Jungjunan urang, sasat geus ngaragragkeun hukuman ka dirina sorangan. 30Eta sababna, di aranjeun, loba anu kurang sehat, garering, jeung loba anu maraot oge. 31Da upama masing-masing nguji heula diri mah, piraku nepi ka meunang hukuman. 32Tapi Pangeran mah, papadaning ngahukum oge, ngadidik; sangkan engke, urang ulah kabaud kana hukuman anu baris tumiba ka ieu dunya. 33Ku sabab eta, dulur-dulur! Memeh prak ngariung hajat anu ti Gusti teh, kudu silih tungguan. 34Bisi sieun lapar mah, dahar bae heula ti imah; sangkan aranjeun milu kana riungan teh, ulah matak kahukum temahna. Sual-sual sejen mah, urang omongkeun engke bae, ari simkuring datang.

will be added

X\