1 KORINTA 10

1Dulur-dulur! Pek ngeunteung kana lalakon karuhun. Karuhun diauban mega, meuntas nyorang dasar Laut Beureum. 2Ku Musa sasat dibaptis ku mega jeung cilaut, terus diasuh. 3Dalaharna kadaharan nu ajaib. 4Ngarinumna cai ajaib, anu bijil tina batu karang ajaib anu nuturkeun perjalanan maranehna. Batu Karang nu ajaib eta teh, Al Masih. 5Tapi sakitu diraksa diriksa teh, karuhun mah anggur nyieun pijaheuteun manah Allah, nepi ka loba anu nemahan pati di alas kikisik. 6Ieu kudu jadi conto pikeun urang, malar ulah doraka kawas karuhun. 7Urang mah, ulah nyembah ka brahala kawas karuhun; ngeunaan karuhun teh, ceuk Kitab Suci mah: ‘Gek, eta bangsa dariuk, ngariung balakecrakan; seug carengkat, marotah igel-igelan.’ 8Urang mah, ulah jinah kawas maranehna; temahna, nepi ka dua puluh tilu rebu urang tariwas dina sapoe. 9Urang mah, ulah ngadoja ka Pangeran kawas maranehna; balukarna, nepi ka maranehna paraeh dipacok oray. 10Urang ulah kukulutus ka Pangeran, kawas sabagian maranehna; temahna, nepi ka maranehna dibasmi ku Malakalmaot. 11Eta kabeh keur pieunteungeun, dituliskeunana pikeun mepelingan urang anu ayeuna geus nincak jaman ahir. 12Ku sabab eta, ati-ati, ulah rasa maneh kuat bisi tigubrag. 13Cocoba ka aranjeun sakitu mah, jamak; da teu leuwih ti batur. Tur ku sabab Allah teh adil palamarta, moal ngantep aranjeun meunang cocoba liwat ti misti. Jeung ana urang meunang cocoba, salawasna Mantenna maparin pikeun jalan kaluarna, supaya urang kuat nandanganana. 14Omat dulur-dulur, ulah rek nyarembah ka brahala! 15Pek, lalenyepan ieu omongan simkuring, da aranjeun teh jalma anu ngalarti. 16Kapan lumur berkah anu ku urang ditarima ku muji sukur teh, na lain geus ngalantarankeun urang tunggal sagetih jeung getih Al Masih? Na urang teh lain geus jadi sadaging jeung salira Al Masih, waktu urang ngabagi-bagi roti? 17Ku sabab roti anu dibagi-bagi teh, ngan hiji; urang oge anu sakieu lobana teh, kabeh geus jadi tunggal sabadan. 18Pek, tengetan peta ibadahna urang Yahudi. Anu ngadahar kurban anu disanggakeun ka Allah teh, naha lain nunggalkeun diri ka Mantenna? 19Tapi naon maksudna, ieu omongan simkuring teh? Naha simkuring teh rek nerangkeun, yen dewa-dewa katut sasajenna aya hartina? 20Lain! Maksud simkuring mah rek nuduhkeun, yen kurban urang kapir mah maksudna pikeun roh-roh jahat, lain kanggo Allah. Jadi, poma, aranjeun mah ulah nunggalkeun diri ka roh-roh jahat. 21Da aranjeun teh moal bisa nginum tina lumur Gusti Jungjunan urang ongkoh, tina lumur roh-roh jahat ongkoh. Moal bisa aranjeun ngariung pangjamu ti Gusti Jungjunan urang ongkoh, ti roh-roh jahat ongkoh. 22Kajaba ari aranjeun rek mapanas ka Gusti mah! Naha kitu urang teh leuwih kuat ti batan Anjeunna? 23Ceuk aranjeun: ‘Kabeh ge wenang.’ Bener! Tapi henteu kabeh aya gunana. Najan kabeh wenang, tapi henteu kabeh aya tulungna. 24Ku sabab eta, poma, ulah hayang untung keur sorangan bae; tapi aranjeun teh, kudu inget oge ka batur. 25Sagala rupa daging anu dijual di pasar halal didahar, teu kudu risi sieun teu akur jeung anu jadi kayakinan. 26Sabab: ‘Bumi katut saeusina teh, kagungan Allah.’ 27Mun aranjeun datang nyumponan ondangan ti jelema anu muja ka brahala, naon bae susuguhna, dahar: Ulah kahalangan ku panyaram sanubari. 28Tapi lamun ceuk pribumi: ‘Nu ieu mah kanggo ka pamujaan,’ kahade ulah wani-wani ngadahar. Urang kudu ngahargaan jeung demi kayakinan. 29Lain kayakinan aranjeun, tapi kayakinan batur. Bisa jadi pamikir aranjeun teh: ‘Naha kayakinan sorangan make kudu kahalangan ku kayakinan batur? 30Naon salahna lamun didahar, da geus ditarimakeun ku muji sukur ka Allah?’ 31Kieu pijawabeun simkuring: Dina sagala hal, dahar, nginum, atawa naon bae, ulah tinggal ti tujuan pikeun kamulyaan Allah. 32Omat, ulah nyieun picurigaeun jeung pinyerieun hate batur, boh ka urang Yahudi, boh ka urang Yunani; kitu deui, ka anggota jamaah Allah. 33Da simkuring mah, dina sagala hal oge, hayang nyenangkeun hate batur jeung teu hayang ngeunah sorangan. Ka sarerea ge hayang mentingkeun. Malakmandar, ku jalan kitu teh, maranehna bisa kasalametkeun.

will be added

X\